Astéroid

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Keur game arcad, tempo Asteroids (game komputer).

Astéroid, planét leutik, jeung planétoid mangrupakeun sinonim, sarta digunakeun keur nandaan golongan sagala rupa banda angkasa leutik nu kumalayang dina sistim tatasurya sarta ngorbit ka panonpoé. Astéroid (basa Yunani keur "siga-béntang") mangrupakeun kecap nu sering dipaké dina literatur basa Inggris keur planét leutik, mangrupakeun istilah nu dipilih ku International Astronomical Union; nu séjénna leuwih milih planétoid (basa Yunani: "siga-planét"). Dina Agustus 2006 ahir, IAU ngawanohkeun istilah banda-banda leutik dina sistim tatasurya ("small solar system bodies", SSSBs), nu ngawengku kalolobaan objék nu satuluyna diklasifikasikeun minangka planét leutik, saperti komét; aranjeunna ogé ngawanohkeun "planet katé" ("dwarf planet") keur planét leutik panggedéna. Artikel Wikipedia ieu tetep nyebut planét leutik nu ngorbit dina sistim tatasurya beulah jero (kasarannana nepi ka orbit Yupiter). Keur tipe objék séjén, saperti komét, objék Trans-Neptunian, jeung Centaur, tempo Small solar system body.

Astéroid nu munggaran kanyahoan, Ceres mangrupakeun asteroid panggedena nu kiwari diklasifikasikeun minangka planét dwarf, sedengkeun kabéh sésana kiwari diklasifikasikeun minangka SSSBs. Kalolobaan astéroid kaasup kana beubeur astéroid utama, kalayan orbit éliptisna aya di antara Mars jeung Jupiter. Astéroid dianggap minangka sésa protoplanetary disc, sarta dina wewengkon ieu kumpulan sésa protoplanetary nu jadi planét dilingkung ku kacona gravitasi nu gedé alatan pangaruh Jupiter salila période diwangunna sistim tatasurya. Sababaraha astéroid miboga bulan atawa kapanggih minangka pasangan nu disebut sistim binér.

Astéroid dina sistim tatasurya[édit | sunting sumber]

Ti kénca ka katuhu: 4 Vesta, 1 Ceres, Bulanna Bumi.

Ratusan tina rébuan astéroid geus katimu dina sajeroeun sistim tatasurya sarta rata-rata panimuan kiwari nyaéta 5000 per bulan. Dina 27 Agustus, 2006, tina total 339.376 planét leutik nu kadaptar, 136.563 di antarana miboga orbit nu cukup dipikawanoh sahingga bisa dibéré nomer resmi nu permanén. Ti antara éta, 13.350[1] miboga ngaran resmi (trivia: kira-kira 650 di antara ngaran ieu merlukeun tanda pangwanoh). Nomer nu panghandapna tapi mangrupa planét leutik nu teu dingaranan nyaéta (3360) 1981 VA; planét leutik nu dingaranan kalayan nomer pangluhurna (salian ti planét dwarf 136199 Eris jeung 134340 Pluto) nyaéta 129342 Ependes [2].

Kiwari diperkirakeun yén astéroid nu diaméterna leuwih ti 1 km dina sistim tatasurya jumlah totalna aya antara 1.1 nepi ka 1.9 yuta[3]. Astéroid panggedena dina sistim tatasurya beulah jero nyaéta 1 Ceres, kalayan diaméter 900–1000 km. Dua astéroid beubeur sistim tatasurya beulah jero nyaéta 2 Pallas jeung 4 Vesta; duanana miboga diaméter ~500 km. Vesta mangrupakeun astéroid beubeur pangutamana nu kadang-kadnag katempo ku mata taranjang (dina sababaraha kajadian nu kacida jarangna, astéroid nu deukeuteun bumi bisa katempo tanpa bantuan téhnis; tempo 99942 Apophis).

Massa sakabéh astéroid Beubeur Utama diperkirakeun kurang leuwih 3.0-3.6×1021 kg[4][5], atawa kurang leuwih 4% tina massa bulan. Tina ieu, 1 Ceres ngawengku 0.95×1021 kg, 32% tina totalna. Satuluyna nyaéta astéroid pangpadetna, 4 Vesta (9%), 2 Pallas (7%), jeung 10 Hygiea (3%), mawa gambaran ieu jadi 51%; tilu deui sanggeusna éta, 511 Davida (1.2%), 704 Interamnia (1.0%), jeung 3 Juno (0.9%), ukur nambah 3% kana massa totalna. Jumlah astéroid satuluyna nambah sacara éksponénsial sanajan massa masing-masingna turun ogé.

Tempo ogé Daptar astéroid nu kasohor dina Sistim Tatasurya urang, atawa Daptar astéroid dumasar runtuyannana.

Klasifikasi astéroid[édit | sunting sumber]

Astéroid ilaharna digolongkeun jadi grup dumasar kana sipat orbitna sarta detil spéktrum sinar panonpoé anu dipantulkeunnana.

Kelompok orbit jeung kulawarga[édit | sunting sumber]

Red right arrow.svg
 Artikel utama: kulawarga astéroid jeung planét leutik.

Loba astéroid geus digolongkeun kana kelompok jeung kulawarga dumasar kana karakteristik orbitna. Geus ilahar pikeun ngaranan hiji kelompok astéroid dumasar kana anggota grup nu munggaran kapanggih. Kelompok rélatif miboga kakaitan nu leuwih longgar, sedengkeun kulawarga leuwih "raket" sarta mangrupakeun hasil tina rundayan astéroid indungna nu ancur jaman baheula.

Keur daptar lengkep ngeunaan kelompok jeung kulawarga astéroid nu kanyahoan, tempo planét leutik jeung kulawarga astéroid.

Klasifikasi spéktral[édit | sunting sumber]

Gambar 433 Eros ieu nunjukkeun panempoan ti salasahiji tungtung astéroid across the gouge on its underside and toward the opposite end. Gambar nu leutikna 35 m ngalintang bisa katempo.

Dina taun 1975, sistim taksonomi astéroid dumasar kana warna, albedo, jeung wangun spéktral diwangun ku Clark R. Chapman, David Morrison, jeung Ben Zellner[6]. Sipat ieu ngarujuk kana komposisi bahan pabeungeutan astéroid. Asalna, aranjeunna ukur ngagolongkeun astéroid jadi tilu rupa:

Daptar ieu geus ngagedéan jadi ngawengku tipe-tipe astéroid séjénna. Jumlah tipena terus tumuwuh alatan leuwih lobana deui astéroid nu kaulik. Tempo Tipe spéktral astéroid keur leuwih detil atawa Kategori:Kelas spéktral astéroid pikeun daptarna.

Perlu dicatet yén perbandingan astéroid nu kanyahoan nu kabagi jadi mangrupa-rupa tipe spéktral henteu ngaréfléksikeun perbandingan sakabéh astéroid tipe nu kitu; sababaraha tipe leuwih gampang kanyahoan tibatan tipe lianna, nu akibatna ngabiaskeun total astéoid nu aya.

Masalah nu patali jeung klasifikasi spéktral[édit | sunting sumber]

Satadina, rancangan spéktral dumasar kana kasimpulan-kasimpulan komposisi astéroid:[7]

Tapi, hubungan antara kelas spéktral jeung komposisi téh henteu salawasna alus, katambah deui réa pisan ragem klasifikasi nu dipaké. Hal ieu geus nyababkeun kabingungan nu cukup serius. Kusabab astéroid dina klasifikasi spéktral nu béda téh sigana dijieun tina bahan nu béda ogé, jadina téh taya jaminan yén astéroid nu kelas taksonomina sarua dijieun tina bahan nu sarua ogé.

Kiwari mah, klasifikasi spéktral nu dumasar kana sababaraha survéy spéktroskopis résolusi garis badag dina taun 1990-an masih kénéh dijadikeun standar. Élmuwan henteu bisa nyaluyuan sistim taksonomi nu leuwih alus, alatan susahna manggihan pangukuran detil nu panceg keur sampel astéroid nu loba (contona spéktra résolusi nu leuwih alus, atawa data non-spéktral saperti kapadetan bakal kacida kapakéna).

Pamanggihan astéroid[édit | sunting sumber]

243 Ida jeung bulanna, Dactyl, satelit astéroid munggaran nu kapanggih.

Métode pamanggihan historis[édit | sunting sumber]

Métoda manggihan astéroid geus dimekarkeun sacara drastis salila dua abad katukang.

Dina taun-taun terahir abad ka-18, Baron Franz Xaver von Zach ngorganisir 24 urang astronom pikeun maluruh "planét nu leungit" di langit nu diperkirakeun 2.8 AU ti Panonpoé dumasar kana aturan Titius-Bode, sabageannana minangka balukar tina pamanggihan planét Uranus, ku Sir William Herschel taun 1781, dina jarak nu "diperkirakeun" ku hukum kasebut. Tugas ieu merlukeun disayagakeunnana peta langit nu digambar ku leungeun keur sakabéh béntang dina pita zodiac nepikeun ka wates kapusing nu disatujuan. Dina peuting nu patuturut, langit digambar deui sarta objék-objék nu pindah bakal ditandaan ku titik. Gerakan planét leungit nu diharepkeun harita mah 30 detik arc per jam, kakara bisa katempo ku panalungtik.

Ironisna, astéroid munggaran, 1 Ceres, henteu katimu ku anggota grup, tapi sacara henteu ngahaja dina taun 1801 ku Giuseppe Piazzi diréktur observatorium Palermo, di Sicilia. Anjeunna manggihan hiji objék siga béntang dina Taurus sarta anjeunna nuturkeun parobahan tempat objék ieu salila sababaraha peuting. Babaturannana, Carl Friedrich Gauss, migunakeun observasi ieu keur nangtukeun jarak pasti ti objék nu teu kanyahoan ieu nepi ka Bumi. Itungan Gauss nempatkeun objék ieu antara planét Mars jeung Yupiter. Piazzi ngaranan Ceres, déwa tatanén Romawi.

Tilu astéroid séjénna (2 Pallas, 3 Juno, 4 Vesta) kapanggih ngan sakeudeung, sababaraha taun sanggeusna, Vesta mah kapanggihna taun 1807. Sanggeus dalapan taun deui maluruh tanpa hasil, kalolobaan astronom nganggep yén geus taya deui astéroid lianna. Ku kituna, pamaluruhan satuluyna dibolaykeun.

Sanajan kitu, Karl Ludwig Hencke mah tetep maluruh astéroid séjénna, nu dimimitian dina taun 1830. Lima belas taun sanggeusna, anjeunna manggihan 5 Astraea, astéroid anyar munggaran nu kapanggih deui salila 38 taun. Anjeunna ogé manggih 6 Hebe kurang tina dua taun satuluyna. Sanggeus ieu, astronom séjén milu nalungtik deui sahingga satuluyna mah saeutikna hiji astéroid anyar kapanggih sanggeus waktu harita (kajaba wanci perang taun 1945). Nu seneng moro astéroid nu kasohor dina jaman kiwari nyaéta J. R. Hind, Annibale de Gasparis, Robert Luther, H. M. S. Goldschmidt, Jean Chacornac, James Ferguson, Norman Robert Pogson, E. W. Tempel, J. C. Watson, C. H. F. Peters, A. Borrelly, J. Palisa, Paul Henry and Prosper Henry jeung Auguste Charlois.

Dina taun 1891, Max Wolf naratas dipigunakeunnana astrofotografi keur ngadetéksi asteroid, nu katémbong minangka corétan pondok dina pelat fotografis pencahayaan panjang (long-exposure). Hal ieu sacara drastis nambah rata-rata detéksi lamun dibandingkeun jeung métode visual saméméhna: Wolf sorangan manggih 248 asteroid, nu dimimitian ku 323 Brucia, padahal ukur saeutik leuwih ti 300 nu kapanggih nepi ka wanci digunakeunnana métodena Wolf. Deui, saabad sanggeusna, ukur sababaraha ratus asteroid nu kaidéntifikasi, dinomeran jeung dingaranan. Harita oge sabenerna kanyahoan yen loba keneh asteroid, tapi kalolobaan astronom henteu ngawaro, nyebutna oge "bentang leutik di langit".

Métode pamanggihan modéren[édit | sunting sumber]

Nepi ka 1998, astéroid pinanggih dina prosés opat lengkah. Kahiji, hiji wewengkon langit difoto ku teleskop widang lega. Pasangan-pasangan foto dicokot, ilaharna béda sajam. Kumpulan pasangan-pasangan bisa dicokot ngaruntuy sababaraha poé. Kadua, duanana film dina wewengkon nu sarua ditempo make stéréoskop. Sababaraha banda dina orbit sabudeureun Sarangenge bakal pindah saeutik-saeutik antara pasangan film. Dina stereoskop, gambar banda bakal katempo ngambang saeutik dina saluhureun latar tukang béntang-béntang. Katilu, sakali waé hiji banda nu pindah téh kanyahoan, lokasina bisa diukur sacara présisi migunakeun mikroskop nu didigitalkeun. Lokasina bakal diukur rélatif kana lokasi béntang nu geus dipikanyaho[8].

Katilu léngkah tacan mangrupakeun pamanggihan astéroid: panalungtik ukur nimu kaahéngan, nu ukur meunang panangtuan samentara, nyieun taun pamanggihan, surat nu nunjukkeun minggu pamanggihan, sarta ahirna surat jeung nomer nu nunjukkeun nomer runtuy pamanggihan (conto: 1998 FJ74).

Léngkah pamungkas dina pamanggihan nyaéta ngirim lokasi jeung wanci observasi ka Brian Marsden di Puseur Planét Leutik. Dr. Marsden mibanda program komputer nu ngitung yén hiji kaahéngan sarua patalina jeung kaahéngan saméméhna jadi hiji orbit nu sarua. Panalungtik munggaran kalayan orbit nu geus diitung nu dianggep jadi pamanggihna, sarta manéhna meunang kahormatan pikeun ngaranan astéroid nu kapanggih tea (poko keur idin ti International Astronomical Union) sanggeus dinomeran.

Téhnologi panganyarna: ngadetéksi astéroid nu ngabahyakeun[édit | sunting sumber]

2004 FH nyaéta titik puseur nu diturutan sacara ruruntuyan; objék nu reup bray dina klip nyaéta satelit.

Aya kahayang nu beuki gedé pikeun ngidéntifikasi astéroid nu orbitna meuntasan orbit Bumi, sarta bisa, tinggal nunggu wanci nu mustari, bisa tabrakan jeung Bumi (tempo astéroid nu meuntasan Bumi). Tilu grup astéroid nu deukeuteun Bumi pangpentingna nyaéta Apollo, Amor, jeung Aten. Rupa-rupa siasat pikeun méngkolkeun astéroid geus diusulkeun.

Astéroid deukeuteun Bumi 433 Eros geus kapanggih ti saprak 1898, sarta dina 1930-an kungsi diributkeun deui ku ayana objék nu sarua. Runtuyan pamanggihannana, nyaéta: 1221 Amor, 1862 Apollo, 2101 Adonis, tur ahirna 69230 Hermes, nu jauhna ampir 0.005 AU ka Bumi dina taun 1937. Ti harita astronom mimiti sadar ngeunaan tubrukan astéroid jeung Bumi.

Dua kajadian dina dasawarsa-dasawarsa terahir nambah tingkat peringetan: beuki ditarimana téori Walter Alvarez ngeunaan lastarina dinosaurus boa-boa alatan kajadian tubrukan, katambah ku observasi Komet Shoemaker-Levy 9 taun 1994 nu nabrak Jupiter. Militér AS ogé nyebutkeun informasi yén satelit militérna, nu diwangun keur ngadetéksi ngabeledugna nuklir, geus ngadetéksi ratusan tubrukan di saluhureun atmosfir ku objék nu bentangannana hiji nepi ka sapuluh méter.

Sakabéh pertimbangan-pertimbangan ieu geus ngarojong digunakeunnana sistim otomatis nu kacida éfisiénna nu ngandung kaméra Charge-Coupled Device (CCD) jeung komputer nu langsung dihubungkeun jeung teleskop. Ti 1998, kalolobaan astéroid geus kapanggih migunakeun sistim otomatis siga kieu. Daptar tim nu migunakeun sistim otomatis siga kieu nyaéta:[9]

Sistim LINEAR nyorangan geus manggihan 67,820 astéroid nepi ka 13 Juni, 2006 [10]. Di antara sakabéh sistim otomatis, 4076 astéroid nu deukeuteun Bumi geus kapanggih [11] kaasup 600 leuwih nu diaméterna leuwih ti 1 km.

Ngaranan astéroid[édit | sunting sumber]

Sawangan: format pangaranan[édit | sunting sumber]

Astéroid nu kapanggih kiwari-kiwari ieu dingaranan samentara kalayan ngandung taun pamanggihan jeung kode alfanumeris (kawas 2002 AT4). Lamun hiji orbit geus dikonfirmasi, karék dibéré nomer, sarta saterusna dingaranan (contona 433 Eros). Konvénsi pangaranan resmi maké tanda kurung keur nomerna (contona (433) Eros), tapi miceun tanda kurung ogé mangrupakeun hal nu ilahar. Sacara teu resmi, ilahar ogé miceun nomer nu marengannana, atawa miceun nomer sanggeus disebutkeun sakali nalika ngaran ieu dibalikan sababaraha kali dina téks.

Astéroid nu geus dinomeran tapi tacan dingaranan bakal tetep maké panangtuan samentarana, contona. (29075) 1950 DA. Kusabab téhnik pamanggihan modéren kacida lobana manggihan astéroid anyar, beuki loba waé astéroid nu teu dingaranan. Astéroid munggaran tanpa ngaran nyaéta (3360) 1981 VA. Dina sababaraha kajadian, panetepan samentara hiji astéroid bisa dipaké minangka ngaranna sorangan: (15760) 1992 QB₁ mikeun ngaranna keur kelompok astéroid nu disebut cubewano.

