Pala
| Pala | |
|---|---|
| Pala | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Kingdom: | Plantae |
| Division: | Magnoliophyta |
| Class: | Magnoliopsida |
| Order: | Magnoliales |
| Family: | Myristicaceae |
| Genus: | Myristica |
| Species: | M. fragrans |
| Ngaran binomial | |
| Myristica fragrans |
|
Pala (Myristica fragan Haitt) téh rempah-rempah asli ti Indonesia nya éta ti Banda jeung Maluku. [1] Pala, sumebar ka Pulo Jawa nalika Marcopolo indit ka Tiongkok ngaliwatan Pulo Jawa taun 1271 nepi taun 1295. [1] Ti harita, pala dibudidayakeun nepi ka Pulo Sumatera. [1] Pala dipikawanoh minangka rempah-rempah anu ngahasilkeun minyak atsiri, anu mangrupa bahan dasar dina indusri inuman jeung kosmetik. [1] Sacara umum mangpaat pala dicokot tina kulit watang nepi ka daging buahna. [1]
Daptar eusi |
Kandungan [édit]
Kandungan tina: 1. Arilus: Minyak atsiri, minyak lemak, zat samak, jeung zat pati. [1] 2. Siki: Minyak atsiri, minyak lemak, saponin, miristisin, elemisi, énzim lipase, péktin, hars, zat samak, lémonena, jeung asam oléanolat. [1] 3. Kulit buah: Minyak atsiri jeung zat samak. [1]
Jenis [édit]
Aya sawatara rupa buah pala, nya éta:
- Myristica fragrans Houtt, [2]
- Myristica argentea Ware,[2]
- Myristica fattua Houtt,[2]
- Myristica specioga Ware,[2]
- Myristica Sucedona BL,[2]
- Myristica malabarica Lam.[2]
Mangpaat [édit]
Siki buah pala bisa dimangpaatkeun pikeun dijadikeun ubar diséntri, maag, méncrét, ngeureunkeun utah, sebel, mules, perut kembung, insomnia, reumatik, serak, ngaringankeun nyeri, ngajaga stamina, sarta nyingkahan dehidrasi. [1] [3] Salian ti dijadikeun ubar, pala ogé biasana diolah jadi manisan.
Referensi [édit]
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |