Lompat ke isi

Alap-alap kawah

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Alap-alap kawah
Status konservasi
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
F. peregrinus
Ngaran binomial
Falco peregrinus
Tunstall, 1771
Subspecies

17–19, lihat teks

Global range of F. peregrinus

Citakan:LeftlegendCitakan:LeftlegendCitakan:LeftlegendCitakan:Leftlegend

Sinonim

Falco atriceps Hume
Falco kreyenborgi Kleinschmidt, 1929
Falco pelegrinoides madens Ripley & Watson, 1963
Rhynchodon peregrinus (Tunstall, 1771)
and lihat teks

Alap-alap kawah (Falco peregrinus) atawa Peregrine Falcon(elang) nyaéta manuk pamangsa anu asalna tina kulawarga Falconidae. Kagolongkeun kana spésiés manuk alap-alap anu pangawakanna kawilang gedé, panjang awakna 50 cm. Ieu manuk mibanda bulu kelir na hideung, kulawu jeung biru, pamatukna konéng tungtungna hideung méncos. Buntutna pondok, pamatukna gedé tur seseg. Harigu jeung beuteung kelirna bodas tur guguratan hideung. Anu bikangna sarupa, pédah pangawakanna tur pamatukna leuwih gedé tibatan jaluna.

Habitatna

[édit | édit sumber]

Tempat hirup jeung baranahan alap-alap kawah ngalimpudan wewengkon daratan ti mimiti tundra nepika daérah tropis. Alap-alap kawah bisa katempo hirup ampir di sakuliah dunya, kajaba daérah kutub anu kaayaanna ekstrim, gunung anu jangkung pisan, jeung sabagian gedé hutan hujan tropis. Ngajadikeun ieu manuk jadi hiji manuk prédator anu pang legana wewengkonhirupna didunya. [2]. Alap-alap kawah mangrupi conto manuk anu bisa hirup di kota-kota. Manuk ieu ngamangpaatkeun gedong-gedong jangkung salaku tempat nyayang sareng seueur moro mangsa sapertos japati sareng hayam. Manuk ieu boga kabiasaan sok ngayakeun pindah tempat migrasi, ku kituna dina basa Inggris jeung ngaran ilmiahna dingaranan "elang pengembara". Para ahli niténan aya kana 17 nepika 19 subspésiés anu dibédakeun tina pangawakan jeung kabiasaan hirup : Patali aya béda pamadegan ngeunaan naha heulang Elang Barbary diwakilan ku subspesies Falco peregrinus, atawa mangrupi spésiés anu misah, F. pelegrinoides. Anu ka dua ngeunaan spésiés ieu alatan anyar kénéh, taya lian dina panungtungan jaman es, kitu deui alatan duanana mibanda genetik anu béda sumawona dina pangawakan ogé béda, katempo leuwih leutik. Kurang leuwih 0,6-0,8% anu dibédakeun sacara genetik.[3]

Alap-alap kawah moro manuk laleutik saperti : japati, jalak, hayam, jeung sajabana. Ilaharna diala keur hiber sok disamber ku manuk alap-alap, sagigireun éta moro sato laleutik, aya : ucing, kalong, kadal, gegeremet, lauk, jeung sajabana.

Alap-alap kawah katelah salaku salah sahiji mahluk panggancangna hiber di dunya. Nalika ngalayang ngundag mangsana, manuk ieu tiasa ngahontal 320 km/jam dina gancangna hiber. Malah dina 2018, kacatet ampir ngahontal 390 km/jam (242 mph) di Universitas Groningen Walanda jeung Universitas Oxford ngagunakeun simulasi komputer 3D[4]

Ciri mandiri

[édit | édit sumber]

Alap-alap kawah atawa alap-alap peregrine mibanda panjang awak kirang langkung 34 dugika 58 cm kalayan panjang jangjangna antara 74 dugika 120 ti tungtung pamatuk dugi ka tungtung buntutna. Jalu jeung bikang mibanda tanda jeung bulu anu sarua duanana, tapi sarua saperti kalolobaan manuk prédator séjéna, alap-alap kawah bikangna mibanda pangawakan anu leuwih gedé tibatan jaluna nepi ka 30%. Beurat jaluna 330 nepika 1.000 g ari bikangna anu pangawakanna leuwih gedé beuratna 700 nepi ka 1.500 g. Dina palebah tukang jeung Jang-jang manuk anu geus déwasa ilahar kelirna hideung semu biru kalawan watesna anu teu pati jelas kitu ogé tungtung jang-jangkungna kelirna hideung. Palebah handap kelir buluna bodas kotor paselang ipis jeung kelir coklat nepika hideung. Buntutna, kelirna sarua jeung anu aya dina tonggongna aya gurat panjang, pondok, kalawan bulenek tungtungna hideung. Palebah luhureun huluna kawas kumisan palebah pipi kelirna hideung, atra pisan jeung palebah beuheung nepika tikorona bodas. Puhu pamatuk kelirna konéng, kitu deui cékérna, tungtung pamatuk jeung kuku cékér kelirna hideung. Pamatuk anu luhurna ngeluk palebah tungtungna, ngajadikeun alap-alap kawah atau peregrine falcon bisa meruhkeun musuhna kalawan gampang malahan motong keun tulang tonggong mangsana. [5][6].

Subspesies F.p. ernesti di Gn. Mahawu

Ras endemik (non-migran) elang peregrine F.p. ernesti, kapanggih hirup di gunung-gunung anu aya di Sumatra kaler jeung kulon, Kalimantan kalér, Jawa, Bali, Nusa Tenggara, Sulawesi, Ambon, Ternate, Papua sarta sababaraha pulo di sabudeureunna.[6][7][8]

  • tundrius C. M. White, 1968 – wewengkon tundra Artik di Amerika Kaler timimiti Alaska nepi ka Greenland.
  • anatum Bonaparte, 1838 – Amerika Utara sampai Meksiko, kecuali pesisir barat-laut Pasifik.
  • pealei Ridgway, 1873 – Basisir kulon Amerika kalér ti Washington nepika Alaska, ogé di Alesia jeung Kep. Commander; katempo ogé di Kep. Kamchatka jeung Kuril.
  • cassini Sharpe, 1873 – Amerika Latin palebah kulon ti Ekuador, Bolivia, Argentina, Chili, nepi ka Tierra del Fuego dan Kep. Falkland.

japonensis Gmelin, 1788 – Siberia jeung Jepang.

  • furuitii Momiyama, 1927 – Kep. Volcano jeung Kep. Bonin.
  • calidus Latham, 1790 – tundra Eurasia, ti Lapland jeunh Siberia epika wewengkon wahangan Yana jeung wahangan Indigirka.
  • peregrinus Tunstall, 1771 – Eurasia, Pyrenees, Balkan jeung Himalaya, ogé di Inggris nepi ka Rusia timur-jauh.
  • brookei Sharpe, 1873 – Prancis kidul, Spanyol jeung basisir kalér Afrika nepika Timur Tengah.
  • babylonicus P. L. Sclater, 1861 – Asia, ti mimiti Iran wétan nepi ka Mongolia.
  • pelegrinoides Temminck, 1829 – kapuloan. Canary mapay daratan Afrika Kalér ka Irak ogéeureun ka Iran.
  • madens Ripley & Watson, 1963 – kapuloan. Cape Verde.
  • minor Bonaparte, 1850 – Africa, kalér Sahara nepika Maroko kidul.
  • radama Hartlaub, 186. Comoro.
  • peregrinator Sundevall, 1837 – Pakistan, India dan Sri Lanka ke timur sampai China tenggara.
  • ernesti Sharpe, 1894 – Indonésia jeung Filipina E sampai Papua Nugini ogé Gugus kapuloan Bismarck.
  • nesiotes Mayr, 1941 – Vanuatu jeung New Caledonia nepika Fiji.
  • macropus Swainson, 1837 – Australia (aja a beulah ngulon).
  • submelanogenys Mathews, 1912 – Australia ngétan.
Pesebaran alap-alap kawah