Nganomeran astéroid[édit | sunting sumber]

Astéroid dibéré nomer resmi nalika munggaran orbitna ditetepkeun. Marengan gancang nambahanana pamanggihan astéroid, astéroid kiwari dibéré nomer genep angka. Gantina tina lima angka jadi genep angka nyaéta nalika publikasi Minor Planet Circular (MPC) 19 Oktober, 2005, nu nunjukkeun astéroid nu dinomeran pangluhurna luncat ti 99947 jadi 118161. Parobahan ieu nyababkeun krisis leutik saperti "Y2k" keur sababaraha layanan data otomatis, sabab ukur lima digit nu diidinan dina kalolobaan format data keur nomer astéroid. Kalolobaan layanan kiwari geus ngalegaan widang nomer astéroid. Keur nu teu bisa dibenerkeun, masalah ieu diréngsékeun ku jalan ngaganti digit pangkéncana (tempatna puluh rébuan) ku alfabét minangka éksténsi digitna. A=10, B=11,…, Z=35, a=36,…, z=61. Nomer nu luhur saperti 120437 diganti jadi C0437 dina sababaraha daptar.

Sumber keur ngaran[édit | sunting sumber]

Red right arrow.svg
 Artikel utama: Harti ngaran astéroid.

Asteroid-asteroid munggaran nu jumlahna saeutik kénéh dingarananana siga ngaran inohong-inohong tina mitologi Graeco-Romawi, tapi kusabab ngaran-ngaran ieu kurang kénéh, lianna mah satuluyna maké ngaran jalma nu kasohor, karakter nu patali jeung sastra, ngaran pamajikan nu manggihan, anak-anakna, sarta malahan mah karakter-karaktr dina tipi.

Asteroid munggaran nu dingaranan ku ngaran non-mitologis nyaéta 20 Massalia, siga ngaran kota Marseille. Keur sababaraha waktu, dipaké ukur ngaran awéwé (atawa nu diawéwékeun); Alexander von Humboldt mangrupakeun ngaran lalaki munggaran nu miboga ngaran asteroid siga ngaranna, tapi ngaranna diawéwékeun jadi 54 Alexandra. Tradisi nu teu dikecapkeun ieu dipilampah nepi ka ahirna dingaranannana 334 Chicago; malahan mah, ngaran nu diawéwékeun téh jadi ahéng lamun aya dina daptar taun-taun satuluyna.

Alatan jumlah asteroid mimiti nepi ka ratusan, malahan mah jadi rébuan, para pamanggih mimiti beuki loba nu méré ngaran sacara sagawayah. Isarat munggaran ngeunaan ieu nyaéta ti mimiti 482 Petrina jeung 483 Seppina, numana ngaran ieu mangrupakeun anjing piaraan nu manggihan. Aya saeutik kontrovérsi ngeunaan ieu nepi ka taun 1971, ku dingarananana 2309 Mr. Spock (numana lain dingaranan siga karakter dina Star Trek, tapi siga ucingna nu nimukeun anu dianggap siga manéhna). Sanajan IAU satuluyna ngalarang ngaran sato piaraan minangka sumber, ngaran asteroid nu arahéng masih kénéh diajukeun jeung ditarima, saperti 6042 Cheshirecat, 9007 James Bond, atawa 26858 Misterrogers.

Aturan pangaranan husus[édit | sunting sumber]

Kangaranan astéroid henteu malulu bébas keur sakabéhna: aya sababaraha rupa astéroid nu aturan-aturannana geus dimekarkeun ngeunaan sumber ngaranna. Contona Centaur (astéroid nu ngorbit antara Saturnus jeung Néptunus) dingaranan dumasar centaur mitologis, Trojan dumasar kana pahlawan ti Perang Trojan, sarta objék trans-Néptunian dumasar sumanget di dunya.

Aturan nu geus matuh lianna nyaéta réhna komét dingaranan siga nu nimukeunana, sedengkeun asteroid henteu. Salasahiji cara keur "ngagilekkeun" aturan ieu geus aya keur astronom pikeun silih tukeuran kahormatan ngaranan pamanggihannana jeung astronom lianna. Pangecualian husus keur aturan ieu nyaéta 96747 Crespodasilva, nu dingaranan dumasar pamanggihna, Lucy d'Escoffier Crespo da Silva, sabab kacida pikasediheunnana anjeunna pupus sanggeus nimukeun asteroid, dina umur 22 taun[12][13].

