Mérkurius

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Merkurius
250px
Karakteristik edaran (Epoch J2000)
Sumbu Semi-mayor 57.909.068 km

(0,38709821 AU)

'Ubeng edaran ??? Tm

(??? AU)

Eksentrisitas edaran 0,205 30294
Perihelion 46.001.210 km

(0,30749909 AU)

Aphelion 69.816.927 km

(0.46669733)

Période Sinodik 115.88
kecepatan edaran rata-rata 47,87 km/s
Inklinasi 7.005015818°

(3,38° ka katulistiwa panonpoé)

Lintang ti noktah naék 348,739 36°
Argumen periapsis 114,207 83°
Satelit alami Euweuh
Ciri-ciri fisik
Rata-rata Ramo-ramo 2439,7 ± 1 km (0,3829 Bumi)
Kepepatan <0.0006
Lega permukaan 7.48×107 km2 (0.108 Bumi)
Volume 6,083×1010 km3 (0,054 Bumi)
Massa 5,9736×1024 kg
Kepadatan 5,427 g/cm³
Gravitasi permukaan katulistiwa 3,7 m/s²

(0,38 gee)

Kecepatan Ucul 4,25 km/s
Poé sideris 58 poé 15,5 jam
Kecepatan Puter 10,892 km/h = 465,11 m/s

(di katulistiwa)

Kemiringan Sumbu 0,01°
Kanaékan katuhu

dari kutub kalér

281,01° (18 j 44 nga 2 s)
Deklinasi 61,45°
Albedo 0.119
suhu Permukaan

- min - rata-rata - maks

??? K ??? ??? K

Kandungan hawa

Mérkurius nyaéta planét pangleutikna di tata surya sarta ogé anu pangdeukeutna ka Panonpoé kalawan waktu révolusi 88 poé. Planét ieu henteu gampang katempo alatan sudut tempona jeung panonpoé leutik. Mérkurius ngan bisa katémbong dina waktu subuh atawa magrib. Henteu réa anu dipikanyaho ngeunaan Mérkurius alatan ngan hiji pasawat antariksa anu kungsi ngadeukeutanana nyaéta Mariner 10 dina taun 1974 nepi ka taun 1975. Mariner 10 ngan hasil ngagambarkeun kira-kira 40 nepi ka 45 persén tina beungeut planét.

Jiga Bulan, Mérkurius miboga réa kawah sarta ogé henteu miboga satelit alami jeung atmosfir. Mérkurius miboga inti beusi anu nyiptakeun hiji médan magnet kalawan kakuatan 0.1% tina kakuatan médan magnét bumi. Suhu beungeut Mérkurius antara 90 nepi ka 700 Kelvin (-180 nepi ka 430 darajat C),

Pangimeutan Mérkurius nu munggaran kacatet nyaéta dina jaman bangsa Suméria dina milénium ka tilu saméméh maséhi. Bangsa Romawi méré ngaran planét ieu ku ngaran salah sahiji ti déwa maranéhanana, Merkurius (nu dipikawanoh ogé minangka Hermes dina mitologi Yunani jeung Nabu dina mitologi Babilonia). Lambang astronomis pikeun mérkurius nyaéta abstraksi ti sirah Mérkurius sang déwa kalawan topi jangjangan luhureun caduceus. Urang Yunani dina jaman Hesiod méré ngaran Stilbon jeung Hermaon alatan saméméh abad ka lima saméméh maséhi maranéhanana nganggap yén Mérkurius téh dua barang antariksa anu béda, anu hiji ngan kasampak dina waktu panonpoé medal sarta anu hijina deui ngan kasampak dina waktu panonpoé surup. Di India, Mérkurius dingaranan Budha (बुध), anak ti Candra sang bulan. Dina budaya Tiongkok, Koréa, Jepang jeung Viét Nam, Mérkurius dingaranan "béntang cai". Urang Ibrani méré ngaran Kokhav Hamah (כוכב חמה), "béntang ti anu panas" ("anu panas" maksudna panonpoé). Diaméter Mérkurius 40% leuwih leutik batan Bumi (4879,4 km), sarta 40% leuwih badag batan Bulan. Ukuranana ogé leuwih leutik (sanajan leuwih padet) batan bulan Yupiter, Ganymede sarta bulan Saturnus, Titan.

Citakan:Tata surya tah:Payīnalcītlalli