Tempat jeung kabiasaan hirup

[édit | édit sumber]
jarak deukeut hulu alap-alap nunjukkeun tuberkel
Ngalangkangmangsa keur hiber (kénca ) jeung saméméh nyirorot (katuhu)

Alap-alap kawah kalolobaan hirupna di pigunungan, landeuh, wahangan, basisir, loba ogé di kota-kota.[9] Di daérah anu usum tiis na henteu nataku, ilaharna ieu manuk nyieun sayang anu maneuh/permanén, sarta anu jaluna bakal aya di éta wewengkon dina waktu anu lila.[10]

Habitat hirupna rupa-rupa, ti mimiti daérah nembrak, lahan kebon jeung lingkungan kota nepika tonggoheun 2000 m. Remen ka tempo ngéplékkeun jang-jang statis atawa cicing di luhur (Hovers), hiber laun milu keun gedéna gelebug angin. Hiber gancang Pisa bari muter di tempatanu luhur arta nyirorot gancang nsker mangsa nyerek buruan a.

Alap-alap kawah bisa hiber leuwij gancang tibatan manuk séjén utamana mangsa nyirorot ka handap, gancangna bisa nepika 320 km / jam.[11] Tekenan hawa anu dihasilkeun mangsa nyirorot gancang, bisa waé ngabalukarkeun karuksakan kana bayah tapi tuberkel dina liang irungna sacara téori bisa malidkeun tekenan hawa anu gedé ieu henteu nepi asup kana irungna anu ngabantu ogémanuk ieu tetep bisa ngarénghap kalawan lalu asa.[12] pikeun Nyalindung panonna mangsa keur hiber, ieu manuk mibanda lamad/selaput anu disebut nictitating atawa (kelopak mata ketiga) pikeun ngarasakeun cai mata tur meresihan kokotorna. Hiji panalungtikan anu ngalibatkeun fisika penerbangan ngaguar kacindekan cenah sacara téori ieu manuk bisa hiber 400 km / jam (250 mph) mangsa hiber di handap,sarta 625 km / jam (388 mph) mangsa hiber di handap.[13] Dina taun 2005, Ken Franklin nyatet aya manuk ieu anu nabrak kacida gancangns, taya lian 389 km / jam (242 mph).[14]

Umur hirup alap-alap kawah di alam liar bisa nepika 19 taun 9 bulan.[15] Mortalitas dina taun ka hiji 59-70%, turun deui 25-32% unggal taun na.[16] Terlepas dari ancaman antropogenik seperti tabrakan dengan benda buatan manusia, alap-alap kawah dapat dibunuh oleh elang lainnya atau burung hantu yang lebih besar.

Baranahan

[édit | édit sumber]
Endog Falco peregrinus
Falco peregrinus madens

Alap-alap kawah déwasa, mimiti begér nincak umurna geus tilu taun. Sajodo manuk ieu bakal mulang deui ka sayang anu sarua dina unggal usum anakan, mangsa keur begér alap-alap jaluna bakal mang néang keun mangsa keur pasangannya. Usum kawin ieu manuk leuwih galak sarta embung ka ganggu mibanda sifat teritorial, unggal pasangan ilaharna nyayang dina jarak leuwih ti 1 km jeung sayang alap-alap anu séjén ku kituna teu pati ngaganggu kana jumlah kabutuhan mangsa boroan pikeu anak-anakna. Unggsl pasangan mi and aleuwih ti sababara sayang, anu bisa dipaké dina waktu 16 tahun. Usum baranahanna Februari nepi ka Maret di wewengkon kalér, Juli nepika Agustus di wewengkon Bumi kidul, sok sanajan subspesies makropus Australia bisa baranahan nepika akhir November, kitu deui dina bulan Juni jeung Desember kalawan bisa endogan 1 nepika 5 siki. Kelir endogna bodas kalawan mibanda tanda beureum atawa coklat, di sarileungleuman ku kurang leuwih 29 nepika 33 poé beurang peuting piliganti jalu jeung bikangna. Sabadana megat, indungna hiber nyiar hakaneun kaluar ti sayangna jauhna bisa 19 nepika 24 km. Ti saprak megar, anak alap-alap peregrine gumantung pisan ka indungna sahenteuna nepika dua bulan.

Kiwari ieu alap-alap kawah mimiti di kawin silang keun jeung gyrfalcon.

Konservasi

[édit | édit sumber]

Spesies ieu ngagaduhan daerah sebaran anu lega. Sababaraha subspesies dina kaayaan pitumoureun ku alatan leungit habitatna, panggunaan pestisida sareng kontaminasi. Ku IUCN Red List alap-alap kawah dilebetkeun dina status teu pati gedé risiko pi tumpureunna kalawan digolongkeun kana CITES Appendix I.

Catatan kaki

[édit | édit sumber]
  1. Citakan:IUCN2008
  2. Ferguson-Lees, James. (2001). Raptors of the world. Christie, David. London: Christopher Helm. ISBN 978-1-4081-3550-1. OCLC 701718538. 
  3. Nittinger, F.; Haring, E.; Pinsker, W.; Wink, M.; Gamauf, A. (2005-11). "Out of Africa? Phylogenetic relationships between Falco biarmicus and the other hierofalcons (Aves: Falconidae)" (dalam bahasa en). Journal of Zoological Systematics and Evolutionary Research 43 (4): 321–331. doi:10.1111/j.1439-0469.2005.00326.x. ISSN 0947-5745. http://doi.wiley.com/10.1111/j.1439-0469.2005.00326.x. 
  4. Admin. "Alap-alap Kawah (Peregrine Falcon) si Jet Tempur Hidup | Jenis Burung". jenisburung.co (dalam en-US). Diakses tanggal 2018-06-17.  Archived 2021-04-18 di Wayback Machine
  5. MacKinnon, J., K. Phillipps, B. van Balen. 2000. Burung-burung di Sumatra, Jawa, Bali dan Kalimantan. LIPI dan BirdLife IP. Bogor. ISBN 979-579-013-7. L.G. 12
  6. a b Coates, B.J. and K.D. Bishop. 2000. Panduan lapangan Burung-burung di Kawasan Wallacea. BirdLife IP & Dove Publication. Bogor. ISBN 979-95794-2-2. Hal. 64
  7. MacKinnon, J., K. Phillipps, B. van Balen. 2000. op. cit.. Hal. 102
  8. Beehler, B.M., T.K. Pratt, & D.K. Zimmermann. 2001. Burung-burung di Kawasan Papua. LIPI dan BirdLife IP. Bogor. ISBN 979-579-037-4. Hal. 95
  9. Ferguson-Lees, James. (2001). Raptors of the world. Christie, David. London: Christopher Helm. ISBN 978-1-4081-3550-1. OCLC 701718538. 
  10. "Species Profile". web.archive.org. 2008-12-05. Diakses tanggal 2020-08-05. 
  11. "Fish and Wildlife Service". web.archive.org. 2008-04-16. Diakses tanggal 2020-08-05. 
  12. "Peregrine Falcon - WDNR". web.archive.org. 2008-12-01. Diakses tanggal 2020-08-05. 
  13. Tucker 1998
  14. "Falling with the Falcon". Air & Space Magazine. Diakses tanggal 2020-08-05. 
  15. "Peregrine Falcon Overview, All About Birds, Cornell Lab of Ornithology". web.archive.org. 2019-05-30. Diakses tanggal 2020-08-05. 
  16. The complete birds of the western Palaearctic : on CD-ROM. Snow, David (David William), Perrins, Christopher M., Doherty, Paul., Cramp, Stanley., OptiMedia (Firm). Oxford: Oxford University Press. 1998. ISBN 0-19-268579-1. OCLC 42982175. 

Pranala luar

[édit | édit sumber]