Awi siam

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Awi Siam
Awi siam, Thyrsostachys siamensis
dari Kampus IPB Darmaga, Bogor
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
(unranked):
(unranked):
Ordo:
Kulawarga:
Tribus:
Génus:
Spésiés:
T. siamensis
Ngaran binomial
Thyrsostachys siamensis
Sinonim
  • Arundinaria siamensis Kurz[2] (nom.inval.)
  • Bambusa siamensis Kurz ex Munro[3] (nom.inval.)
  • Bambusa regia Thomson ex Munro[3]

sinonim selengkapnya pada The Plant List[4]

Awi siam; bambu bangkok (id) (Thyrsostachys siamensis),nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawargga Poaceae. Salah sahiji jinis awi hias anu remen dipelak salaku pager pakarangan atanapi di sisi jalan.[5] Awi anu asalna ti daratan Asia Tenggara remen salah disebatna 'awi Jepang' . Dina basa Inggris katelah salaku Thai bamboo, Monastery bamboo, Umbrella bamboo, Thai umbrella bamboo, dan Umbrella-handle bamboo.[6]

Ciri mandiri[édit | édit sumber]

Iwung jeung tangkal/buluh nu leuwih kolot

Tangkal awi anu hirup ngarungkun, ajeg tur rapet/kékép; iwungna héjo ngora semu wungu. Tangkalna lempeng sarta congona melengkung, jangkungna ngahontal 8-14 m; dahan némbongan mimiti di luhur taneuh, kalayan seueur régang dina hiji buku anumana salah sahijina langkung ageung tibatan anu sanésna. Panjang buku/ruas 15-30 cm sareng garis tengahna 2-7,5 cm; daging tangkal kandel pisan, malah handapna mah padet; lemes; héjo nepi ka kulawu, remen sawaréh bagéan tangkal katutup kénéh ku palapah/salumpit buluh anu henteu lesot; buku-bukuna henteu katawis, kalayan katembong cingcin bodas pisan handapeun buku.[5][6]

Gagang buluh gancang murag; panjang lk. 20-25 cm, lega dina dasarna lk. 8-10 cm, anu janten heureut lk. 2,5 cm di bagéan puhu daun pelepah; héjo atanapi semu wungu ku bulu miang bodas sumebar di luar, tungtungna cokelat semu koneng jarami ieu baris ngipisan menipis mangsa garing. Ceuli alapah teu katempo malahan kacida leutikna, lokos. Daun pelepah buluh bentuk lanset sempit, 6-15 cm × 5-12 mm, tegak, berambut halus pada sisi adaksial; ligula (lidah-lidah) sangat pendek.[5][6]

Palapah jeung puhu daun

Daun dina régang nu heureut, 7-14 cm × 5-8 mm, héjo ngora semu bodas, ilaharna lokos; palapah daun guguratan, buluan bodas dina tungtungna; ceuli palapah leutik sakapeung euweuh; ligula purek pisan, rata, buluan lemes.[5]

Agihan sareng ékologi[édit | édit sumber]

Cingcin bodas dina buku-bukuna

Awi Siam nyebarkeun sacara alami di daérah Asia tropis jeung ugahari: Burma, Thailand, ogé Tiongkok Kidul (Yunnan).[5][7][8] Kusabab loba kagunaanna ieu, awi siam teras dibawa sareng dipelak di sababaraha nagara di daérah tropis, hususna salaku awi hias sareng panghalang angin.[5]

Dimana asalna, habitat awi ieu di leuweung semi-héjo atanapi leuweung garing dina taneuh anu kurang subur di Thailand, sakapeung aya di leuweung campur sareng leuweung sekunder, dina jangkung daérahna 300-400 m dpl. sareng turun hujan ntawis 800-1.000 mm sa taunna. Awi Siam tiasa tumuwuhh dina sababaraha jinis taneuh salami henteu kabanjiran.[5]

Mangpaat[édit | édit sumber]

Puhu tangkal

Di tempat asalna, awi siam mangrupi jinis awi anu paling seueur dianggo. Buluhna dianggo salaku bahan bangunan imah sareng kanggo kaperluan rumah tangga séjén. Di Thailand, regangna dianggo kanggo ngadamel karinjang, karajinan tangan, sumpit, payung sareng gagang kamoceng, jeujeur, bubur kertas, sareng ogé suluh.[5]

Iwungna disebat salaku salah sahiji anu pang raosna. Kusabab katempona saé, awi siam kasohor dijieun salaku kebon awi sareng hiasan sisi jalan. Éta ogé rajeun dipelak ngajéjér rapet dina barisanna kanggo pager sareng panghalang niupna angin.[5]

Catetan taksonomi[édit | édit sumber]

Sanaos langkung ngora, nami Thyrsostachys siamensis Gamble ianggo sareng diutamikeun Bambusa regia Thomson ex Munro (1868), ngémutan kapentingan ékonomi sareng panggunaanna anu lega .[7][9]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. Gamble, J.S. 1896. "The Bambuseae of British India". Annals of the Royal Botanic Garden, Calcutta. vol. 7: 59, Pl. 51. Calcutta :Bengal Secretariat Book Depot [1888-...]
  2. Teijsmann, J.E. & S. Binnendijk. 1866. Catalogus plantarum quae in Horto Botanico Bogoriensi coluntur. Catalogus van 's Lands Plantentuin te Buitenzorg: 19. Batavia :ter Lands-Drukkerij. [1866]
  3. a b Munro, Colonel. 1868. "A monograph of the Bambusaceae, including descriptions of all of the species." Transactions of the Linnean Society of London vol. 26: 116. London :[The Society], 1791-1875.
  4. The Plant List: Thyrsostachys siamensis Gamble
  5. a b c d e f g h i Duriyaprapan, S. & P.C.M. Jansen. 1995. "Thyrsostachys siamensis Gamble". Archived 2021-02-01 di Wayback Machine in Soejatmi Dransfield & E.A. Widjaja (Eds). Plant Resources of South-East Asia No. 7 Bamboos: 145-7. Bogor:PROSEA (Plant Resources of South-East Asia) Foundation. [Internet] Record from Proseabase. Accessed 4-May-2016
  6. a b c Widjaja, E.A. 2001. Identikit jenis-jenis bambu di Jawa: 96. L.f. 36. Bogor: Puslitbang Biologi LIPI.
  7. a b Flora of China: Thyrsostachys siamensis
  8. GrassBase: Thyrsostachys siamensis
  9. Stapleton, C.M.A. 1998. "(1366) Proposal to conserve the name Thyrsostachys siamensis Gamble against the name Thyrsostachys regia (Munro) Bennet (Poaceae, Bambusoideae)." Taxon 47(3): 739-740.

Tutumbu kaluar[édit | édit sumber]

Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan