Barakuda

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Jump to navigation Jump to search
Barakuda
Barakuda, Sphyraena barracuda.
Klasifikasi ilmiah
Karajaan: Animalia
Filum: Chordata
Kelas: Actinopterygii
Order: Perciformes
Kulawarga: Sphyraenidae
Génus: Sphyraena
Klein, 1778
Spésiés

Sphyraena

Barakuda nyaéta lauk dina kelas Actinopterygii nu dipikawanoh wangunna pikasieuneun sarta ukuran awakna badag.[1] Barakuda nyaéta lauk laut ti genus Sphyraena, hiji genus dina kulawarga Sphyraenidae nu dingaranan ku Constantine Samuel Rafinesque taun 1815.[2] Sarta geus kapanggih dina sagara tropis jeung subtropis di sakuliah dunya mimiti ti wates wétan Laut Atlantik ka Laut Beureum sarta Laut Karibia.[3]

Pedaran[édit | édit sumber]

Photo of baracuda with coral swimming above coral
Barakuda keur ngojay di Paradise Reef, Cozumel, Mexico

Aya sakitar 20 spésiés lauk barakuda kulawarga Sphyraenidae ordo Perciformes.[4] Barakuda aya di sakuliah wewengkon tropis jeung subtropis, aya ogé nu sakitar wewengkon iklim sedeng.[4] Awakna ramping, kalayan sisitna leutik, dua cécépét tonggong nu misah, rahang handap nu nonjol, sarta sungut badag kalayan huntuna badag jeung seukeut.[4]

Barakuda kahakanan utamana ngahakan lauk, ngincer lauk nu leuwih leutik ti manéhna.[4] Barakuda mangrupa lauk galak sarta dianggap lauk nu pikasieuneun, poténsi ngabahayeun ka manusa.[4] Barakuda nu badag pernah nyerang manusa nu keur ngojay.[4]

Penting pikeun manusa

Barakuda geus kalibet dina kasus karacunan ciguatera.[5] Keracunan ciguatera dilantarankeun ku bioakumulasi ciguatoxins dina daging lauk laut tropis.[5] Ciguatoksin diproduksi ku dinoflagellata laut nu tumuwuh napel dina alga laut sarta meureun dihakan ku lauk hérbivora.[5] Jalma-jalma nu karacunan ngalaporkeun panyakit gastrointestinal nu kaalaman, gajalana leuleus leungeun jeung suku sarta teu bisa ngabédakeun antara panas jeung tiis, gajalana bisa sababaraha minggu.[5]

Konsérvasi

Barakuda teu kadaptar minangka sato langka atawa ditangtayungan ku World Conservation Union (IUCN).[5]

Distribusi Géografis

Sumebar di sakuliah dunya di parairan deukeut basisir tropis sarta subtropis (30 ° Kalér - 30 ° Kidul), ilaharna di Samudera Atlantik kulon ti Massachusetts (AS) ka Brasil.[5] Kapanggih ogé di Teluk Méksiko sarta Laut Karibia jeung Samudra Atlantik wétan, Indo-Pasifik sarta Laut Beureum.[5] Jarang atawa euweuh di wilayah Samudera Pasifik bagéan wétan.[5]

Habitat

Barakuda ilaharna aya di deukeut tarumbu karang, jukut laut sarta bakau.[5] Maranéhna ogé aya di samudera kabuka, nu hirup utamana di atawa deukeut beungeut samudra, sakapeung kapanggih aya di 100 méter jerona.[5] Barakuda leuwih resep nyorangan tapi sakapeung kapanggih keur ngabring saeutik di luhureun tarumbu sarta di handap.[5]

Paripolah[édit | édit sumber]

Photo of diver swimming among barracuda
Panyelam di jero gembrongan barakuda Sphyraena putnamae di Ko Tao, Thailand.
Photo of barracuda head in profile with jaw extended
Hulu barakuda Sphyraena
Barakuda Sphyraena keur ngégél mangsa
Barakuda Sphyraena qenie, di Elphinstone Reef di Laut Beureum
Abringan barakuda Sphyraena putnamae, di Bora Bora
Abringan barakuda Sphyraena flavicauda di Dayang, Malaysia
Barakuda Sphyraena borealis

Barakuda marupa prédator nu galak, kacepatan ngarontok mangsana nepikeun ka 27 mph (43 km/h).[6]

Barakuda nyaéta spésiés nu sok kompétitif sarta mindeng katempo parebut hakaneun jeung tenggiri, julung-julung sarta sakapeung jeung lumba-lumba. .[3]

Barakuda sipat baranghakanna oportunistik, ku sabab éta mindeng ngahakan sagala nu aya dihareupeunnana.[3] Lauk ieu teu réwél nalika datang mangsana baranghakan atawa lapar.[3]

Interaksi jeung manusa[édit | édit sumber]

Serangan barakuda ka manusa jarang kajadian.[5] Mun kajadian nyerang atawa nyampeurkeun, manéhna kataji ku benda nu ngagurilap saperti péso panyelam.[5] Serangan barakuda ka manusa nu ngabahayakeun jarang kajadian.[5] Taun 1947, serangan ka manusa di Key West dikaitkeun kalayan ku barakuda, terus kasus lain di basisir Karolina Kalér taun 1957.[5]

Serangan barakuda nu didokumétasikeun kalayan hadé kajadian ka saurang purah nyelam di Basisir Pompano, Florida dina taun 1960.[5] Panyelam digégél dua kali, sarta ngabalukarkeun tatu nu kudu dikaput 31 kaputan.[5] Tapi, serangan siga kitu jarang kajadian lamun urang nyaho jeung ngalakukeun cara nyingkahan nu basajan.[5]

Hiji kajadian ngalaporkeun barakuda ngajleng keluar tina cai sarta ngabalukarkeun saurang olahragawan kayak tatu,[7] tapi ceuk Jason Schratwieser, direktur International Game Fish Association, nyebutkeun yén tatu éta dibalukarkeun ku lauk houndfish.[8]

Sabagé dahareun[édit | édit sumber]

Geus aya kajadian kasus karacunan ciguatera ngadahar salah sahiji spésiés barakuda.[9] Maranéhna nu geus didiagnosis karacunan nunjukkeun gajala gastrointestinal, awak laleuleus sarta teu bisa ngabédakeun panas jeung tiis sacara épéktip.[10]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. Humann, P.; Deloach, N. (February 2002). Reef Fish Identification, Florida, Caribbean, Bahamas, 3rd edition. Jacksonville, Florida, USA: New World Publications, Inc. pp. page 64. ISBN 1-878348-30-2. 
  2. N. Bailly (2015). "Sphyraenidae Rafinesque, 1815". World Register of Marine Species. Diakses tanggal 6 April 2017. 
  3. a b c d Millburn, N. "The Great Barracuda's Diet". Animals - PawNation. Diarsipkan dari versi asli tanggal 2013-12-03. 
  4. a b c d e f "barracuda-fish". britannica.com. Diakses tanggal 2017-05-18. 
  5. a b c d e f g h i j k l m n o p q r "barracuda". Florida Museum of Natural History Ichthyology Department. Diakses tanggal 2017-05-18. 
  6. Martin, R.A. "What's the Speediest Marine Creature?". ReefQuest Centre for Shark Research. 
  7. Fletcher, P. (2010年). "Jumping barracuda injures kayaker off Florida Keys". Reuters. http://www.reuters.com/article/idUSTRE69H4C320101018 
  8. Fleshler, D. & Ortega, J. (2010年). "Leaping fish punctures lung of woman kayaking in Keys". Sun Sentinel. http://articles.sun-sentinel.com/2010-10-18/news/fl-barracuda-bite-20101018_1_kayaking-big-fish-houndfish 
  9. "Hazard, Market, Geographic and Nomenclature Information for Great Barracuda". Regulatory Fish Encyclopedia (RFE). U.S. Food & Drug Administration. 2002. Diarsipkan dari versi asli tanggal 2003-02-26. 
  10. "Barracuda Fish Facts". AtlanticPanic.