Jukut riut

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Jukut riut
(Mimosa pudica)
Daunna ngariut umpama katodel atawa katiup angin
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Subfamili:
Génus:
Spésiés:
M. pudica
Ngaran binomial
Mimosa pudica

Jukut riut;Garut gedéh; (Mimosa pudica) nyaéta salah sahiji spésiés tutuwuhan tina génus Mimosa nu asup kana kulawarga kacang (Leguminosae).[1] [2][3] Hirupna nguyupuk luhureun taneuh /perdu anggota tina suku polong-polongan.[4] Ieu spésiés miboga sifat sensitif, daunna nu mangrupa daun majemuk bakal ngariut ku sorangan nalika adek jeung hiji barang.[3] daunna anu ngariut/narilep tadi ngan sakeudeung, sababaraha menit ka dituna, maruka deui jiga sasarina.[5] Mimosa pudica mangrupa spésiés asli Brasil tapi sumebar ka sakabéh daérah tropis Amérika, Afrika, jeung Asia.[6] Putri malu mangrupa tutuwuhan sub-kai taunan atawa dua taunan nu biasana nyebar jadi gulma di loba daérah tropis.[7] Hal ieu bakal babari kasebar sabab propagul na nu napel kana buuk mamalia jeung pakéeun manusa.[7] Tutuwuhan ieu sok ngabentuk panutup taneuh monotypic, jeung mangrupa gulma utama pikeun loba tutuwuhan tropis.[7]

Pedaran[édit | édit sumber]

Jukut riut mibanda ngaran anu béda-béda di unggal nagara, saperti : di Pilipina disebut makahiya anu hartina éra atawa isin; Urang Hindia Kulon sebutna mori vivi; nidikumba ceuk urang Sinhala anu hartina saré; di Tonga disebutna mate-loi anu hartina papaéhan.[8] Jukut riut, ngariutkeun daunna sangkan henteu diganggu ku sasatoan utamana anu ngakan jukut (herbivora), kelir daunna anu beulah handap leuwih pias ti batan anu luhurna, ku jalan kitu ieu jukut katempo geus layu antukna sato anu tadina hayang ngaganggu henteu jadi ku lantaran katempo jiga tangkal layu.[9]

Tangkalna cucukan, kembangna garing, buahna/polong , jeung daunna anu ngariut

Ciri mandiri[édit | édit sumber]

Tangkalna nguyupuk luhureun taneuh, panjang tangkalna kurang leuwih 1,5 méter. Sanajan tangkal ngorana mimiti bijil mah ajeg. tangkalna leutik mibanda dahan tur loba cucukan, daunna loba lalutik tur papasangan (bipinnately) biasana dina sagagang daun mibanda opat gagang daun leutik unggal gagang daun leutik mibanda kurang luwih 10 - 26 pasang daun, kembangna garing bijil tina penul kembang kelirna semu ganola, wujudna lonyod jiga endog ukurna 8–10 mm ( teu kaasup benang sari ) [10]

Buahna (polong) mibanda 2-10 papan anu panjangna kurang leuwih 1–2 cm, dinamangsa geus kolot iau cangkang buah carucukan dina sisina tur kelirna robah jadi semu cokelat nyumputkeun siki-siki teuas anu aya jeroeunna.[11]

daunna ngariut umpama katoél atawa ngahaja ditoél, ditiup, atawa kapanasan.[8] Ieu alatan ayana parobahan tekenan turgor dina tulang daun. Ieu kaayaan bisa waé karasa ku daun anu séjén, sok padahal henteu katoél. Ngariutna daun jukut ieu disebut seismonasti, sanajan kapangaruhan ku ayana tekenan atawa kareuwas (tigmonasti) buktina, ngariutna daun tigmonasti henteu kapangaruhan tibeulah mana datangna éta gangguan. daunna ogé ngariut dina mangsa geus surup panon poé, tuluy ligar deui isukan dina mangsa panon poé geus nyorot deui.[8]

Tempat hirup[édit | édit sumber]

Kembang Jukut riut

Jukut riut biasana hirup di wewengkon anu kahieuma ku tangkal séjén, sakapeung paselang jeung eurih atawa rungkun séjéna, mindeng kapanggi dina sisi jalan, galengan sawah, sisi kamalir, tambakan balong, kebon jeung réa-réa deui,[12] Jukut riut asal muasalna ti daérah Amérika , kaler, kidul, jeung tengah.[8] tuluy nyebar ka daérah séjén, kiwari jukut riut bisa kapanggih di Asia kidul, Asia kulon, jeung pulo-pulo di padifik. jukut ieu digolongkeun kana gulma/hama ku lantaran gancang pisan ngarekahanna contona di Australia jeung Tanzania.[13] Kitu ogé di nagara Ghana , Nigeria , Seychelles , Mauritius jeung Asia Timur ngan henteu dianggap hama.[8]

