Gedong Saté

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Gedong Gubernur Jawa Barat

Gedong Saté ayeuna Kantor Kepala Daerah Tingkat I Jawa Kulon (ayeuna Jalan Diponégoro) Bandung, palebah wétan Gedong Saté ayeuna ditempatan ku Kantor Pusat Pos sarta Giro (baheula PTT) sedengkeun wangunan tambahan palebah kulon mangrupa Gedong DPRD Provinsi Jawa Kulon.[1] Dina hakékatna ieu gedong mangrupa bagian leutik (± 5%) tina komplék puseur perkantoran instansi pamaréntahan sipil Hindia Walanda nu nempatan lahan Bandung Kalér salega 27.000 m², anu disadiakeun ku Gemeente Van Bandung liwat Raadbesluit sarta disahkeun 18 Desember 1929.[1] Gedong Saté mangrupa karya monuméntal arsiték Ir.Gerber.[2] Gaya arsitékturna mangrupa gabungan pola arsitéktur tradisional Indonésia sarta téknik konstruksi Kulon, ku kituna disebut Indo-Eropeesche Architectuur Stiil.[2] Masih aya opat wangunan sejénna di Bandung anu gaya arsitékturna sarua, nyaéta De Javasche Bank (Bank Indonésia Bandung), Toko Van Dorp (Landmark), Bioskop Majestic (Gedong Asia Afrika Cultural Centre--AACC), Tehnisce Hoogeschool (Institut Téknologi Bandung--ITB).[2]

COLLECTIE TROPENMUSEUM Ministerie van Openbare Werken TMnr 10015227.jpg

Sajarah[édit | sunting sumber]

Gedong Saté diwangun taun 1920-1924 di Wilhelmina Boulevard , nu ngalepas batu mimiti nyaéta ku Nona Johana Catherine Coops, budak awéwé cikal Walikota Bandung B.Coops jeung Nona Petronella Roelofden nu ngawakilan Gubernur Jénderal Hindia Walanda di Batavia .[2] Gaya arsitéktur Gedong Saté mangrupa gabungan gaya arsitéktur Italia jeung Moor di jaman Rénaisans kalayan gaya arsitektur Hindu sarta Islam.[2] Di bagian handap gedong, aya hiasan nu cirina tradisonal saperti dina candi Hindu, sedengkeun di bagian tengah aya menara umum nu gayana arsitéktur Islam, hateupna tumpak saperti meru di Bali.[2] Faktor iklim tropis diperhatikeun pisan ku cara méré teritis (overstek) nu lega sarta ayana tepas dina lanté handap pikeun sirkulasi hawa sarta sinar panonpoé bisa asup ka jero wangunan sacara hadé.[2] Hateup meru (atap tumpuk) diwangunan utama mangrupa unsur kuat (vocal point) wangunan ieu.[2] Rancangan hateup magrupa usaha ngasupkeun unsur lokal dina wangunan.[2] Hareup wangunan leuwih didominasi ku rincian (detail) arsitéktur Kulon saperti pelengukng dina jandéla, tihang leutik nu maké order klasik.[2] Dr. H. P. Berlage (1923) saurang arsiték nu kasohor ti Walanda, ngajén Gedong Saté mangrupa een groots werk (hiji karya nu gedé).[2] Dina puncak hateup tumpak aya hiasan nu wangunna kalayan genep buleudan nu sarua jeung wangun tusukan saté salaku lambang waragad pembangunan Gedong Sate nu gedena 6.000.000 Gulden.[2] Jaman baheula gedong ieu disebut gedong Gouvernements Bedrijven (GB).[2] Gedong ieu meunangkeun ngaran Gedong Saté tina wangun hiasan di puncak heteup tumpak kasebut.[2] Ayeuna Gedong Saté jadi Kantor Gubernur Jawa Kulon sarta jadi ikon Dayeuh Bandung hususna sarta Jawa Kulon dina umumna.[2]

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. a b (id)Rosidi,Ajip.dkk.Ensiklopedi Sunda:Alam,Manusia,dan Budaya.Pustaka Jaya.Jakarta.2000. Kaca 239
  2. a b c d e f g h i j k l m n o Katam,Sumarsono. Bandung Kilas Peristiwa di Mata Filatelis Sebuah Wisata Sejarah.Kiblat.Bandung.2006. Kaca 26
Nulis.jpg