Ayu Utami

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Ayu Utami
Ayu Utami dina acara International Conference on Feminism, 2016
Panulis sareng novelis Indonesia
Katerangan lian
Gumelar 21 Nopémber 1968 (1968-11-21) (yuswa 53)
Flag of Indonesia.svg Bogor, Jawa Kulon
Kabangsaan Indonesia
Rélasi Johanes Hadi Sutaryo (bapa)
Bernadeta Suhartina (ibu)[1]
Alma mater SD Régina Pacis
SMP Tarakanita 1 Jakarta
SMA Tarakanita 1 Jakarta
Universitas Indonesia
Pagawéan Penulis, Jurnalis, Sastrawan

Justina Ayu Utami (leuwih dipikawanoh ku jujuluk Ayu Utami, gumelar di Bogor, Jawa Barat, Indonesia 21 Nopémber 1968) nyaéta novélis pendobrak kemapanan, utamana masalah nu masih kénéh pakait kana kelamin (sex) jeung agama. Ayu Utami mangrupa anak ti papasangan Johanes Hadi Sutaryo jeung Bernadeta Suhartina. Manéhna asalna ti kaluarga Katolik[1][2][3][4].

Ayu Utami sakola tingkat dasarna di SD Régina Pacis, Bogor (1981), SMP Tarakanita 1 Jakarta (1984), jeung diakhiran sakola tingkat akhirna di SMA Tarakanita 1 Jakarta (1987)[2]. Pendidikan terakhirna nyaéta S-1 dina Sastra Rusia ti Fakultas Sastra, Universitas Indonesia (1994). Manéhna ogé pernah sakola Advanced Journalism, Thomson Foundation, Cardiff, UK (1995) jeung Asian Leadership Fellow Program, Tokyo, Japan (1999). Ayu Utami ngapikaresep carita patualangan, saperti Lima Sekawan, Karl May, jeung Tin Tin. Salain éta, manéhna ngapikaresep musik tradisional jeung musik klasik. Sawaktu masih kénéh mahasiswa, manéhna kapilih janten finalis gadis sampul majalah Fémina, urutan ka sapuluh. Nanging, manéhna teu nekunan dina dunya model[3]. Widang atau bagéan ieu (dunya permodelan) henteu cocok jeung manéhna[5].

Ayu Utami pernah damel salaku sekretaris di perusahaan anu nyayogikeun senjata jeung damel di Hotel Arya Duta salaku Guest Public Relation. Akhirna, manéhna lebet kana dunya jurnalistik jeung damel salaku wartawan Matra, Forum Keadilan, jeung D & R. Nalika janten wartawan, manéhna ngagaduhan seueur kasempetan kanggo nyerat. Salami 1991, manéhna aktip dina nyerat kolom mingguan "Sketsa" dina poean Berita Buana. Manéhna ngawangun Aliansi Jurnalis Indepénden (AJI) jeung ngawangun komunitas Utan Kayu, hiji pusat kagiatan seni, pamikiran, jeung kabébasan inpormasi, salaku kurator. Manéhna mangrupi anggota rédaktur Jurnal Kalam jeung panalungtik di Institut Studi Arus Informasi[4][2][6].

Saatos henteu aktipitas jeung damel salaku wartawan, Ayu Utami neraskeun nyerat novél. Novél kahiji (munggaran) anu ditulisna nyaéta Saman (1998). Tina karyana éta, Ayu Utami narik perhatian seueur pambaca atawa pamiarsa jeung kritikus sastra sabab novélna dianggap jadi conto novél nu anyar dina dunya sastra Indonesia. Ngaliwatan novél éta, manéhna kénging Kontés Roman Déwan Kesenian Jakarta 1998[7]. Novélna ngalaman dicetak ulang lima kali dina sataun. Kritikus ngabagéakeunana kalayan saé, ku sabab novél Saman masihan warna anyar pikeun sastra Indonesia. Karya na dina bentuk ésai sering dimuat dina Jurnal Kalam. Karya na nu séjén, Larung, anu mangrupa dwilogi tina novélna, Saman jeung Larung, ogé kénging seueur perhatian ti pamiarsa[4][5].

