Lompat ke isi

Kaceprek

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Kaceprek / Ki leuleu'eur
Bunga rambusa, Palabuan Ratu, Jawa Barat
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
P. foetida
Ngaran binomial
Passiflora foetida
Sinonim

Dysosmia ciliata M.Roem.
Dysosmia fluminensis M.Roem.
Dysosmia foetida (L.) M.Roem.
Dysosmia gossypifolia (Desv. ex Ham.) M.Roem.
Dysosmia hastata (Bertol.) M.Roem.
Dysosmia hibiscifolia (Lam.) M.Roem.
Dysosmia nigelliflora (Hook.)M.Roem.
Granadilla foetida (L.) Gaertn.
Passiflora baraquiniana Lem.
Passiflora ciliata Dryand.

Kaceprek; Ki leuleu'eur; Dysosmia ciliata nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawarga Passifloraceae.[1] Buahna katutupan ku kelopak kembangna anu ngagedéan nepika mangsana buahna asak, ieu tutuwuhan bauna teu pikaresepeun.[2]


Ngaran Séjén

[édit | édit sumber]

Ieu tutuwuhan ogé mibanda ngaran daérah saperti: ceplukan blungsun (Jw.), permot, rajutan, kaceprek atawa ki leuleu’eur (Sd.), jeung timun dendang atawa timun padang (Mal.).[2]

Ciri mandiri

[édit | édit sumber]

Tangkal wujud hérba ngarambat panjang bisa nepi ka, 1,5–5 m panjangna. Daun tunggal, panjang cupatna 1–3 cm, baruluan. Lambaran daun kabagi tilu, tungtungna rata sakapeung aya anu rérégéan tapi henteu pati atra katempo, kalayan tungtungna méncos, puhu daun wujudna jantung, 3,5-13 × 4,5–14 cm.[2]

Kembang mibanda kelopak tambahan wujudna kawas daun anu mungkus 3 lambar, Gagang sari napel tina puhuna, kitu deui jeung putikna. kaluar 3 wujudna ganda. Buah buni loba sikina disimbutan kudaun pelindung, buleud lonyod, 1,5–2 cm, konéng di mana geus asak.

Ékologi jeung kagunaan

[édit | édit sumber]

Tangkal kaceprek pituin ti Amerika Selatan, sanaja kiwari geus nyebar kalawan lega ka sakuliah dunya. Tutuwuhan ieu biasa kapanggih hirup pacampur jeung herba ogé rungkun séjéna di kebon, tegalan, sawah anu ngagaringan, di sisi basisir, sisi jalan, sisi leuweung jeung tampat-tempatdi leuweung anu nembrak ku cahaya panon poé.

dina mangsa katukang kaceprek dipelak pikeun diarah buahna, mun geus asak rasana amis tur loba sari buana. Barudak raresepun, ngan waé bahayana buah ngorana matak weureu.[2]

kaceprek ogé dipelak pikeun nutupan taneuh sangkan henteu dadas/érosi mangsa usum hujan datang, Pucukna anu ngora sakapeung dimanfaatkeun pikeunsayuran.[1]"

Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. a b Lim, T.K; - (2012). Edible Medicinal And Non-Medicinal Plants: Volume 4, Fruits. London: Springer. p. 166. ISBN 9789400740532. 
  2. a b c d Quattrocchi, Umberto; - (2016). CRC World Dictionary of Medicinal and Poisonous Plants: Common Names, Scientific Names, Eponyms, Synonyms, and Etymology (5 Volume Set). London: CRC Press. p. 2803. ISBN 9781482250640. 
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan

Tempo ogé

[édit | édit sumber]
  • Steenis, CGGJ van. 1981. Flora, untuk sekolah di Indonesia. Pradnya Paramita, Jakarta.
  • Verheij, E.W.M. dan R.E. Coronel (eds.). 1997. Sumber Daya Nabati Asia Tenggara 2: Buah-buahan yang dapat dimakan. PROSEA – Gramedia. Jakarta. ISBN 979-511-672-2.