Loték
| Loték | |
|---|---|
Prosés ngulek bumbu suuk pikeun loték. | |
| Tipe | Katuangan utama / Lalab asak |
| Asal | Sunda/Jawa Kulon |
| Bahan utama | Sayuran dikulub (bayem, engkol, togé, kacang panjang, waluh siem) |
| Bumbu | Suuk goréng, cikur, gula beureum, bawang bodas, uyah, asem jawa |
| Karakteristik | Sayuranna dikulub sarta dicampur langsung dina coét |
| Pasangan | Lontong, kupat, atawa sangu, jeung kurupuk |
Loték nyaéta kadaharan anu bahanna tina sabangsaning lalab-lalaban kayaning kangkung, engkol, kacang panjang, waluh, jsb[1].Ngolahna Lalab-lalaban diseupan atawa dikulub, tuluy diabuskeun kana bungbu (suuk, uyah, gula, jsb anu diréndos)[2].salaku kadaharan tradisional loték loba nu mikaresep[2].Loték méh sarua jeung pecel, eusina lalab-lalaban anu dikulub tur dicampur jeung bungbu anu geus diréndos[2]. Bungbu anu diréndos nyaéta tarasi, gula beureum, bawang bodas, suuk, cai asem, uyah jeung cabé atawa céngék[2].Lotek sacara umum leuwih karasa amis ti batan pecel jeung bisa didahar maké leupeut atawa sangu haneut anu dibarengan ku kurupuk atawa bawang goreng[2].
Kaonjoyan jeung kahéngkéran loték
[édit | édit sumber]Kaonjoyan
[édit | édit sumber]Loték miboga kandungan gizi anu luhur ku sabab loték bahan-bahanna tina lalab-lalaban jeung bungbu-bungbu anu ngandung gizi[2].
Kahéngkéran
[édit | édit sumber]Lotek salaku kadaharan tradisional can pati loba aya di Kota kawas ''pecel''[2]. Kadaharan ieu loba kapanggih di daérah Yogyakarta jeung Jawa Barat[2].ku sabab éta perlu ayana prosés ngawanohkeun deui ieu kadaharan di sababaraha kota.[2]
Referensi
[édit | édit sumber]| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |