Binglu

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Binglu
Buah Mangifera caesia ti Lapuyan, Zamboanga del Sur, isayagikeun maké gaya has Philipina pikeun "merienda" atawa opieun.
Status konservasi
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
M. caesia
Ngaran binomial
Mangifera caesia
Jack ex Wall
Sinonim

Mangifera maingayi Hook.f., Mangifera langong Miq ., Mangifera longipetiolata King, Mangifera quadrifida var. spathulaefolia (Bl. »Engl., Mangifera rigida Bl ., Mangifera spathulaefolia Bl.

Binglu; Binjai; Mangifera caesia nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawarga anacardiaceae. Tangkal binglu masih kénéh barayana tangkal kemang (mangifera kemana), wujudna kawas buah/manggah malahan dina rasa leuwih amis tur seungit.[1][2] Binglu hirup kalawan subur di daérah landeuh mimiti 400 m, arang langka hirup di daérah anu perenahna 800 m dpl. ieu tangkal bisa kapanggih hirup sisi susukan alatan akarna kuat kakeueum cai.[3]

Ngaran séjén[édit | édit sumber]

Di sababaraha Nagara, Binglu mibanda ngaran anu béda-béda, seperti :

bin-yaa, lam-yaa (Th.), belenu (Mly., beluno (Sabah), baluno, bauno, bayuno (basa di Filipina), " Rancha-Rancha" : Brunei, Malaysia : Asam Kumbang, Sepam, Lekub, Pauh, Mangga Hutan, Damaran (Bajan). Asam (Sabah, Asam Kumbang (Sarawak). Di Indonesia, unggal daérah mibanda ngaran anu béda - béda ogé saperti: Ambatjang Rawanghalus (Balai Selasa, Sumatra), Batjang Utan, Boanu, Fuluh, Uding, Langong (Simalur, Sumatra), Putian (Palembang , Sumatra), Sempiat, Masam Koembang, Asam Kumbang. Asem Rawa, Asam Rarawa (Sumertra), Asam Putarum, Rarawa, Rawa-Rawa Biasa: Rawa- Rawa Pipit, Ubab (Kalimantan ) ; Basa Inggris /common name : Asam kumbang. binglu (Sd.), jeung wani (Bl.).

Sebaran[édit | édit sumber]

Spésiés ieu endemik di Malaysia - Brunei (Tutong), nyebar ka sababaraha daérah di Malaysia kapanggih hirup di: Sabah (Lahad Datu. Sandakan, Beaufort, Sepilok, Tawau), Sarawak, Semenanjung Malaysia (Perak, Pahang, Johor Kelantan), aya ogé di Singapura (Upper Mandai); Indonésia : Sumatera (Riau, Palembang , Beneden, Pulau Bangka, Ketambe, Aceh. Pulau Simalur, Balai Selasa, Teluk Rau dan Pelem). Kalimantan (Balikpapan. Bangko). Jawa (Bogor).

Ciri mandiri[édit | édit sumber]

Tangkal anu geus déwasa jangkung gedé, daun ngarumpuyuk katempo éndahna. Jangkung bisa nepi ka 30-45 m sarta buleudan tangkalna 50-80 (-120) cm. "Pepagan" (kulit) kelirna coklat kulawu katempo gugurata, kulit tangkal katempo bareulah kawas rorombeheu. Geutahna bodas sarta matak ateul lamun seug keuna kana kulit, ieu geutah bakal robah kelirna jadi semu hideung. [3]

Daun nunggal wujudna lonyod, remen katempo ngumpul dina tungtung régang. Ukuran 7-12(-30) x 3-5,5(-10) cm, heuras, menjangat, héjo hérang palebah luhurna sarta leuwih pias di palebah handapna. Tulang daun katempo ngajendul, cupat daun heuras 1-2,5 cm.

Kembang ngaranggeuy bijil dina tungtung régang, 15–40 cm, kembangna kerep sarta mibanda Cagak anu loba. Kembang kelirna beureum jambu, pias, ilangan 5, seungit; mahkota wujudna gurat, lk 10 mm; benang sari kelirna semu bungur , lk. 5 mm.

Buah binglu, lonyod nepika buleud endog, saliwat kawas lpuket malah henteuna kawas manggah anu henteu simetris wujudna. [3] Palebah beuheung, puhuna mibanda ukuran 12-20 x 6–12 cm, kulitna ipis pias aya totol semu konéng nepi ka semu coklat. Daging buahna bodas, lemes ampir henteu aya uratna, mibanda sari puah anu loba, kaangseu seungit pisan, amis heseum, pelok/sikina lonyod lk. 7 x 4 cm, kulit pelokna ipis dan tidak mengayu, monoembrioni.[2]

Ngabinihkeun tangkal binglu ilaharna tina sikina, ieu tangkal kembangan di bulan Juni-Désémber sarta buahna asak dina bulan Séptémber-Maret. Ngarekahkeun kujalan dicangkok tacan kungsi aya kacaritakeun sanajan bisa dilakukeun.[3]

Mangpaat jeung kagunaan[édit | édit sumber]

Binglu utamana dipelak pikeun diarah buahna, buahna bisa di dahar dina kaayaan seger mangsa geus asak. Bisa ogé dipaké campuran és, jus, masak lauk, sambel, jeung sajabana. Buah binglu anu ngora kénéh teu bisa didahar alatan geutah matak ateul.[2][4]

Kaina bisa dimangpaatekun pikeun nyieun papan, jeung bahan bangunan séjén anu sakira henteu beurat. Buahna anu geus asak bisa didahar dina kaayaan seger, saméméhna kudu dipesék heula tina cangkangna. Pucuk daunna ogé bisa didahar mangrupa lalab. Tangkal ieu bisa dijadikeun salaku tatangkalan hias disisijalan, alatan mangsa usum kembangan ieu tangkal katempo éndah kitu deui daunna ngarumpuyuk matak ngiuhan jalan. [3]

Daérah sebaran[édit | édit sumber]

Binglu pituin ti India. Tuluy nyebar sacara alami di Sumatra, Jawa,[3] Kalimantan jeung Semenanjung Malaya; sabagéan ahli percaya kana asal muasal ieu tangkal téh ti Kalimantan. Tuluy dibudidayakeun di daérah : Bali, Filipina jeung Thailand, jarang katempo di Jawa kulon.


Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. Lim, T.K (2012). Edible Medicinal and Non-Medicinal Plants: Volume 1, Fruits. London: Springer Science & Business Media,. p. 135. ISBN 9789048186617. Diakses tanggal (disungsi) 17 April 2021. 
  2. a b c Verheij, E.W.M. dan R.E. Coronel (eds.). 1997. Sumber Daya Nabati Asia Tenggara 2: Buah-buahan yang dapat dimakan. PROSEA – Gramedia. Jakarta. ISBN 979-511-672-2. Hal. 261.
  3. a b c d e f Sastrapradja, Setijati; Soetisna, Usep; Panggabean, Gillmour; Mogea, Johanis Palar; Sukardjo, Sukristijono; Sunarto, Aloysius Tri (1980). Buah-Buahan. 8:66 – 67. Jakarta:LBN-LIPI bekerjasama dengan Balai Pustaka.
  4. Heyne, K. 1987. Tumbuhan Berguna Indonesia, jil. 2. Yay. Sarana Wana Jaya, Jakarta. Hal. 1218.

Tutumbu ka luar[édit | édit sumber]

Citakan:Tumbuhan-stub