Gempol
| Gempol | |
|---|---|
| Tangkal Gempol | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Karajaan: | |
| Divisi: | |
| Kelas: | |
| Ordo: | |
| Kulawarga: | |
| Génus: | |
| Spésiés: | N. Orientalis |
| Ngaran binomial | |
| Nauclea orientalis | |
| N. orientalis distribution map. | |
| Sinonim | |
|
Daptar
| |
Gempol; Nauclea orientalis; Bangkal (id) nyaéta hiji tangkal anu asalna tina kulawarga Rubiaceae.
[1][2]
Ngaran séjén
[édit | édit sumber]Urang Inggris nyebut tangkal gempol yellow cheesewood aya ogé leichhardt pine, di Thailand disebutna kanluang.[3][4] Di Australia disebutna: Atulwanyi, Atulganyi, Gadugay, Jirrib, Kaapi, Kalpi (Aborigin); Bornéo : Bankal, Bangkol, Bongkol; Laos: Karn Luang Pilipina: Malakabak (bagobo), Mambog (bikol), Kabak, Hambabalos Sri Lanka: Batticaloa (Tamil), Bakmee (Sinhalese)[5]
Ciri mandiri
[édit | édit sumber]Tangkal gempol jangkungna bisa nepika 30 méter, buleudan tangkalna (diaméter 1 méter) Kulit tangkal semu konéng, sakapeung oranye, semu beureum sakapeung katembong beureum.[4]
Daunna héjo kolot, wanguna kawas écéng, ukuran panjang 10-27cm rubakna 6-17 cm. Kembangna seungit, kelir semu konéng aya ogé oranye, diaméterna 3-5cm, kalawan mibanda nektar jeung polen pikeun nyiruan madu.[6] Buahna korodok, tur loba siki laletik di jerona 1.5-2mm.[4]
Kagunaan
[édit | édit sumber]Urang Aborigin di kaléreun Queensland, Australia, ngamangpaatkeun kulitna pikeun ngubaran nyeri beuteung, digegel sasatoan, raheut séjéna.[3] Kai tangkal gempol geus dimangpaatkeun pikeun nyieun parahu, parabot rumahtangga kayaning: lomari, pago, dipan, jeung sajabana. Malahan di Timika Papua mah ieu tangkal gempol téh disebutna tangkal kai parahu.[4] Tangkalna anu ngarumpuyuk iuh bisa dimangpaatkeun pikeun pangiuh-iuh, sipatna anu henteu ogoan tur gancang jadi, tangkal gempol bisa dipelakeun dina taneuh anu henteu pati subur atawa tutuwuhan pikeun reklamasi.[7]
Kalakay dauna, mibanda sipat granulasi anu bisa dimangpaatkeun pikeun ngajaga kasuburan taneuh.[4][8]
Dicutat tina
[édit | édit sumber]- ↑ Maria Dayan; Rosalina Reaviles & Dolora Bandian (2007). "Indigenous Forest Tree Species in Laguna Province" (PDF). DENR Recommends. 15b. Ecosystems Research and Development Bureau, Department of Environment and Natural Resources: 12–13. Diarsipkeun ti asli (PDF) tanggal August 15, 2011. Diaksés tanggal May 7, 2011. Archived Agustus 15, 2011, di Wayback Machine
- ↑ HEYNE, K. (1913). DE NUTTIGE PLANTEN VAN NEDERLANDSCH-INDIË. Linrary New York Botanical Garden: Ruygrok & Co BATVIA. hlm. 63. Disungsi26 April 2021 Salah ngutip: Parameter dalam tag
<ref>tidak sah; - 1 2 Irdika Mansur, M.For.Sc., Dr. Ir. H. (1992). Bisnis & Budidaya 18 Kayu Komersial. Jakarta: Penebar Swadaya Grup. hlm. 21. ISBN 9789790026735. Diaksés tanggal (disungsi – 27 Dés 2020).
- 1 2 3 4 5 Hoogerwerf, A. (1970). Udjung Kulon: The Land of the Last Javan Rhinoceros. Jakarta: Brill Archive. hlm. 31. Diaksés tanggal (disungsi – 27 Dés 2020).
- ↑ Lim, T. K. (2013). Edible Medicinal And Non-Medicinal Plants: Volume 5, Fruits. London: Springer Science & Business Media. hlm. 754. ISBN 9789400756533. Diaksés tanggal (disungsi – 1 Jan 2021).
- ↑ J. Boland, M. I. H. Brooker, G. M. Chippendale, Douglas (2006). Forest Trees of Australia. Australia: Csiro Publishing. hlm. 650. ISBN 9780643069695. Diaksés tanggal (disungsi – 1 Jan 2021). Pemeliharaan CS1: Banyak nama: authors list (link)
- ↑ "Seed words in local language" (PDF). Wet Tropics Management Authority - Rainforest Explorer. Diarsipkeun ti asli (PDF) tanggal June 1, 2011. Diaksés tanggal May 3, 2011. Archived Juni 1, 2011, di Wayback Machine
- ↑ Dean McAdam; Andrew Pickering; Michael Barritt; Dave Rochford (2006). Vanda West (éd.). "The Explorer's Tree" (PDF). Junior Ranger Review (3). Northern Territory Parks and Wildlife Service, Northern Territory Government, Australia: 8–9. ISSN 1036-966X. Diarsipkeun ti asli (PDF) tanggal April 9, 2011. Diaksés tanggal May 3, 2011.
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |