Badori

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Badori
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
(unranked):
(unranked):
Ordo:
Kulawarga:
Subfamili:
Génus:
Spésiés:
C. gigantea
Ngaran binomial
Calotropis gigantea

Badori; Widuri (id) (Calotropis gigantea) nyaéta tangkal anu asalna ti kulawarga Apocynaceae.[1] Badori loba kapanggih hirup ngarungkun di daérah anu usum halodona panjang, saperti tegalan garing, lamping gunung, jeung basisir laut.[2] Jangkungna 0.5–3 mm, tangkalna buleud, kandel, dahan anu ngorana baruluan kandel jeung bodas.[2][3]


Dauna hiji, lonyod kawas endog, panjang 8-30 cm, rubakna 4–15 cm, kelirna héjo ngora, cupatna pondok, bijil tina dahan pasanghareup-sanghareup.[2] Bisa dipelak ku jalan di tancebkeun dahanna atawa di bungbun sikina.[4]

Disabaraha daérah badori sok disebut ogé:

  • Sumatera: rubik, biduri, lembega, rembega, rumbigo.[2]
  • Jawa : babakoan, badori, biduri, widuri, saduri, sidoguri, bidhuri, burigha.[2]
  • Bali: Manori, maduri.[2]
  • Nusa Tenggara: muduri, rembiga, kore, krokoh, kolonsusu, modo kapuk, modo kampuk.[2]
  • Sulawesi: rambega.[2]

Mangpaat[édit | édit sumber]

Badori mibanda kandungan kimia dina daun badori kayaning: saponin, flavonoid, polifeol, glukosida kalotropin, damar saeutik, alban, jeung fluavil.[4] Kulit akarna pait, astringen, jeung ekspektoran.[4] Mangpaatna:

  • Kulit akarna dimangpaatkeun pikeun ngubaran: galingging, bunghak, carangkeul suku, dipacok oray, borok, jeung panyakit kulit sejen.[2]
  • Dauna dimangpaatkeun pikeun ngubaran: hapur, arateul ku lantaran cacar (varicella), campak (measles), galingging, jeung batuk.[2]
  • Kembangna dimangpaatkeun pikeun ngubaran: gangguan padaharan, salesma, batuk, kiih nanah, jeung sajabana.[2]
  • Geutah dimangpaatkeun pikeun: bisul, eksim, raheut, nyeuri huntu, jeung sajabana.[2]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. Jonathan, Rigg (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen. p. 31. 
  2. a b c d e f g h i j k l Dalimartha, Setiawan (2008). Atlas tumbuhan obat Indonesia, Volume 2. Jakarta: *Niaga Swadaya. ISBN 9789796610655. 
  3. Hoogerwerf, A. (1970). Udjung Kulon: The Land of the Last Javan Rhinoceros. Netherland: Brill Archive. p. 32. Diakses tanggal (disungsi – 1 Jan 2021). 
  4. a b c Hariana, Drs. H Arief (2006). Tumbuhan Obat & Khasiatnya 3. Jakarta: Niaga Swadaya. ISBN 9789790020085. 



Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan