Kacang bogor
Vigna subterranea | |
---|---|
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
(unranked): | |
(unranked): | |
(unranked): | |
Ordo: | |
Kulawarga: | |
Génus: | |
Spésiés: | V. subterranea
|
Ngaran binomial | |
Vigna subterranea (L.) Verdc.
| |
Sinonim[1] | |
|
Kacang Bogor (Voandzeia subterranea L.) nyaéta kacang nu asalna ti Afrika beulah kulon.[2] Kacang ieu asup ka Indonésia nalika mangsa abad ka-20.[2] Kacang ieu boga ngaran rupa-rupa saperti kacang bogor, kacang bogo, kacang manila, kacang banten (bs. Indonésia), kacang banten atawa kara pendem (bs. Jawa), kacang bogor, kacang bandung, kacang génggé, kacang jogo, kacang gondolo jeung kacang manila (bs. Sunda).[3] Kaonjoyan tangkal ieu nyaéta bisa hirup di taneuh nu unsur harana saeutik.[2] Kacang ieu geus sumebar ka wewengkon Madagaskar, Mauritus, India, Ceylon, Malaysia, Philipina, Iowa, New Caledonia, Australia, Amérika Tengah tropis, Suriname jeung Brazilia.[4]
Ciri, Rupa jeung Gizi Kacang Bogor
[édit | édit sumber]Ciri
[édit | édit sumber]Tangkal kacang bogor ieu mangrupa hérba sausum kalawan cabang-cabang lateral nu sulurna ka luhur taneuh.[4] Tangkal ieu boga daun majemuk kalawan tilu daun leutik nu ngawangun rupa ellips.[4] Tangkéy daunna panjang jeung buluan.[4]
Kembang kacang bogor kaasup tipe kembang kupu-kupu. Kembang mucunghul ti kélél daun tur sumebar tumuwuhna.[4] Mahkuta kembang warnana konéng ngora, konéng kolot kabeureum-beureuman jeung aya ogé nu warnana beureum kolot.[4] Panjang tangkéy kembang teu leuwih ti 1,5 cm.[4] Sanggeus sistem penyerbukan, tangkéy kembang manjang tuluy asup ka jero taneuh jadi ginofora.[4]
Rupa
[édit | édit sumber]Numutkeun wujudna, kacang bogor dibagi jadi dua bagéan nyaéta:[5]
- Kacang bogor polong hiji, nyaéta kacang nu rumpunna ngahasilkeun polong nu dominan sikina hiji.[5]
- Kacang bogor polong ganda, nyaéta kacang nu unggal rumpunna ngahasilkeun polong nu dominan sikina dua.[5]
Dumasar kana ukurana, dibagi ku dua bagéan ogé nyaéta polong nu ukurana gedé jeung leutik gumantung kana tingkat kasuburan taneuh jeung kumaha cara miarana di kebon.[5] Kacang bogor kaasup kana 18 rupa tatangkalan Leguminosae pangan nu bisa dijadikeun prospék nu alus pikeun komersial.[6]
Gizi
[édit | édit sumber]Gizi nu aya di kacang bogor nyaéta karbohidrat, protéin jeung lemak.[2] Masing-masing lobana 65g, 16g jeung 6g per 100g.[2] Total énergi nu dihasilkeun ku tilu zat gizi éta nyaéta 370 kkal/100g.[2] Di jero protéina ngawengku asam-amino ésénsial nu penting pisan pikeun kaséhatan.[2] Asam amino nu pangdominanna nyaéta metionin jeung lisin.[2]
Budidaya Kacang Bogor
[édit | édit sumber]Sarat
[édit | édit sumber]Tangkal kacang bogor bisa dipelak kalawan subur di wewengkon nu rata-rata suhu taunana 19 - 27 darajat celcius ogé ku panonpoe nu cukup.[4] Hujan nu idéalna nyaéta 500 mm - 3.500 mm/taun.[4] Kacang bogor minangka tangkal nu umurna pondok.[4] Tangkal ieu bisa tumuwuh kalawan gadé di daratan nu luhurna nepi ka 1.520 mdpl.[4] Kalawan asam taneuh (pH) nyaéta 5,0 - 6,5.[4]
Cara Ngolah Taneuh
[édit | édit sumber]Ngolah taneuh pikeun kacang bogor nyaéta saminggu saméméh dipelak kalawan dipacul.[4] Nalika taneuh diwuluku, dibéré pupuk kandang lobana 3 ton/ha.[4]
Melak
[édit | édit sumber]Jarak pelak nu dipaké nyaéta 60 cm x 25 cm.[4] Melakna ku cara ngaliangan taneuh.[4] Unggal liang diasupkeun dua siki binih.[4] Saméméh dipelak, binih dikeueum sapeuting di cai tiis sangkan ngagancangkeun mucunghulna tunas.[4] Sangkan binih teu ruksak, di jero liang dibéré Furadan 3G saloba 30 kg/ha.[4]
Pupuk
[édit | édit sumber]Iwal ti pupuk kandang, bisa ogé maké pupuk buatan nyaéta Uréa 100 kg/ha, TSP 50 kg/ha jeung KCl 50 kg/ha.[4] Pupuk TSP jeung KCl dibéré babarengan dina sakali pelak.[4] Pupuk uréa dibéré tilu kali nyaéta ⅓ dosis dina nalika dipelak, ⅓ dosis nalika umur tangkal 21 HST (hari setelah tanam) jeung ⅓ nalika rék kembangan nyaéta 35 HST.[4]
Nyiangan
[édit | édit sumber]Dilakukeun dua kali nalika tangkal umurna 4 MST (minggu sanggeus tanam) jeung 10 MST.[4] Nyiangan dilakukeun kalawan maké sistem koréd.[4]
Panén
[édit | édit sumber]Tangkal kacang bisa dipanén nalika 140 - 170 HST.[4] Tanda tangkal siap panén nyaéta daunna konéng.[4] Panén dulakukeun ku cara nyabut sakabéh bagéan tangkal kalawan tarapti ku bantuan garpuh taneuh.[4]
Référénsi
[édit | édit sumber]- ↑ "The Plant List: A Working List of All Plant Species". Archived 2021-10-23 di Wayback Machine
- ↑ a b c d e f g h Astawan, Made. 2009. Sehat Dengan Hidangan Kacang & Biji-bijian. Depok: Penebar Swadaya
- ↑ Kays, Stanley J. 2011. Cultivated Vegetables of the World: a Multilingual Onomasticon. Netherlands: Wageningen Academic Publishers
- ↑ a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab Fachruddin, Lisdiana. 2000. Budidaya Kacang-kacangan. Yogyakarta: Kanisius
- ↑ a b c d Rukmana, Rahmat. 2000. Kacang Bogor Budi Daya dan Prospek Usaha Tani. Yogyakarta: Kanisius
- ↑ Aykroyd,W.R. 1982. Legumes in Human Nutrition. Rome: Food and Agriculture Organization of the United Nations