Suluh

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
(dialihkeun ti Bahan bakar)
Régang awi keur suluh

Suluh téh hartina bahan - biasana kai/awi - anu bisa dijadikeun bahan durukan. Sacara umum, kecap suluh nujul ka bahan anu bisa ngaleupaskeun énérgi nalika struktur kimiana robah.

Dina widang kimia jeung kaamanan seuneu, naon baé nu bisa kaduruk téh disebut suluh.

Ékstraksi énérgi tina suluh[édit | édit sumber]

Suluh nyimpen énérgi dina struktur kimiana. Mun struktur kimia suluhna robah, mangka bakal ngaleupaskeun énérgi kimia. Énérgi anu dikandung dina suluh téh bisa digambarkeun dina rupa-rupa bentuk, misalna ajén suluh (fuel value) nu dipaké pikeun ngukur énérgi poténsial suluh.

Sakabéh bentuk kahirupan nu dasarna karbon—ti mikroorganisme nepi ka sasatoan jeung manusa—gumantung ka sarta ngagunakeun suluh salaku sumber énérgina. Awakna boga mékanisme alami nu katelah métabolisme pikeun ngarobah énérgi tina dahareun. Malah, manusa mah motékar, ngembangkeun rupa-rupa téhnik pikeun ngarobah hiji bentuk énérgi ka bentuk nu séjén, ngahasilkeun énérgi nu bisa dipaké pikeun rupa-rupa tujuan nu lian ti énérgi pikeun kaperluan awakna. Larapan énérgi nu dileupaskeun tina suluh téh bisa dina rupa panas pikeun masak nepi ka suluh pikeun meclengkeun pakarang jeung listrik.

Cara ngarobah rupa-rupa suluh téh gumantung kana struktur molekul suluhna. Pikeun conto, cara paling éfisién pikeun ngaleupaskeun énérgi tina suluh fosil nyaéta ku cara diduruk dina oksigén. Dina prosés ieu, aya réaksi suluh jeung oksigén antukna ngahasilkeun énérgi panas. Manusa ogé bisa ngékstrak énérgi tina atom ku jalan ngolah bahan fisil dina réaksi nuklir.

Rupa-rupa suluh[édit | édit sumber]

Sacara téoritis, suluh naon baé bisa dipaké salaku sumber énérgi. Tapi, najan kitu, dina prakna mah kudu dipilih nu sacara itung-itungan (ékonomis) murah sarta jumlahna loba.

Mirun seuneu dina hawu, maké suluh

Katuangan[édit | édit sumber]

Karbohidrat, lemak, jeung protéin, nu diturunkeun tina dahareun, mangrupa suluh pikeun sistim biologis. Pikeun conto, glukosa (karbohidrat basajan) digabung jeung oksigén ngahasilkeun cai, karbon dioksida, jeung énérgi. Dina awak lolobana sato, énérgi nu dileupaskeun téh dipaké ku otot.

Suluh fosil[édit | édit sumber]

 Artikel utama: Suluh fosil.

Suluh padet[édit | édit sumber]

Guruntulan batubara

Suluh padet téh ngawengku batubara, kai, jeung peat. Sakabéh suluh tipe ieu bisa diduruk (ngahasilkeun seuneu jeung panas). Baheula, batubara dipaké pikeun ngajalankeun karéta api. Kai mah, nepi ka kiwari, ilaharna dipaké pikeun kaperluan rumah tangga jeung industri leutik.

Suluh cair jeung gas[édit | édit sumber]

Conto suluh nu teu padet nyaéta alkana, misalna dina minyak bumi jeung gas. Bentuk suluh ieu biasana dipaké dina mesin durukan jero (internal combustion engine) jeung generator listrik.

Suluh nuklir[édit | édit sumber]

Dina réaksi nuklir, suluh radioaktif bakal ngalaman fisi antukna ngahasilkeun énérgi tanpa durukan. Di béntang (kaasup panonpoé urang), nu jdi suluhna téh hidrogén (gas), pikeun fusi nuklir.

Suluh tipe séjén[édit | édit sumber]

Hidrogén ogé bisa dijadikeun suluh pikeun mobil, ku cara diréaksikeun jeung oksigén dina sél suluh (fuel cell). Réaksi hidrogén jeung oksigén téh ngahasilkeun énérgi listrik jeung cai (H2O). Dina réaksi ieu, énérgi kimia tina bahan-bahanna dirobah jadi énérgi listrik dina réaksi rédoks.

Biosuluh (biofuel) bisa dijieun tina biomassa nu ngahasilkeun suluh alkohol jeung biodisel. Biomassa téh bahan tutuwuhan sarupaning tiwu, jagong, jsb.

Baca ogé[édit | édit sumber]

Sumber rujukan[édit | édit sumber]

  • Fuel, Wikipédia édisi basa Inggris (4 Agustus 2006).

Tumbu kaluar[édit | édit sumber]