Galatik batu
| Galatik batu | |
|---|---|
| Status konservasi | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Karajaan: | |
| Filum: | |
| Kelas: | |
| Ordo: | |
| Kulawarga: | |
| Génus: | |
| Spésiés: | P. major |
| Ngaran binomial | |
| Parus major Linnaeus, 1758 | |

Galatik batu (Latin: Parus major) nyaéta spesies manuk nu asalna tina kulawarga Paridae genus Parus. [2][3] Ieu manuk kagolongkeun kana manuk nu ngakan kana sagala gegeremet (serangga) sabangsaning papatong, simeut, kukupu, caricangkas, jeung sajabana.[3] Habitat atawa tempat hirupna ilaharna di leuweung babakoan, huma, sisi leuweung sekunder, kebon, tegalan, pasawahan, padésaan, jeung taman.[3] Nyebar hirup dina dataran nu mibanda 2.000 m dpl (luhureun beungeut cai laut).[3][4]
Ciri mandiri
[édit | édit sumber]Gelatik-batu mibanda pangawakan nu kawilang leutik, tina tungtung buntut nepika pamatuk panjang na ngan (13 cm).[5]" Bulu dina awakna rupa-rupa aya kelir hideung, hawuk, jeung bodas.[3] Bulu dina hulu jeung tikoro kelirna Hideung.[3] Palebah pipina aya bulu bodas katempo atra pisan, jangjangna ogé aya setrip bulu bodas.[2]
Pamatukna semu hideung ukuranna kawilang leutik, panonna hideung, cekerna hawuk kolot.[3] Gurakgerikna lincah uclag-aclog dina dahan rikat pisan, kitu deui mangsa eunteup luhureun taneuh gerakanna angger tanginas atawa lincah pisan.[2]
Mangsa nyiar hakaneun, mimindengna mah bareng jeung pasanganna, sok sanajan kitu remen ogé katempo nyiar hakaneun sosoranganan.[3] mindengna katempo dina tangkal nu dauna maréncos, tangkal cemara, atawa tangkal sejen nu teupati remet ku dangdaunan.[5]
Tempona nyayang sok dina liang nu aya dina tangka, urut sayang manuk sejen nu geus teu dipaké deui.[2] Endog kelirna bodas, totol-totol beureum, sakali usum ngendog bijil 3-4 siki. Ngendog dina bulan April-Juni. [3]
Dicutat tina
[édit | édit sumber]- ↑ BirdLife International (2012). "Sitta frontalis". IUCN Red List of Threatened Species. Version 2012.1. International Union for Conservation of Nature. Diaksés tanggal 16 July 2012.
- 1 2 3 4 R. Williams, David (2013), Bird Conservation: Global evidence for the effects of interventions, Texas: Pelagic publishing, hlm. 100, ISBN 987190780719 ;
- 1 2 3 4 5 6 7 8 9 M. Perrins, Christopher (1987), New Generation Guide to the Birds of Britain and Europe, Texas: University of Texas Press, hlm. 48-50, ISBN 9780292755321
- ↑ Kabupaten magelang, Pemerintah (2011), Kajian Lingkungan Hidup Strategis RTRW Magelang, Magelang: Pemerintah Kabupaten Magelang, hlm. 2-24, ISBN - ;
- 1 2 J. Sutherland, William (2004), Bird Ecology and Conservation: A Handbook of Techniques, Oxford: OUP Oxford, hlm. 25, ISBN 9780191036989 ;
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
- IUCN Red List least concern species
- Artikel anu maké mikropormat 'spésiés'
- Artikel taxobox leungit taxonbar
- Articles containing non-English-language text
- Galat CS1: parameter tidak didukung
- Galat CS1: ISBN
- Galat CS1: karakter tidak terlihat
- Aves
- Chordata
- Sato Asia
- Sato Indonésia
- Sasatoan Sunda
- Taratas sasatoan
- Least Concern species