Salami 3 taun, novél Saman ngahasilkeun jualan dugi ka 55.000 éksemplar dina lima kali cetak. Sabab ku karya awalan nana éta, Ayu Utami ogé nampi Prince Claus Award 2000 ti Prince Claus Fund, yayasan anu kantor pusatna di Dén Haag, Walanda, anu misina pikeun ngalestarikeun jeung ngamajukeun kagiatan dina bidang budaya jeung pamekaran. Di taun 2018, Ayu Utami nampi panghargaan Achmad Bakrie 2018. Manéhna kapilih di widang kasusastraan. Karya-karyana dinilai ngaluasken cakrawala sastra Indonésia ngalangkungan bentuk panulisan jeung katerbukaan kana isina, naha soal sosial, politik, atawa nu masih kénéh pakait kana kelamin[8][7][5][9].

Pikeun anu resep pustaka kalayan téma féminisme, nami Ayu Utami tiasa janten panulis favorit. Ti saprak 1998, manéhna nyandak téma ngeunaan awéwé sanaos iklim atawa suasana di nagara urang teu acan ngamungkinkeun pisan. Kusabab kitu, mangga kanu resep kana karya tulisna tiasa disimak dina buku-buku karya Ayu Utami[10].

Karya[édit | édit sumber]

  • Novel
  1. Saman (1998).
  2. Larung (2001).
  3. Bilangan Fu (2008).
  4. Manjali dan Cakrabirawa (2010).
  • Kumpulan Esai
  1. Si Parasit Lajang (2003).
  • Biografi
  1. Cerita Cinta Enrico (2012).
  2. Soegija: 100% Indonésia (2012).[3][4][8]

Karir[édit | édit sumber]

  • Sekretaris di perusahaan anu nyayogikeun senjata.
  • Guest public relation di Hotel Arya Duta.
  • Wartawan lepas Matra.
  • Wartawan Forum Keadilan.
  • Wartawan D&R.
  • Kolumnis mingguan 'Sketsa' dina Berita Buana (1991).
  • Anggota Sidang Redaksi Kalam.
  • Kurator Teater Utan Kayu.
  • Pendiri jeung Anggota Aliansi Jurnalis Independen (AJI).
  • Panaliti di Institut Studi Arus Informasi.[4][2]

Panghargaan[édit | édit sumber]

  • Jawara Sayembara Pasanggiri Nulis Roman Pang alusna Dewan Kesenian Jakarta (1998) pikeun novél Saman na.
  • Prince Claus Award ti Prince Claus Fund, hiji yayasan anu kantor pusatna di Den Haag (2000).
  • Panghargaan Khatulistiwa Literary Award pikeun novel Bilangan Fu (2008).
  • Panghargaan Achmad Bakrie (2018).[4][8][2]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b "Ayu Utami on Gramedia". www.gramedia.com. Diakses tanggal 2021-09-15. 
  2. a b c d e "Ayu Utami". ensiklopedia.kemdikbud.go.id. Diakses tanggal 2021-09-15. 
  3. a b c "Profil Ayu Utami". badanbahasa.kemdikbud.go.id. Diakses tanggal 2021-09-15. 
  4. a b c d e f "Biografi Sastrawan Ayu Utami". sites.google.com. Diakses tanggal 2021-09-16. 
  5. a b c "Novelis Pendobrak Kemapanan". tokoh.id. Diakses tanggal 2021-09-15. 
  6. Ayu Utami, (1998), Saman, Jakarta, PT. Gramedia, Hal-206, ISBN 978-979-91-0570-7.
  7. a b "Proyek DNA Ayu Utami". historia.id. Diakses tanggal 2021-09-16. 
  8. a b c "Profil Ayu Utami on Viva". www.viva.co.id. Diakses tanggal 2021-09-15. 
  9. "Ayu Utami". satupena.id. Diakses tanggal 2021-09-16. 
  10. "Buku-Buku Karya Ayu Utami dan Kisah Menarik di Baliknya". www.idntimes.com. Diakses tanggal 2021-09-15. 

Tutumbu Kaluar[édit | édit sumber]