Hamérang bodas
| Hamérang | |
|---|---|
| Hamérang bodas, Ficus padana dari hulu Sungai Silau, Asahan, Sumatra Utara | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Karajaan: | |
| Divisi: | |
| Kelas: | |
| Ordo: | |
| Kulawarga: | |
| Génus: | |
| Spésiés: | Ficus padana |
| Ngaran binomial | |
| Ficus padana | |
| Sinonim | |
Hamérang bodas (Ficus padana) nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawargga Moraceae. Hamérang kasebut tangkal leutik hirup di leuweung sekunder, remen katempo di pipir gunung katempo daun handapna semu bodas; pérak mangsa nyingkab katiup angin. [2]
Ngaran daérah
[édit | édit sumber]Ngaran daérahna, saperti hamérang bodas, hamérang beureum (Sd.); kĕbĕg (kĕbĕk, kĕbak), kĕbĕg pĕtah, kĕbĕg putih, dĕdĕk (Jw.)[3]
Ciri mandiri
[édit | édit sumber]Tangkal ngaRungkun, jangkung 6-15 m, tajuk rubak ngan dahanna teu sakumaha kuat. Buleud tangkalna bisa nepika 30 cm. Mun diturih baris ngaluarkeun geutah, ieu geutah bakal ngagéblég tuluy neuasan kawas lilin.
Daun nyebar; gagang panjang nepi ka 18 cm; lambaran daun buleud, puhu ngawujud écéng, tungtung daun rata atau terbagi 5-7 menjari, reregean tapi henteu jero, palebah handap buluan lemes kelirna bodas aya ogé anu semu konéng. Kembangna bijil tina gigireun cupat daun (kélék daun), buleud gepéng, diaméterna nepika 4-5 cm, beureum-hideung mun geus asak, gagang lk 1 cm.
Agihan jeung ékologi
[édit | édit sumber]Hamérang bodas nyebar di Sumatra, Jawa, jeung kapuloan di sakurilingna.[4] Di Jawa Kulon, tangkal ieu tumuh dina tempat anu perenahna 300-1.300 m dpl, di leuweung sekunder jeung lamping jurang; remen kapanggih di tempat-tempat anu tara kagirid. Minangka gulma anu ngaganggu pepelakan di kebon téh.[3]
Galeri
[édit | édit sumber]- Daun-daun semai
- Daun penumpu
- Lilin tina geutah anu geus garing
- Buah pariuk
adicutat tina
[édit | édit sumber]- ↑ Burman, NL. 1768. Flora Indica: cui accedit series zoophytorum indicorum, ...: 226. Amstelaedami :Apud Cornelium Haek ;1768. (1 Mar-6 Apr 1768)
- ↑ Putu Dharma, Saniyatun Mar'atus Solihah, Farid Kusmwantoro, Yuzammi, I Dewa (2017). Koleksi Kebun Raya Lombok. Menteng Jakarta: LIPI Press. hlm. 12. ISBN 9789797999063. Pemeliharaan CS1: Banyak nama: authors list (link)
- 1 2 Heyne, K. 1987. Tumbuhan Berguna Indonesia 2: 697. Jakarta: Badan Litbang Kehutanan, Departemen Kehutanan. (versi berbahasa Belanda -1916- 2:72-3, sebagai F. toxicaria L.)
- ↑ Flora Malesiana: Ficus padana
Pranala luar
[édit | édit sumber]- Plant Illustration: Ficus padana
- Useful Tropical Plants: Ficus padana
- The Plant List: Ficus padana Burm.f. Archived 2020-02-15 di Wayback Machine
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |