Ngaran Jepang

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh
Yamada Tarō (山田太郎), tipikal ngaran Jepang(lalaki), sarua jeung John Smith dina Basa Inggris. Jane Smith bisa jadi Yamada Hanako (山田花子).

Ngaran Jepang modérn (人名 jinmei) mibanda ngaran kulawarga, atawa surname, dituturkeun ku ngaran diri. Saperi di Cina, Kore, Vietnam jeung sababaraha wewengkon di Thailand sarta Indonésia, ieu dumasar kana sistim ngaran diri di Asia Wetan.

Ngaran tengah teu dipaké di Jepang, teu saperti dina ngaran urang kulon nu béda jeung ngaran diri.

Ngaran Jepang ilaharna ditulis dina kanji (karakter Han). Kanji keur hiji ngaran bisa mibanda kamanungkinan sababaraha cara maca.

Ngaran kulawarga nu ilahar di Jepang nyaéta Satō (佐藤) (nu pangilaharna), Suzuki (鈴木) (kadua ilahar), Takahashi (高橋) (katilu ilahar), jeung Katō (加藤) (nu kasupuluh) [1] (.XLS file). Kurang leuwih aya 100,000 ngaran kulawarga di Jepang. Ngaran kulawarga ogé gumantung kana wewengkon, contona ngaran Chinen (知念), Higa (比嘉), jeung Shimabukuro (島袋) ilahar di Okinawa tapi henteu wi wewengkon Jepang séjénna. Loba ngaran kulawarga Jepang nu asalna di kaayaan alam, contona, Ishikawa (石川) hartina "batu walungan", Yamamoto (山本) hartina "dasar gunung", jeung Inoue (井上) hartina "luhureun sumur".

Ngaran tengah leuwih loba variasi dina cara ngucapkeun jeung karakter nu dipaké. Ngaran lalaki ilahar ditungtungan ku -rō (郎 "budak lalaki", tapi ogé 朗 "jelas, caang") atawa -ta (太 "gede, dedeg"), atawa mibanda ichi (一 "mimiti [lalaki]"), kazu (oge ditulis ku 一 "mimiti [lalaki]", jeung sababaraha karakter séjénna), ji (二 "kadua [lalaki]" atawa 次 "saterusna"), atawa dai (大 "gede, agung") sedengan ngaran awewe nu ilahar maké ahiran -ko (子 "budak") atawa -mi (美 "geulis"). (Mimiti taun, ngaran awewe ilahar maké ahiran -ko mimiti ngurangan keur bayi sarta sababaraha di antarana miceun -ko sanggeus dewasa.) Ahiran séjén nu ilahar keur awewe nyaéta -ka (香 "seungit, parfum" or 花 / 華 "kembang") jeung -na (奈, atawa 菜, hejo).

Struktur[édit | édit sumber]

Sacara stuktur, ngaran Jepang sederhana dibandingkeun jeung ngaran tina budaya séjén. Sakabéh masarakat Jepang mibanda ngaran kulawarga jeung ngaran diri, euweuh ngaran tengah, iwal ti kulawarga Kaisar nu anggota teu boga ngaran kulawarga. Ngaran diri dina Basa Jepang disebutna the "ngaran" (名前 namae) atawa "ngaran handap" (下の名前 shita no namae). Ngaran kulawarga disebut myōji (苗字 atawa 名字), "uji" (氏) atawa sei (姓). Dina Basa Jepang, ngaran kulawarga memeh ngaran diri.

Aya sababaraha ngaran nu bisa jadi ngaran kulawarga atawa ngaran diri. (Contona Kaneko 金子, atawa Masuko 益子). Sanajan kitu, ilahar dina ngaran Jepang, nu ngaran kulawarga béda jeung ngaran diri, taya gantar pakair jeung nu dijéntrékeun di dieu. Sanajan kitu moal matak ngabingungkeun, sabab ngaran kulawarga salawasna ditulis saméméh ngaran diri kaasup dina Basa Inggris.

Karakter[édit | édit sumber]

Ngaran Jepang ilaharna ditulis dina kanji (karakter Basa Cina), sanajan aya sababaraha ngaran nu maké hiragana atawa katakana, atawa campuran kanji jeung kana. Sacara "tradisional" maca kanji ngaran maké kun'yomi (Basa Jepang asli), sabagéan gedé ngaran kulawarga jeung ngaran diri dina maca kanjina maké on'yomi (dumasar kana Basa Cina). Loba nu cara maca kanji ngan husus keur ngaran (nanori), saperti ngaran awewe Nozomi (希). Lolobana ngaran kulawarga disusun kua hiji atawa dua kanji. Aya ogé anu maké tilu karakter kanji. Sacara tipikal nyaéta Sasaki (佐々木) jeung Igarashi (五十嵐). Hon'inbō (本因坊, ngaran nu kawentar keur kulawarga pamaén go players), Shōji (東海林), Gushiken (具志堅), Sakonjū (左近充), jeung Kindaichi (金田一) contoh nu leuwih teu ilahar. Aya ogé nu ngaran kulawargana opat karakter kanji, saperti Mukainakano (向井中野), tapi ieu bener-bener jarang.

Ngaran awewe loba nu suku kata tungtungna ko, ditulis maké kanji nu hartina "budak" (子). Hal ieu mimiti ilahar ti taun 1980-an, tur masih dipaké nepi ka ayeuna. Ngaran lalaki ogé aya sababaraha nu maka ahiran suku kata ko, tapi jarang maké kanji 子 (leuiwh remen, lamun ngaran lalaki maké ahiran ko, tungtungna hiko, maké kanji 彦). Ngaran tuntung ilahar keur lalaki -shi jeung -o; ngaran tungtung -shi ilaharna kecap gawe upamana, Atsushi nu hartina "bakal bajoang." Baheula (saméméh Perang Dunya II), ngaran awewe ilahar maké katakana, tapi kaayaan ieu lila-lila leungit sorangan. Hiragana keur ngaran awewe teu ilahar dipaké. Ngaran kana keur budak lalaki, sabagéan ditulis maké hiragana, sanajab ieu ogé jarang dipaké. Hal ini sabab skrip hiragana katembongna "feminin"; dina abad pertengahan Jepang, awewe ilaharna teu diajar kanji tur loba nulis maké hiragana.

Ngaran, saperti kecap dina Basa Jepang, teu bisa dimimitian ku suku kata n (ん, ン). Sababaraha ngaran nu tungtungna n: ngaran lalaki saperti Ken, Kon, Shin, Jun, jeung Den .

Babagéan ngaran kulawarga bisa dibagi kana ngaran "-tō" . Kanji 藤, hartina wisteria, nu on'yomi (atawa, jeung rendaku, ). Loba urang Jepang nu boga ngaran kulawarga salakau karakter kadua. Ieu sabab Fujiwara clan(藤原家)mere ngaran kulawarga samurai ku karakter mimiti dina ngaranna, nu nembongkeun status dina éra éta nu mana teu diwenangkeun ngaran kulawarga. Contona Atō, Andō, Itō (although a different final kanji is also common), Udō, Etō, Endō, Gotō, Jitō, Katō, Kitō, Kudō, Kondō, Saitō, Satō, Shindō, Sudō, Naitō, Bitō, jeung Mutō. Sababaraha ngaran kulawarga nu ilahar aya dina runtuyan ieu.

Hesena maca ngaran[édit | édit sumber]

Hiji ngaran ditulis maké kanji bisa mibanda leuwih ti hiji cara ngeja, tapi ngan hiji nu bener keur ngaran hiji jalma. Contona, ngaran kulawarga nu ditulis maké kanji 中田 bisa dibaca boh Nakata atawa Nakada. Sabalikna, hij ngaran bisa ditulis dina sababaraha bentuk kanji, tur ngan hiji ngaran nu bener keu hiji jalma. Karakter 一 nu dipaké keur ngaran lalaki bisa dipaké dina sababaraha bentuk tulisan saperti "Hajime," "Ichi," "Kazu," "Hitoshi," jeung séjénna. Ngaran "Hajime" bisa ditulis saperti kieu: 始, 治, 初, 一, 元, 肇, 創, 甫, 基, 哉, 啓, 春, 本, 源, 東, 大, 孟, atawa 祝. Hal ieu kacida lobana nu pakait antara ngaran jeung cara nulisna nu ilahar dipaké keur ngaran lalaki tinimbang ngaran kulawarga atawa ngaran awewe, tapi sakabéhna bisa ditempo dina kategori ieu. Ieu bisa nyieun gabungan, cara maca, jeung romanisasi ngaran Jepang jadi masalah nu rumit. Ku sabab kitu, dina kartu ngaran geus ilahar nuliskeun cara maca nu disebut furigana, tur dina pormulir jeung dokumen méré lolongkrang keur nulis cara maca ngaran dina kana (ilaharna katakana). Di rumah makan di Jepang, keur ngantri tempat diuk nu dituliskeun dina daptar nungguan, ilahar ditulis maké katakana tinimbang kanji.

Sabagéan leutik ngaran Jepang, bagéan tina ngaran kulawarga, ngagunakeun karakter heubeul. Conto nu ilahar dipaké nyaéta keur karakter shima, pulo, bisana ditulis 嶋 keur gaganti nu ilahar 島. Sababaraha ngaran ogé maké kanji nu teu ilahar, atawa kanji nu geus teu dipaké deui dina Basa Jepang modérn. Urang Jepang nu maké ngaran ieu teu hayang ngaganti ku karakter nu sarua atawa sederhana dina karakter Basa Jepang modérn.

Hiji conto ngaran Saitō. Aya leuwih ti 100 kanji nu bisa dibaca sai tur leuwih ti 200 kanji keur , dina hal ieu, aya dua kanji ilahar keur sai. Dua karakter sai ieu mibanda harti nu béda: 斉 hartina "babarengan" atawa "paralel", tapi 斎 hartina "ngabersihan". Dua karakter nu ngabingungkeun ieu bisa nyababkeun kaeraan.

Ngaran kulawarga kadangkala ditulis maké karakter "idiosyncratic", disebut ateji, nu pakait teu langsung jeung cara ngucapkeun ngaran. Contona, 四月一日 ilaharna dibaca shigatsu tsuitachi ("1 April"), tapi dina ngaran kulawarga dibaca watanuki ("pakean salapis"), sabab 1 April nyaéta tanggal tradisional keur ngarobah pakéan ti usum tiris ka usum panas.

Salian ti hese ieu, aya cukup pola jeung ulangan ngaran keur urang Jepang asli nu bisa kapanggih keur ngaran kulawargana jeung ngaran diri.

Aturan[édit | édit sumber]

Ngaran maké kanji di Jepang diatur ku aturan pamaréntah ngeunaan aturan pamakéan kanji. Nu dipaké ayeuna (Oktober 2004) 2.232 "kanji ngaran" (jinmeiyō kanji) dipaké keur ngaran diri, sarta pamaréntah ngarencanakeun keur naekeun ieu list ku nambahan 578 kanji di mangsa nu bakal datang. Ieu mangrupa tambahan panggedéna saprak Perang Dunya II. Ngan kanji nu ditetepkeun sacara resmi nu dipaké keur ngaran jalma. Hal ieu keur ngayakinkeun ngaran bisa ditulis tur dibaca dina leteratur Basa Jepang. Aturan ogé ngatur ngaran nu teu ilahar dipaké; contona dina taun 1993 aya nu ngusulkeun keur méré ngaran budakna Akuma (jurig) nu dilarang keur dipake.

Pamaréntah Jepang ngatur sacara teges jumlah kanji nu dipaké keur ngaran nu barudak jumlahna 2,230, tapi loba karakter heubeul nu masih dipaké dina ngaran kolot. Sabab kategesan ini matak ngabingungkeun keur dipaké dina ngaran kolot, loba nu ayeuna robah malah jadi nambahan tinimbang ngurangan jumlah kanji nu meunang dipaké dina ngaran. Sanajan kitu, Pangadilan Luhur Saporo nangtukeun yén taya kakuatan pamaréntah keur teu narima nu ngadaptarkeun ngaran budak sabab aya karakter kanji nu ilahar kapanggih tapi teu kaasup kana karakter ngaran resmi nu dikaluarkeun ku Departemen Kehakiman. séjénn, pamaréntah Jepang ogé ngarencanakeun keur nambahan jumlah "nu diijinkeun" keur ngaran maké kanji.

Rencana keur nambahan jumlah kanji loba nu protes, sabab sabagéan gedé karakter Cina nu hartina "kanker", "wasir", "mayit" jeung "geugeuleuh", kaasup kana jukugo (kecap nu ngandung dua atawa leuwih kanji) hartina "sumpah", "palacuran", tur "perkosa", kaasup kana daptar tambahan. Hal ieu sabab taya ukuran keur nangtukeun kanji nu diusulkeun. Sanajan kitu, pamaréntah bakal menta asupan ti masarakat saméméh nyatujuan kana daptar tambahan.

Loba urang Jepang jeung agen nu ngasupkeun adat istiadat keur nyatujuan isu ieu. Buku alamat, upamana, ilahar maké furigana atawa karakter rubi keur ngajelaskeun cara maca ngaran. Kawarganagaraan Jepang diperlukeun keur maké ngaran romaji dina pasporna. Media Jepang ayeuna maké katakana keur ngarujuk kana selebriti Jepang nu kawentar sacara internasional tur dimimitian basa keur budak dina raraga sosialisasi maké katakana keur ngahormatna.

Sakabéh kompilasi ieu ogé kapanggih dina ngaran tempat di Jepang.

Teu sakabéh ngarah lengkep. Sababaraha ngan ilahar disimpulkeun ku frase tanakamura ("desa di tengah-tengah huma"): aya tilu kanji: 田 (ta, sawah), 中 (naka, tengah) tur 村 (mura, désa), babarengan dina unggal pasangan, nyieun bentuk sederhana, dipaké keur ngaran kulawarga: Tanaka, Nakamura, Murata, Nakata, Muranaka, Tamura.

Adat istiadat[édit | édit sumber]

Baheula, ngaran di Jepang dianggap milik Kaisar tur ngaran kulawarga ngagambarkeun aturan dina pamaréntahan nu "dilayani". Contona Otomo. Ngaran ogé bisa dibéré salaku kahormatan jeung kontribusina. Sababaraha ngaran kulawarga asalan tina ngaran Cina jeung ngaran Korean. Contona Kaneshiro (金城) (Cina) jeung Ō (王) (Cina).

Salila Restorasi Meiji, masarakat Jepang ilahar (masarakat séjén ti kuge jeung samurai) teu mibanda ngaran kulawarga, jeung lamun penting, diganti nu ngaran tempat lahirna. Contona Ichirō lahir di Asahi mura (désa Asahi) di propinsi Musashi bakal disebut "Ichirō ti Asahi-mura Musashi". Pelayan dibéré ngaran sanggeus tempat usahana (contona, Denbei, nu boga Sagamiya, bakal disebut Sagamiya Denbei), sarta patani ku maké ngaran bapana (contona, Fujida, nu ngaran bapana Doiji, bakal disebut "Fujida putra Doiji"). Sanggeus restorasi Meiji, pamaréntah nitah keur sakabaeh wargana keur méré ngaran kulawarga salian ti ngaran diri: loba masarakat nu nyokot dumasar kana ngaran sajarah, sedengkeun nu séjénna dumasar kana sederhana jeung tempat kulawarga tumuwuh. Ieu nerangkeun, sabagéan gedé ngaran kulawarga di Jepang kacida loba bédana dina cara ngeja jeung ngucapkeun.

Salila périodeu kulawarga nu mibanda sababaraha budak, ilahar nyebut ngaranna dumasa kana nomer kalahiran ditungtungan ku (郎, "putra"). Budak mimiti disebut "Ichirō", kadua "Jirō", jeung saterusna. Budak awewe ilahar dingaranan ko (子, "putri") dina tungtung ngaran dirina; teu matak bingung ku ahiran nu kurang ilahar keur budak lalaki hiko (彦). Kaayaan ieu lila-lila beuki teu ilahar, sanajan masih kénéh loba budak nu maké ngaran ieu.

Nyebut ka jeung sejenna[édit | édit sumber]

Artikel utama: Japanese titles

Cara nyebut ngaran dina paguneman gumantung kana kaayaan jeung hubungan nu ngobrol jeung nu ngadengekeun jeung ngaran nu dibawa. Ilaharna nu dipaké ngaran kulawarga, ngaran diri leuwih remen dipaké dina kaayaan informal jeung nu ngobrol leuwih kolot, leuwih senior atawa geus wanoh kana ka nu diajak ngobrol. Lamun ngobrol kanu séjén, atawa ka di luar group, gelar tambahan saperti さん -san dipaké.