Lambang astéroid[édit | sunting sumber]

Sacara tradisional, asteroid munggaran dilambangan siga carana ngalambangan Bumi, Bulan, Panonpoé jeung planét. Lambang-lambang ieu lila-lila mah henteu nguntungkeun, susah digambar tur susah dipikawanohna. Nepi ka ahir taun 1851 aya 15 asteroid nu dipikanyaho, masing-masing (kajaba hiji) miboga lambang sorangan.

Astéroid Lambang
Ceres Lambang planét Ceres heubeul Lambang varian Ceres Lambang varian arit Ceres Lambang varian arit Ceres lianna
2 Pallas Lambang Pallas heubeul Lambang varian Pallas
3 Juno Lambang heubeul Juno Lambang Juno lianna
4 Vesta Lambang Vesta nu heubeul Lambang planet Vesta nu heubeul Lambang astrologis moderen Vesta4 Vesta Unsimplified Symbol.svg
5 Astraea 5 Astraea Symbol.svg
6 Hebe 6 Hebe Astronomical Symbol.svg
7 Iris 7 Iris Astronomical Symbol.svg
8 Flora 8 Flora Astronomical Symbol.svg
9 Metis 9 Metis symbol.svg
10 Hygiea 10 Hygiea Astronomical Symbol.svg
11 Parthenope 11 Parthenope symbol.svg
12 Victoria 12 Victoria symbol.svg
13 Egeria Teu kungsi ditangtukeun.
14 Irene "Japati mamawa dahan zaétun, kalayan béntang dina sirahna," teu kungsi digambarkeun.[14]
15 Eunomia 15 Eunomia symbol.svg
28 Bellona 28 Bellona symbol.svg
35 Leukothea 35 Leukothea symbol.png
37 Fides 37 Fides symbol.svg

Johann Franz Encke nyieun parobahan gedé dina Berliner Astronomisches Jahrbuch (BAJ, "Berlin Astronomical Yearbook") salila taun 1854. Anjeunna ngawanohkeun nomer-nomer nu nguriling tibatan lambang, sanajan nomerna dimimitian ku Astraea ogé, da opat nomer munggaran mah terus maké lambang tradisional. Inovasi simbolis ieu diadopsi kacida gancangna ku komunitas astronomis. Taun satuluyna (1855), nomer Astraea diisedkeun ka 5, tapi Ceres nepi ka Vesta didaptarkeun dumasar nomerna ukur dina édisi 1867. Asteroid lianna (28 Bellona, 35 Leukothea, jeung 37 Fides) dilambangan ogé lian ti maké skéma panomeran téh.

Kumpulan ngaran ieu ditulis dina jero kurung, sarta tanda kurung ieu kadang-kadang dipiceun dina dasawarsa-dasawarsa satuluyna mah.[15]

Éksplorasi astéroid[édit | sunting sumber]

Nepi ka jaman perjalanan angkasa, astéroid ukur mangrupa titik cahya leutik sanajan migunakeun teleskop panggedéna ogé sarta wangun jeung daérahna tetep jadi misteri.

Foto close-up objék nu siga astéroid munggaran dicokot dina taun 1971 nalika Mariner 9 mariksa Phobos jeung Deimos nu kagambarkeun, nyaéta dua bulan leutik bogana Mars, nu meureun nangkep astéroid. Gambar ieu muka wangun astéroid nu teu tangtu tur siga kentang, saperti gambar satuluyna tina pamariksaan Voyager kana bulan leutik tina raksasa gas. Asteroid sajati munggaran nu dipoto close-up nyaéta 951 Gaspra taun 1991, dituluykeun taun 1993 ku 243 Ida jeung bulanna Dactyl, numana sakabéhna digambarkeun ku panyilidikan Galileo en route ka Jupiter.

Panyilidikan asteroid resmi munggaran nyaéta NEAR Shoemaker, nu moto 253 Mathilde taun 1997, saméméh asup kana orbit di sabudeureun 433 Eros, ahirna badarat dina pabeungeutannana taun 2001.

Asteroid lianna dilongok sacara singget ku pesawat angkasa en route ka tujuan lianna kaasup 9969 Braille (ku Deep Space 1 taun 1999), jeung 5535 Annefrank (ku Stardust taun 2002).

Dina September 2005, panyalidikan urang Jepang Hayabusa mulai ngulik 25143 Itokawa sacara jéntré tur bakal malikkeun sampel pabeungeutannana ka bumi. Sanggeus ieu, asteroid satuluyna diulik ku urang Éropa panyilidikan Rosetta (diayakeun taun 2004), nu bakal ngulik 2867 Šteins jeung 21 Lutetia taun 2008 jeung 2010.

NASA ngarencanakeun ngayakeun Misi Fajar taun 2007, nu bakal ngorbit 1 Ceres jeung 4 Vesta taun 2011-2015, numana misi ieu meureun diteruskeun ka 2 Pallas.

Geus diusulkeun yén asteroid keur ka hareupna bisa dipaké minangka sumber bahan nu boa-boa geus langka atawa béak (pertambangan asteroid).

Astéroid dina fiksi[édit | sunting sumber]

Artikel utama: Astéroid dina fiksi

Gambaran umum astéroid (jeung henteu sering, Komét) dina fiksi nyaéta minangka anceman, nu tabrakannana jeng bumi bisa nyababkeun karusakan nu teu bisa diitung sarta leungitna kahirupan[16][17]. Geus jadi dasar dina hipotésis saintifik ngeunaan tabrakan kawas kieu dina mangsa jauh ka tukang nu nyababkeun punahna Dinosaurus jeung raksasa baheula lianna; sanajan, sabab katingalina mah unggal-unggal tabrakan teh kajadianana dina mangsa sapersauluh yuta taun, taya alesan husus (lian ti jadi alur sajarah nu dramatis) pikeun merkirakeun tabrakan anyar kawas kieu dina milénium pangdeukeutna.

Cara séjén numana astéroid bisa dianggep minangka sumber bahya nyaéta ku jalan ngagambarkeunana minangka bahya keur navigasi, hususna anceman keur kapal nu lumaku ti Bumi ka bagian séjén di saluareun Sistim Tatasurya sarta saterusna perlu ngaliwatan Beubeur Astéroid (atawa nyieun jalan muter di sabudeureunnana nu méakkeun waktu jeung bahan bakar ). Asteroid dina konteks ieu nyadiakeun rohangan keur carita perjalanan angkasa nu sarua jeung batu sarta karang jero cai dina aliran kolot carita pangumbaraan perjalanan di laut[18]. Sarta siga batu jeung karang di sagara, asteroid minangka bahya navigasi bisa dipake ku nu ngalanggar hukum pikeun nyingkahan udagan. Gambaran Beubeur Asteroid dina film cenderung dikacokeun ku karang nu ngabahyakeun sacara teu realistis. Dina asteroid nyata, malah sanajan dina beubeur utama, misah kacida jauhna.

Saméméh kolonisasi asteroid jadi kamungkinan nu menarik, katertarikan utamana nyaéta tiori-tiori saperti asal-usulna - hususna, tiori yén asteroid mangrupakeun sésa planét nu bitu. Hal ieu sacara alamiah nungtun urang kana jalan carita SF nu patali jeung kamungkinan yén planét geus ditempatan, sarta lamun enya téa mah - yén pangeusina nyababkeun karuksakanana sorangan, ku cara perang atawa henteu benerna dina ngokolakeun lingkungan sakumna. Satuluyna, bisa jadi tina asteroid nu aya saméméhna nyababkeun karuksakan Bumi atawa planét liana dina mangsa nu bakal datang, sarta bisa jadi parobahanana jadi asteroid anyar.[19][20]

Nalika jejer kolonisasi antarplanét munggaran asup kana SF, Beubeur Asteroid nempatan urutan nu rada handap dina daptar real estate nu dipikarep, jauh di satukangeun planét-planét siga Mars jeung Vénus (sering dibayangkeun minangka sarupaning planét sawarga, nepi ka panyilidikan dina taun 1960-an nu nerangkeun hawa jeung kondisi nu pihariwangeun nalika mendung). Kusabab kitu, dina kalolobaan carita jeung buku, Beubeur Asetroid, lamun henteu mangrupa bahya nu positif, masih keneh mangrupakeun tempat nu mencil dina Sistim Tatasurya nu ditempatan.[21]

Prospék keur nempatan planét-planét dina Sistim Tatasurya beuki harieum sajalan jeung pamanggihan nu nambah ngeunaan kaayaannana. Sabalikna, ajén poténsial asteroid nambah, minangka akumulasi nu kacida tina kasajahtraan mineral, bisa diakses dina kondisi gravitasi minimal, sarta ngalengkepan sumberdaya di Bumi nu beuki ngurangan. Carita ngeunaan pertambangan asteroid beuki loba ti saprak ahir 1940-an, kalayan léngkah logis satuluyna jadi gambaran ngeunaan masarakat di asteroid— dina sababaraha kaayaan ngali di pabeungeutan, lianna miboga tempat cicing nu wangunna momolo sarta lianna deui dikulibeng ku atmosfir nu tetep di tempatna alatan ayana gravitasi jieunan. Hiji gambaran nu diwangun sarta dibawa ti panulis ka panulis, ngeunaan "Belters" atawa "Rock Rats" minangka individu nu kasar jeung nu mikir bebas, nu mikangewa sakabeh nu berwenang (dina sababaraha buku jeung carita ngeunaan kakawasaan militér jeung pulitis ngeunaan kaayaan nagara di sabudeureun Bumi, lian ti kakawasaan badan hukum tina pausahaan gede)<;ref>Williamson, Jack (1950). Seetee Ship.</ref>. Saperti kitu, sub-aliran ieu ngabuktikeun dayatarik alamiah keur panulis nu miboga kacenderungan Libertarian tendencies[22]. Leuwih-leuwih, gambaran Beubeur Asteroid minangka Wates Anyar sacara jelas digambarkeun (kadang-kadang kacida eksplisit) dina literatur nu bisa dianggep, Nineteenth-Century Frontier jeung Wild West.

Tempo ogé[édit | sunting sumber]

Référénsi[édit | sunting sumber]

  1. "Minor Planet Names". Diakses pada 14 Séptémber 2006. 
  2. "Discovery Circumstances: Numbered Minor Planets (125001)-(130000)". Diakses pada 12 Juli 2006. 
  3. "New study reveals twice as many asteroids as previously believed". Diakses pada 28 Maret 2006. 
  4. Krasinsky, G. A.; Pitjeva, E. V.; Vasilyev, M. V.; Yagudina, E. I. (2002). "Hidden Mass in the Asteroid Belt". Icarus 158: 98-105.
  5. Pitjeva, E. V. (2005). "High-Precision Ephemerides of Planets - EPM and Determination of Some Astronomical Constants". Solar System Research 39: 176.
  6. Chapman, C. R., Morrison, D., & Zellner, B. (1975). "Surface properties of asteroids: A synthesis of polarimetry, radiometry, and spectrophotometry". Icarus 25: 104-130.
  7. McSween Jr., Harry Y.. Meteorites and Their Parent Planets. ISBN 0-521-58751-4.
  8. "Carolyn Shoemaker". Diakses pada 23 Juni 2003. 
  9. "Near Earth Object Program". Diakses pada 23 Juni 2004. 
  10. "Minor Planet Discover Sites". Diakses pada 12 Juli 2006. 
  11. "Unusual Minor Planets". Diakses pada 14 Juli 2006. 
  12. "Citation from MPC 55988". Diakses pada 5 Juni 2006. 
  13. "MIT News Office: Lucy Crespo da Silva, 22, a senior, dies in fall". Diakses pada 5 Juni 2006. 
  14. Hilton, James L. (September 17, 2001). "When Did the Asteroids Become Minor Planets". Diakses pada 26 Maret 2006. 
  15. "When Did the Asteroids Become Minor Planets". James L. Hilton. Diakses pada 26 Maret 2006. 
  16. Clarke, Arthur C. (1993). The Hammer of God.
  17. Niven, Larry (1977). Lucifer's Hammer.
  18. Asimov, Isaac (1953). Lucky Starr and the Pirates of the Asteroids.
  19. Hogan, James P. (1977). Inherit the Stars.
  20. Heinlein, Robert (1948). Space Cadet.
  21. Isaac Asimov (March 1939). "Marooned off Vesta". Amazing Stories.
  22. Smith, L. Neil (1993). Pallas.

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]

Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan



(navigator astéroid) | Astéroid munggaran | ...
 t·s·é 
Small Solar System bodies
Vulcanoid | Astéroid deukeuteun bumi | Beubeur utama | Jupiter Trojans | Centaur | Damocloid | Komét | Trans-Neptunian (Beubeur Kuiper · Scattered disc · Awan Oort)
Keur objék jeung wewengkon séjén, tempo: golongan jeung kulawarga astéroid, astéroid binér, bulan astéroid jeung sistim tatasurya
Keur daptar lengkep, tempo: Daptar astéroid. Tempo ogé Pangucapan ngaran astéroid jeung Harti ngaran astéroid.
Tata Surya
Panonpoé - Mérkurius - Vénus - Marcapada (Bulan) - Mars - Beubeur astéroid - Jupiter
Saturnus - Uranus - Néptunus - Pluto - Beubeur Kuiper - Scattered disc - Awan Oort
Baca ogé objék astronomi jeung daptar objék tata surya, disusun dumasar radius atawa massana.