Karédok
Pidangan

Karédok nyaéta kadaharan sabangsa loték anu bahanna tina lalab atah sabangsaning engkol ,bonténg, saladah, térong, leunca jeung nu séjénna.[1][2] Ngolahna sarua jeung nyieun loték [3].Karédok bisa disebut unik lantaran kabéh lalabna masih seger, teu ngaliwatan prosés masak nepi ka kandungan gizi jeung seratna loba pisan.[2]
Rupa-rupa Karédok
[édit | édit sumber]1. Karédok sayur
[édit | édit sumber]- Bahan Karedok[2]:
- Sambel Kacang[2] :
- 200 gram suuk goréng
- 5 siki céngék/ luyu jeung pangabutuh
- 2 siki cabé beureum
- 2 sendok téh cikur
- 1/2 sendok téh tarasi
- 1-2 sendok cuka
- 1 sendok téh uyah
- 1 sendok gula beureum
- 150 ml cai asak
- Cara Nyieun Karédok
- Campurkeun bumbu jeung kabéh bahan lalab-lalaban atah [2].leuwih ngirut lamun maké goréng emping di handapna dipurulukan[2].
2. Karedok Leunca
[édit | édit sumber]3. Karedok Kacang Panjang
[édit | édit sumber]4. Reuceuh Bonténg
[édit | édit sumber]- Bahan[4] :
- 1 bh bonténg
- Bumbu[4] :
- ½ sdt uyah
- 1 bh cabe beureum atawa céngék
- 2 cm cikur
- 1 siung bawang bodas
- Tarasi saperluna
- Cara nyieun [4]:
- Réndos bumbu, céngékna saeutik waé kusabab bakal karasa leuwih lada.[1]
sabada bumbu geus jadi, tambahkeun bonténg anu geus di teukteukan biasana jadi wangun pasagi.[4]
- Karédok biasana dihidangkeun dina coétna kénéh, bahan karédok ogé disaluyukeun jeung pangabutuh teu matok jiga resep nu dipedar saméméhna.[4].
Referensi
[édit | édit sumber]- 1 2 3 Tim, Dapur Demedia (2007). Aneka Masakan Sunda. Jakarta: DeMedia. hlm. 6. ISBN 9789791471015. (disungsi 16 Désémber 2020)
- 1 2 Resep Karedok Archived 2011-10-14 di Wayback Machine(diakses 18 Oktober 2011)
- ↑ [Hidayat,Rahmat Taufik, Spk. 2007 .Peperenian Urang Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama kaca 46]
- 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 Dari Dapur Sunda:Karedok Archived 2011-10-25 di Wayback Machine(diakses 18 Oktober 2011)
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |