Putri noong

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Putri Noong

Putri Noong nyaéta salah sahiji kadaharan nu dijieun tina sampeu, gula, cau nangka, parud kalapa, jeung dibungkus ku daun cau. Keur ngahudang sari keur ngadaharna, biasana sok ditambahan ku warna-warna tina bahan alami, saperti héjo tina daun pandan, beureum sok maké gula beureum, jeung konéng ku parud konéng temen. Lian ti éta, ngagunakeun cau nangka keur eusina téh keur nambahan variasi rasa sangkan amis rada haseum. ka dituna teu giung teuing atawa kareueut. Ieu kadaharan téh mindeng aya dina acara hajatan, lebaran, atawa poé husus lianna atawa jadi lalawuh maturan nguyup cikopi keur mangsana rinéh.[1][2]

Tata Ngaran[édit | édit sumber]

Ngaran putri noong téh dianggap unik pisan jeung teu ilahar. Tina éta ngaran asosiasi masarakat téh kalah ka manusa nyaéta putri nu noong (ngintip). Lamun ditilik tina wangunna, ieu kadaharan téh buleud ditengahna aya cau nangka nu jadi eusina. Gradasi warna antara warna sampeu jeung cau téh béda pisan. Matak pantes lamun wangun kieu téh asosiasina kana panon jalma. Noong téh kecap pagawéan nu dilaksanakeun ku panon. Ari putri asosiasina tina tékstur ieu kadaharan nu lemes jiga sikep atawa paripolah putri. Ari di daérah Jawa mah ieu kadaharan téh sok aya nu nyebut mata kebo atawa mata roda.[3]

Mangpaat[édit | édit sumber]

Putri noong téh miboga mangpaat nu loba. Matak pantes, jaman baheula, ieu kadaharan téh kacida dipigandrungna ku barudak atawa kolot.

Énergi[édit | édit sumber]

Unggal 100 gr cau miboga 136 kalori, leuwih loba tibatan Apel nu ngan 54 kalori unggal 100 gr, karbohidrat tina cau ngandung énergi nu leuwih gancang diserep ku awak tibatan sangu, biskuit, atawa roti. Cau ogé miboga protéin 2,3 %. Lian ti éta, aya lemak 0,13 % nu bisa jadi alternatif keur program diet.[1]

Mineral[édit | édit sumber]

Cau loba pisan mineralna, saperti kalium, magnésium, fosfor, kalsiumjeung zat besi. Sakabéh mineral nu ditataan bieu téh bisa nyerep kana awak 100 %. Zat besi tina cau 100 gr téh ngahontal angka 2 mg leuwih hadé tibatan apel nu ngan 0,2 mg. Lian ti éta, cau ogé ngandung provitamin A [45 mg / 100 gr], vitamin C, vitamin B, vitamin, B12, jeung vitamin B6.[1]

Sampeu[édit | édit sumber]

Gizi tina sampeu unggal 100 gram meliputi: Kalori 121 kal, Air 62,50 gram, Fosfor 40,00 gram, Karbohidrat 34,00 gram, Kalsium 33,00 miligram, Vitamin C 30,00 miligram, Protéin 1,20 gram, Zat Besi 0,70 miligram, Lemak 0,30 gram, jeung Vitamin B1 0,01 miligram.[1]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d "Putri Noong » Perpustakaan Digital Budaya Indonesia". budaya-indonesia.org. Diakses tanggal 2017-10-20. 
  2. Murdijati-Gardjito, Umar Santoso, Eni Harmayani (2023). PERMAINAN TRADISIONAL NUSANTARAMurdijati-Gardjito. Malang , Indonesia: Penerbit Andi. p. 272. ISBN 9786239908652.  Disungsi29 Juni 2023
  3. Wahab, Abdul. "Putri Noong, Kue Tradisional Sunda". www.gurupantura.com. Diakses tanggal 2017-10-20.  Archived 2017-11-04 di Wayback Machine