Lompat ke isi

Guano

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Pulo guano Chincha di Péru, poto 21 Péb. 1863.
Sayang Peruvian Booby dijieun tina guano

Guano (tina basa Quechua 'wanu' ngaliwatan basa Spanyol) nujul ka tai manuk laut jeung kalong. Ajénna luhur pisan salaku gemuk (pupuk) atawa mesiu, sabab kandungan pospor jeung nitrogénna anu luhung. Superpospat nu dijieun tina guano dipaké pikeun aerial topdressing. Pikeun patani mah, tai manuk téh kawentar bisa ngaronjatkeun produksi pepelakanana. Taneuh nu kakurangan zat organik bisa jadi leuwih ngahasilkeun mun ditambahan ieu manur. Guano téh ngandung amonia, asam urat, asam pospat, asam oksalat, jeung asam karbonat, sarta garam taneuh. Lobana kandungan nitrat ogé ngajadikeun guano komoditas strategis; Perang Pasipik antara aliansi Péru-Bolivia jeung Cili utamana mah alatan tarékah Bolivia nu majeg pangusaha guano ti Cili.

Tambang guano

Guano anu hadé ayana di wewengkon nu hujanna teu loba jeung iklim garing, sabab hujan bakal méakkeun kandungan nitratna. Guano dipanén di sababaraha pulo di Sagara Pasipik (misalna Kapuloan Chincha jeung Nauru) jeung sagara lianna (misalna Pulo Juan de Nova). Pulo-pulo ieu téh mangrupa imah pikeun koloni-koloni manuk laut salila mangabad-abad, nepi ka tambang guano di wewengkon éta digali nepi ka méteran jerona. Dina abad ka-19, Péru téh kawentar tina komoditas guano. Salah saurang lulugu dina manén guano nyaéta Benjamin Drake Van Wissen.

Di sapanjang basisir Péru, guano téh geus dipanén salila sababaraha abad lilana, dikokolakeun ku pausahaan swasta jeung pamaréntah. Produsén nu pangpentingna dina sajarah komoditas guano nyaéta Guanay Cormorant; kandungan nitrogénna leuwih euyeub batan guano ti manuk laut lianna. Spésiés produsén guano lianna nyaéta Pelikan Péru jeung Peruvian booby.

Baca ogé

[édit | édit sumber]

Tumbu kaluar

[édit | édit sumber]