Kirai

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Kirai
Dapuran tangkal kirai (metroxylon)
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Plantae
Kelas:
Liliopsida
Ordo:
Arecales
Kulawarga:
Arecaceae
Génus:
Metroxylon Rottb.
Spésiés:
Metroxylon sagu Rottb.
Sinonim

Metroxylon rumphii; M. squarrosum Becc. [1]

Kirai; true sago palm; metroxylon nyaéta tangkal nu asalna tina kulawarga Arecaceae (palm).[2] [1][3] Kirai ngahasilkeun tipung aci tina tangkalna, aci tangkal kirai geus loba dimangpaatkeun pikeun rupa-rupa olahan kadaharan sarta geus jadi hiji komoditi nu mibanda niléy ékonomi henteu saeutik.[4][5]

Ngaran daérah[édit | édit sumber]

Tangkal kirai dina basa Indonésia disebut tangkal sagu, urang Jawa nyebutna ambulung atawa kersulu, di Ambon disebutna lapia.[4] Di Kapuloan Banda, tangkalna disebut romiho, sedengkeun tipungna disebut sangyera. Di Makassar tangkalna disebut rambiya jeung tipungna disebut palehu.[6]

Disawatara nagara: Malaysia nyebutna tangkal rumbia, urang Pilipina nyebutna lumbia atawa lăbi, di Melanau disebut balau, di Burma disebut thagu-bin, di Kamboja jeung Thailand disebut sa-khu, jeung réa-réa deui.[4] [3]

Habitat[édit | édit sumber]

Kirai hirup di daérah nu mibanda iklim tropis baseuh, nyebar nepi ka daérah nu perenahna 700 mdpl.[1] Kalayan suhu 25 – 36° C, hujan dina sa taun 3000 - 3500 mm, tempatna kasorot ku panon poé langsung.[1] Di alam liar tangkal kirai hirup dina taneuh nu mibanda mineral kalawan ph taneuh 4,5 malahan bisa leuwih.[1]

Tangkal kirai loba kapanggih hirup di Papua; Papua new guinea, kapuloan Melanesia, pulo-pulo di Fiji, Solomon, pulo-pulo Bougainvile.[5] Habitat hirupna di sisi susukan, sisi rawa/embel, sarta taneuh nu jemlék, kitu deui di tempat séjén nu kaayaana kurang leuwih 1000 méter luhureun beungeut cai laut (mdpl).[4]

Daun kirai dipaké hateup

Ciri mandiri[édit | édit sumber]

Tangkal kirai mimiti katémbong tangkalna dina umur 45 bulan, bareng jeung lalésotanna palapah daun atawa barangbang.[4] Jangkung tangkalna bisa nepika 10 – 15 méter leuwih kalawan mibanda buleudan tangkal (diaméter) nepika 60 cm, mimiti kembangan dina umur 10~15 taun.[5][7]

Tangkal kirai mikabutuh kana cai nu loba, nu matak kirai mah loba kapanggih hirup di daérah rawa, sisi susukan jeung tempat séjén nu mibanda sumber cai.[4]

Palapah daun kirai panjangna nepika 7 méter, anak daunna panjang 1- 1,5 méter.[7] Daun nu geus kolot dimangpaatkeun pikeun nyieun hateup imah, samak (sok disebut kajang), kanéron, daun ngorana baheula sok dipaké bungkus udud bako gaganti pahpir.[7]

Tangkal kirai kembangan sarta buahan ngan sakali (monocarpic), buahna kesed mun hayang bisa dikonsumsi buahna kudu dikeueuman heula sababaraha poé dina leutak atawa cai laut.[7]

Tangkal kirai hirupna ngadapur (aya sababaraha tangkal dina satempat), henteu mibanda dahan sarta tangkalna katembong leuwih gendut.[8]

Kirai aya dua rupa: kirai nu cucukan tangkalna jeung kirai nu henteu cucukan, kirai nu cucukan ngan hirup di daérah landeuh ‘’(rendah)’’ deukeut ka basisir laut.[8]

Aci kirai beunang ngala mibanda kandungan : 27% Amilosa, 73% amilopektin. Tina contoh aci kirai nu garing ti sababaraha daerah di Indonesa, aci kirai mibanda : 10-17% cai, protein 0,31%, lemak atawa gajih 0,11 - 25 %, karbohidrat 81-88%, piber/serat 1,35%.[1]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f "Plant Resources of South-East Asia". Plant Resources of South-East Asia. 25-12-2019. Diakses tanggal 25-12-2019. 
  2. Heyne, K. (1913). DE NUTTIGE PLANTEN VAN NEDERLANDSCH-INDIË. Library New York Botanical Garden: RUYGROK & Co BATAVIA. p. 35. Diakses tanggal (disungsi) 8 Mei 2021. 
  3. a b Rigg, Jonathan (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen. p. 223. Diakses tanggal 15 Desember 2019. 
  4. a b c d e f Arif, Ahmad (2019). Sagu Papua Untuk Dunia. Kepustakaan Populer Gramedia: Springer Science & Business Media. p. 31. ISBN 9786024812003. Diakses tanggal 27 Desember 2019. 
  5. a b c Bajaj, Y. P. S. (1821). Trees IVVolume 35 dari Biotechnology in Agriculture and Forestry. London: Springer Science & Business Media. p. 219. ISBN 9783540605478. Diakses tanggal 27 Desember 2019. 
  6. Crawfurd, John (2017). Sejarah Kepulauan Nusantara: Kajian Budaya, Agama, Politik, Hukum dan Ekonomi 1. Yogyakarta: Penerbit Ombak. p. 281. ISBN 9786022584698. 
  7. a b c d Rahman Nur, Abdul (2018). Hukum Sebagai Alat Komunikasi Sosial. Kepustakaan Populer Gramedia: Springer Science & Business Media. p. 32. ISBN 9786024431723. Diakses tanggal 27 Desember 2019. 
  8. a b M. B. Kurniawan, Bayu Pratama, Kurniawan (2018). Mengenal Hewan & Tumbuhan Asli Indonesia. Jakarta: Cikal Aksara. p. 80. ISBN 9786028526173. Diakses tanggal 27 Desember 2019.