Ngaran séjén[édit | édit sumber]

Ieu tutuwuhan téh miboga loba pisan ngaran séjén saluyu jeung éta sipatna téa, di antaranna:

  • makahiya (Pilipina, hartina "éra")
  • mori vivi (Hindia Kulon)
  • nidikumba (Sinhala, hartina "saré")
  • mate-loi (Tonga, hartina "api-api paéh)

Obah[édit | édit sumber]

Unikna ieu tutuwuhan téh nyaéta saupama daunna dicabak, ditiup, didéang atawa dipoé, éta daun téh bakal buru-buru ngariut.[8] Éta hal téh ku alatan ayana parobahan tekanan turgor dina tulang daun.[13] Éta rangsangan téh bisa milu karasa ku daun séjén anu henteu milu kacabak. Obahna ieu tutuwuhan téh disebut seimonasti, nu sok sanajan dipangaruhan rangsangan ngaliwatan cabakan (tigmonasti), minangka conto, daun jukut riyud henteu nolih ti mana arah datangna cabakan.[13] Ieu daun tutuwuhan ogé nilep nalika mangsa panon poé surup, ogé mekar deui nalika panon poé medal.

Ieu tutuwuhan nilepkeun daunna pikeun ngajaga diri tina sato nu ngadahar tutuwuhan (herbivora) anu boga niat ngadahar inyana.[13] Daun jukut riyud beulah handap kelirna leuwih pias, ku cara némbongkeun kelir pias, sato anu satadina boga niat pikeun mgadahar ieu tutuwuhan baris boga anggapan yén ieu tutuwuhan téeh geus péot, nepi ka henteu tulus ngadaharna.[13]

Mangpaat[édit | édit sumber]

Sababaraha panalungtikan ngenaan mangpaat ieu tangkal jukut riut diantrana pikeun ngubaran, reumatik, bronchitis, jeung sajabana. Ieu ku lantaran jukut riut mibanda kimia tranquiliser, sedative pikeun ngurangan reuhak, expectorant jeung antitusive pikeun ubar batuk, antipiretic pikeun nurunkeun panas, antiinflammatory pikeun ngubaran raheut jeung diuretic pikeun ngalancarkeun kahampangan [14] Ekstrak tina akar tangkal jukut riut geus dicoba pikeun ngurangan pangaruh peurah oray kobra (naja Kaouthia) ku jalan nyegah enzim tina peurah kobra nyaéta (myotoxicity) henteu nyaliara saméméh meunang parawatan ti dokter[15] .

Tutumbu kaluar[édit | édit sumber]

  1. A. Duke, James (2008). Duke's Handbook of Medicinal Plants of Latin America. Jakarta: CRC Press. p. 452. ISBN 9781420043174. Diakses tanggal (disungsi – 23 Méi 2020). 
  2. Justus Karl Haßkarl, Justus (1845). Aanteekeningen over het nut, door de Bewoners van Java aan eenige planten van dat Eiland toegeschreven, uit berigten der inlanders zamengesteld. Perpustakaan Negeri Bavarian: Müller. p. 5. Diakses tanggal 5 Januari 2020. 
  3. a b (en)Mimosa pudica sensitif plant(diakses 8 Maret 2016)
  4. Klasifikasi Jukut riut
  5. Plants Remember You if You Mess With Them Enough March 28, 2016
  6. (en)sensitive plant (diakses 8 maret 2016)
  7. a b c (en)Mimosa pudica (diakses 8 Maret 2016)
  8. a b c d e f Distribution of Mimosa pudica in the United States of America Natural Resources Conservation Service, United States Department of Agriculture.
  9. ngariut ngarah teu diganggu Archived 2017-04-25 di Wayback Machine
  10. "Mimosa pudica L." (PDF). US Forest Service. Diakses tanggal 2008-03-25. 
  11. Chauhan, Bhagirath S. Johnson; Davi, E. (2009). "Germination, emergence, and dormancy of Mimosa pudica". Weed Biology and Management 9 (1): 38–45. doi:10.1111/j.1445-6664.2008.00316.x 
  12. Tempat hirup Archived 2016-07-14 di Wayback Machine
  13. a b c d e "Declared Weeds in the NT – Natural Resources, Environment and The Arts". Diarsipkan dari versi asli tanggal 2008-02-26. Diakses tanggal 2008-03-25. 
  14. mangpaat Jukut riut Archived 2016-07-14 di Wayback Machine
  15. "Journal of Ethnopharmacology : Neutralisation of lethality, myotoxicity and toxic enzymes of Naja kaouthia venom by Mimosa pudica root extracts". ScienceDirect. Diakses tanggal 2011-07-15.