Étnologi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Étnologi mangrupa salah sahiji cabang élmu tina antropologi budaya anu medar ngeunaan prinsip kamanusaan dina kabudayaan rupa-rupa étnis . [1] Informasi anu dicangking ku cara ngarékam sacara rinci ngeunaan hiji kabudayaan jaman baheula jeung ayeuna. [2] Wengkuan utamana nyaéta ngabalukarkeun bédana pola pikir jeung paripolah individu dina hiji kabudayaan. [3] Étnologi geus dipaké dina ngembangkeun tiori komunikasi. [4] Salian ti éta, étnologi ogé dipaké dina antropologi sosial budaya. [5]

Métodeu[édit | édit sumber]

Étnologi ngagunakeun prinsip kamanusaan salaku wujud élmu. Prinsip ieu utamana patali jeung ulikan budaya rupa-rupa étnis. Pangaweruh ngeunaan kabudayaan kabentuk ngaliwatan observasi sababaraha kali kana rupa-rupa etnis dina waktu nu tangtu. Data anu kakumpul dina wangun informasi ngeunaan sajarah kamekaran jati diri séké sélér anu pindah ti hiji tempat ka tempat anu séjénna. [1]

Étnologi ngutamakeun maluruh informasi ngeunaan ajén-inajén budaya jeung karakter manusa anu geus aya dina mangsa kiwari dibandingkeun jeung jaman baheula. Informasi dipedar sacara rinci ngaliwatan rékaman anu aya. Catetan ieu diturunkeun tina informasi awal budaya étnis anu bakal ditalungtik. Dina lumangsungna, dilarapkeun étnografi. [2]

Wengkuan Élmu[édit | édit sumber]

Lingkup étnologi nyaéta ngeunaan hal-hal anu nyiptakeun béda dina pola pikir jeung paripolah individu dina mangsa katukang jeung kiwari sarta cukang lantaranana. Pola pikir jeung pola kabiasaan ieu kalebet ritual perkawinan, ékonomi, politik jeung agama. Salian ti éta, étnologi ogé ngabahas bédana pola kabiasaan dina tradisi lisan, kasenian baheula jeung kiwari. Étnologi ogé nalungtik parobahan budaya alatan tumuwuhna budaya sorangan atawa pangaruh budaya séjén. [3]

Fungsi[édit | édit sumber]

Étnologi geus dipaké dina ngamekarkeun téori komunikasi . [4] Mangpaatna utamana dina widang komunikasi lintas budaya jeung komunikasi antarbudaya. Salian ti éta, étnologi ogé jadi dadasar kapanggihna tiori ngeunaan pangalaman jeung interpretasi dina widang étnografi. Ieu prinsip tuluy dipaké dina pamahaman lampah sakelompok jalma atawa budaya. [6]

Étnologi ogé dipaké dina antropologi sosial jeung antropologi budaya. Pamakéan étnologi ngajadikeun panalungtik teu kudu langsung di lokasi panalungtikan. Éta ngan ukur kudu ngalaksanakeun kajian banding ngeunaan rupa-rupa tradisi sareng budaya ku cara ngamangpaatkeun literatur ilmiah. [5]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b Nurmansyah, Rodliyah, dan Hapsari 2019, p. 9–10.
  2. a b Nurmansyah, Rodliyah, dan Hapsari 2019, p. 10.
  3. a b Satria et al. 2020, p. 55.
  4. a b Rejeki 2010, p. 60.
  5. a b Satria et al. 2020, p. 60.
  6. Rejeki 2010, p. 52.

Daptar Pabukon[édit | édit sumber]

Nurmansyah, G., Rodliyah, N., dan Hapsari, R. A. (September 2019). Pengantar Antropologi: Sebuah Ikhtisar Mengenal Antropologi. Bandar Lampung: CV. Anugrah Utama Raharja. ISBN 978-623-211-107-3. 

Rejeki, MC Ninik Sri (Juni 2010). "Perspektif Antropologi dan Teori Komunikasi: Penelusuran Teori-teori Komunikasi dari Disiplin Antropologi". Jurnal Ilmu Komunikasi 7 (1): 41–60. doi:10.24002/jik.v7i1.195. ISSN 2548-8643. http://ojs.uajy.ac.id/index.php/jik/article/download/195/284. 

Satria et al. (2020). "Landasan Antropologi Pendidikan dan Implementasinya Dalam Pembangunan Indonesia". Indonesian Journal of Social Science Education 2 (1): –. ISSN 2655-6278. https://ejournal.iainbengkulu.ac.id/index.php/ijsse/article/download/2718/2297.