Tradisi lisan

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Tradisi lisan téh nyaéta sakabéh wacana atawa katerangan lisan ngeunaan kajadian baheula anu lumaku di masarakat jeung ditransmisi dina ruang waktu ku ayana ujaran jeung tindakan.[1] Istilah tradisi lisan minangka tarjamahan tina basa Inggris oral tradition.[1] Konsép wangenanana ampir sarua jeung folklor, bédana dina unsur-unsur anu ditransmisi sacara lisan.[1]

Saluyu jeung istilahna tradisi lisan (oral tradition) nyaéta kabiasaan-kabiasaan nu lumangsung dina kahirupan sapopoé, ti jaman baheula nepi ka ayeuna, ditepikeun sacara lisan.[1] Salaku istilah, leuwih jero patalina jeung masarakat tradisional, bakal aya tumpang tindih jeung sastra lisan.[1] Bedana, upami sastra lisan méré intensitas kana wangun naratif nu relatif nunjukkeun intensitas kualitas estetis, tradisi lisan leuwih ka kabiasaan-kabiasaan éta sorangan.[1] Sagala rupa wangun carita rahayat, dongéng, mitos, kitu ogé sagala rupa wangun ungkapan kaasup sastra lisan, sedengkeun narasi dina patalina ngan ukur prosés komunikasi dina pangawetan dahareun, pamakéan raksukan, nyieun imah, jeung sajabina, hususna adat istiadat, hukum jeung aturan séjénna, kaasup tradisi lisan.[1] Bener, saluyu jeung éta istilah tradisi lisan lumangsung di masarakat tradisional nu umumna can wanoh tradisi nulis, salaku masarakat niraksara, tapi tradisi lisan ogé lumangsung di masarakat moderen.[1]

Wangenan[édit | édit sumber]

Nurutkeun Osman[1], wangenan tradisi lisan téh kieu.

Tradisi lisan adalah hal yang baru dan sebagian besar merangkum bahan-bahan dalam folklor. Istilah folklor mulanya ditujukan kepada aspek-aspek tradisional dalam suatu budaya dan aspek-aspek itu selalu ada dalam msyarakat, sekarang istilah yang ditunjukan untuk benda atau perkara yang disangsikan kebenarannya, padahal sebenarnya bahan-bahan folklor adalah aspek-aspek dan unsur-unsur budaya yang hidup dan mengakibatkan pola-pola perlakuan anggota sebuah subculture dalam suatu masyarakat yang kompleks, untuk menghindarkan berlakunya salah anggapan itu maka istilah tradisi lisan diutamakan. Cakupan tradisi lisan sama dengan folklor pada awalnya.

—Taib Osman, Kesusasteraan Melayu Lama. Kuala Lumpur[1]

Tina pamadegan di luhur aya transisi istilah folklor kana tradisi lisan, ku sabab folklor ngabogaan konotasi anyar, nyaéta “bohong” jeung “bebeneranana matak cangcaya”. Leuwih hususna, tradisi lisan nyaéta rupa-rupa katerangan lisan dina wangun laporan ngeunaan kajadian di jaman baheula.[1] Ku kituna, tradisi lisan anu sumebar téh mindeng dipatalikeun jeung éksisténsi sakakala hiji tempat, ayana hiji mahluk, jeung épos hiburan.[2] Mitos diturunkeun ti generasi ka generasi ngaliwatan tradisi lisan dina wangun sora, nada, ritmeu, jeung isarat anu has jeung miboga pola nu béda.[3] Matak pantes tradisi lisan dianggap kagiatan népakeun pangaweruh ti generasi ka generasi ngaliwatan médium lisan  atawa omongan. Tradisi lisan téh sakabéh wacana anu dikedalkeun ngawengku nu lisan jeung aksara atawa dianggap salaku sistem wacana anu lain aksara. Ku sabab jamak, tradisi lisan miboga kakuatan anu meungkeut komunitas penuturna salaku wangun komitmen ontologis anu dijiwaan ku spirit idéalis. Éta lokalitas (gemeinschaft) terus kawangun sacara dinamis salaku wujud évolusi.

Struktur[édit | édit sumber]

Tradisi lisan béda jeung sastra lisan pon kitu deui jeung folklor (lisan, sawaréh lisan, jeung lain lisan), basa lisan, jeung komunikasi lisan. Dina struktur tradisi lisan pasti aya wangun jeung eusi.[4]

Wangun[édit | édit sumber]

Wangun ngawengku téks, ko-téks jeung kontéks. Teks mibanda struktur, ko-teks mibanda élemén, jeung kontéks mibanda kondisi anu pormulana bisa dipedar tina ulikan tradisi lisan. Téks mangrupa unsur vérbal anu mangrupa basa (tightly formalized language), saperti basa sastra ogé basa naratif anu nganteurkeun tradisi lisan nonvérbal saperti téks bubuka hiji performansi. Éta struktur bisa katitén tina struktur makro, struktur galur, jeung struktur mikro. Ko-teks mangrupa unsur anu marengan teks saperti unsur paralinguistik, proksémi, kinétik, jeung unsur séjénna. Kontéks méré sarat yén tradisi lisan kudu mibanda kajadian tradisi lisan. Kontéks mangrupa kaayaan anu patali jeung budaya sosisal, kaayaan, jeung idéologi.[4]

Eusi[édit | édit sumber]

Eusi Eusi ngawengku harti atawa fungsi, ajén atawa norma budaya jeung kearifan lokal. modél révitalisasi ngawengku ngahirupkeun deui, ngolah, prosés, jeung ngwariskeun tradisi lisan sarta kéarifan lokal ka komunitas pangrojongna. Ajén ngawengu fungsi anu dipercaya ku masarakat. Lamun norma patali jeung harti, dianggap jadi tatapakan dina nglaksanakeun bebeneran.[4]

Ciri kalisanan[édit | édit sumber]

Ciri kelisanan téh, nyaéta ayana pikiran lisan (oral thought), éksprési lisan (oral expression), jeung naratif lisan (oral narrative).[5]

Pikiran lisan[édit | édit sumber]

Ciri utama pikiran lisan sangkan miboga kesan téh kudu konsérvatif, agonistik, homéostatik, jeung kontékstual. Konsérvatif téh dibutuhkeun ku masarakat budaya lisan keur nyingkahan ékspériméntasi inteléktual. Agonistik téh wujudna tina hubungan saingan atawa lalawanan minangka gambaran hubungan sipat sacara polaristik, saperti hadé jeung goréng, ngabdi jeung hianat. Homéostatik téh mopohokeun panineungan anu geus teu luyu jeung mangsa kiwari. Kontékstual nyoko kana kahirupan anu sabenerna keur dirandapan ku masarakat.[5]

Éksprési lisan[édit | édit sumber]

Ciri éksprési lisan sangkan hésé dipopohokeun téh nyaéta formulatik, aditif, agrégatif, jeung kopius. Formulatik téh bisa mantuan kawangunna wacana ritmis salaku alat bantu keur nginget-nginget deui kalayan gancang, gampang, jeung mernah. Ciri aditif téh pamikiran basajan anu ngahasilkeun struktur kalimah atawa istilah anu sarua basajanna. Agrégatif miboga ciri formula anu sipatna sintétik keur ngaronjatkeun unsur daya inget atawa kristalisasi sipat keur ngagampangkeun nginget-nginget. Ciri kopius nyaéta pikeun ngajaga kontak jeung audién sangkan leuwih fungsional lamun panyatur ngébréhkeun éta hal. [5]

Naratif lisan[édit | édit sumber]

Ciri utama naratif lisan téh ayana alur épisodik, palaku datar, jeung ajaran moral. Alur épisodik téh runtuyan kajadian pikeun nyingkahan klimaks carita anu dimekarkeun sacara tradisional jeung alamiah ngeunaan pangalaman-pangalaman masarakat. Tokoh datar dina naratif lisan téh tokoh anu miboga  hiji karakter atawa hiji kualitas psikologis. Ajaran moral sumberna tina budaya lisan masarakat anu niténan, dipikaboga, jeung ngalaksanakeun ajaran moral atawa étika nu ditarima jeung dianggap bener. [5]

Ambahan[édit | édit sumber]

Nurutkeun UNESCO, ruang lingkup tradisi lisan téh dijéntrékeun kieu.[1]

  1. Kasusastraan lisan.[1]
  2. Téhnologi tradisional.[1]
  3. Folk di luar puseur-puseur istana jeung kota métropolitan.[1]
  4. Unsur-unsur réligi jeung kapercayaan folk di luar wates formal agama-agama gedé.[1]
  5. Kasenian folk di luar puseur-puseur istana jeung kota métropolitan.[1]
  6. Hukum adat.[1]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r Hutomo, S. (2013). Mutiara yang Terlupakan. Jawa Timur: Himpunan Sarjana Kesusastraan Indonesia.  Salah ngutip: Tanda <ref> tidak sah; nama ":0" didefinisikan berulang dengan isi berbeda
  2. Irwanto, D. (eprints.unsri.ac.id). [eprints.unsri.ac.id/3419/1/03-Dedi_Irwanto-edit-(123-126).pdf "Kendala dan Alternatif Penggunaan Tradisi Lisan dalam Penulisan Sejarah Lokal di Sumatra Selatan"]. Jurnal Forum Sosial. eprints.unsri.ac.id/3419/1/03-Dedi_Irwanto-edit-(123-126).pdf. Diakses pada 22-10-2017. 
  3. Fic, I & Doubalova (www.sciencedirect.com). [www.sciencedirect.com "Myth, History and Art, Procedia Social and Behavioral"]. Sciences Journal. www.sciencedirect.com. Diakses pada 22-10-2017. 
  4. a b c Sibarani, R (2012). Kearifan Lokal, Hakikat, Peran, dan Metode Tradisi Lisan. Jakarta: Asosiasi Tradisi Lisan (ATL). 
  5. a b c d Ong, W. J. (1982). Orality and Literacy: The Technologizing of the word. London: Mathuen.