Urang Jepang jarang nyebut ngaran kanu leuwih seniors atawa kasaluhureun, cukup ku maké gelar: di lingkungan kulawarga saperti okaasan ("ema"), di sakola 先生 sensei ("guru"), sedengkeun di parusahaan 社長 shachō.

Ngaran panggilan[édit | édit sumber]

Ilahar di Jepang nyieun singgetan ku nyokot dua morae mimiti tina kecap tur kadangkala dipaké kana ngaran (ilahar keur selebriti). Contona, Takuya Kimura (木村 拓哉 Kimura Takuya?), ngaran aktor jeung penyangi Jepang, jadi Kimutaku (キムタク?). Kadangkala dipaké ogé keur salian ti selebriti Jepang: Brad Pitt, nu ngaran lengkepna dina Basa Jepang Buraddo Pitto (ブラッド ピット?) ilahar disebut Burapi (ブラピ?), Jimi Hendrix, disingget Jimihen (ジミヘン?). Sababaraha selebriti Jepang ogé maké ngaran kombinasi kanji jeung katakana, saperti Beat Takeshi (Takeshi Kitano), Marcy (Masashi Tashiro), Martin (Masayuki Suzuki).

Ngaran kaisar[édit | édit sumber]

Akishino-dera di Nara, ti dieu Ratu Akishino nyokot ngaranna
Searchtool.svg
 Tingali ogé: Imperial Household of Japan.

Kaisar Jepan jeung kulawargana teu mibanda ngaran kulawarga dumasa kana alesan sajarah, ngan ngaran diri saperti Hirohito (裕仁), nu jarang dipaké di Jepang: Urang Jepan leuwih resep nyebut "Kaisar" atawa "Putra Mahkota", keur nembongkeun hormat jeung ukuran lemesna basa.

Waktu putrana lahir di kulawarga kaisar, aranjeunna dipasihan ngaran standar, saperti gelar husus. Akihito, upamana, ngaran lahirna Tsugo-no-miya Akihito, tur dumasa kana "Ratu Tsugo" salila keur leutik. Gelar ieu ilahar dipaké nepi ka jadi kaisar atawa keur ngaran kulawrga ratu (常陸宮 Hitachi-no-miya, 三笠宮 Mikasa-no-miya, 秋篠宮 Akishino-miya, jst.).

Loba ngaran anggota kulawarga kaisar jadi ngaran nu ilahar dipaké sanggeus Perang Dunya II, tur ngasupkeun ngaran kulawarga kaisar jadi ngaran kulawarga ilahar. Contona Asaka Yasuhiko.

Sajarah ngaran[édit | édit sumber]

Struktur ngaran kiwari (ngaran kulawarga + ngaran diri) teu dikumpulkeun saméméh taun 1870 mangsa pamaréntah mimiti nyieun sistim registrasi ngaran kulawarga.

Dina zaman féodal, ngaran ngagambarkeun status sosial nu bogana. Ngaran ogé nembongkeun karaketan kana agama Buddha, Shintō, militer, sarjana-konfusi, padagang, buruh tani, budak jeung pagawe karajaan.

saméméh zaman féodal, ngaran marga Jepang ilahar dipaké dina sajarahna: ngaran maké no kaaseup kana kategori ieu. (No hartina tina, sanajan pakaitna tibalik dina runtuyan Basa Jepang, sarta teu sacara ilahar ditulis dina cara nuliskeun ngaran.) Mangka, Minamoto no Yoritomo (源 頼朝) nyaéta Yoritomo (頼朝) tina marga Minamoto (源). Fujiwara no Kamatari, Ki no Tsurayuki (紀 貫之), tur Taira no Kiyomori (平 清盛) conto tambahanna.

Dina sajarahna, urang Jepang maké sababaraha ngaran keur dipaké dina kaayaan anu béda. di antara nu ilahar dipaké nyaéta Azana, Imina atawa Okurina (séjénna ditarjamahkeun kana ngaran anumerta) sarta atawa Kagō (ngaran samaran). Teu ilahar keur saurang mibanda leuwih ti 10 ngaran. [2] Imina sarua jeung hiji ngaran sabenerna sarta ngaran sabenerna bakal disebut anumerta Imina. Hal ieu ku sabab dipaké sanggeus maot, sarta dumasar kana Okurina sedengkeun ngeja Imina kaasup pamali. Azana, nu dibéré basa Genpuku (元服), dipaké kunu séjén jeung dirina sorangan keur nunjukkeun ngaran nu sabenrna. Kagō ngarah ilahar nu asalna tinda tempat atawa imah.

Dina periode shogun katomperanakeun, loba aktivis anti pamaréntah nu maké sababarahan ngaran samaran nyumputkeun aktitipitasna ti shogunate. Contona Saitani Umetarō (才谷梅太郎) keur Sakamoto Ryōma (坂本 龍馬), Niibori Matsusuke (新堀松輔) keur Kido Takayoshi (木戸 孝允) jeung Tani Umenosuke (谷梅之助) keur Takasugi Shinsaku (高杉 晋作). Ngaran sastrawan nu kawentar Kyokutei Bakin (曲亭 馬琴) ogé mibanda 33 ngaran séjén.

Ngaran Profesional[édit | édit sumber]

Aktor jeung artis ti Kulon jeung drama Jepang, tukang heureuy, atlet sumo, pangrajin tradisional ilahar maké ngaran profesional. Aktor Kabuki nyokot salah sahiji ngaran kulawarga tradisional saperti Nakamura (中村), Bandō atawa Onoe. Loba ngaran panggung aktor jeung artis tipi jeung pilm nu teu ilahar saperti dina ngaran diri urang Jepang, tapi rada béda dina macana. Upamana, Kamatari Fujiwara (藤原 鎌足) milih maké éta ngaran sanggeus nyieun kulawarga Fujiwara, sedengkeun Hino Yōjin (日野陽仁) ngran nu kadengena kudu tarapti nyanghareupan seuneu (sanajan ditulisna béda). Loba ngaran dina komik saperti Beat Takeshi jeung Beat Kiyoshi milih ngaran Kulon dina aksina sarta maké ngaranna (atawa ngaran panggung) keur ngaran dirina. Pangarang biasana leuwih pinter dina milih ngaran, contona Edogawa Ranpo nu dijieun saperti kadengena "Edgar Allan Poe".

Pegulat sumo maké ngaran pegulat disebut shikona (醜名 or 四股名). Sedengkeun shikona bisa tina ngaran kulawarga pegulat sorangan, lolobana bagéan-luhur rikishi mibanda ngaran shikona nu béda ti ngaran kulawargana. Tipikal shikona mibanda hiji, dua atawa tilu kanji. Lolobana, bagéan ngaran asalna tina jagoan gulatm ngaran tempat (saperti ngaran propinsi, walungan, atawa laut), ngaran pakarang, barang nu dianggap tradisional Jepang (saperti koto atawa nishiki), atawa watesan nu nembongkeun kakuatan. Lolobana, waka nunjukkeun yén bapana pegulat ogé dina sumo; dina kasus ieu, hartina junior. Pegulat bisa ngarobah ngaran shikona, saperti Takahanada jadi Takanohana (貴ノ花) mangk Takanohana (貴乃花). Conto séjénna pegulat Kulon Sentoryu, nu hartina pajoang perang naga tapi pge homophonous jeung St. Louis, kota asalna.

Geisha sarta pangrajin tradisonal jeung seni saperti keramik, upacara nginum teh, kaligrafi, irezumi (tukang nyieun tato) jeung ikebana (ngarankai kembang) ogé maké ngaran profesional. Dina loba kasus, asalna ti seniorna nu ngajarkeunna.

Ngaran Jepang dina Basa Inggris[édit | édit sumber]

Saperti dina kasus transliterasi séjénna, ngaran Jepang dina Basa Inggris ogé dumasar kana sababaraha isu, utama isu romanisasi jeung susunan ngaran.

Rada béda tina susunan nu dipaké dina bagéan séjén di dunya, sababaraha dina bagéan akademik, nyokot kana konvensi nulis ngaran kulawarga maké huruf gedé lamun diromanisasi: upamana Takuya MURATA atawa MURATA Takuya. Artis nu digawe di luar Jepang tur ngagunakeun Basa Inggris ilaharna maké runtuyan Basa Inggris dina nuliskeun ngaranna: upamana Ryuichi Sakamoto (坂本 龍一 Sakamoto Ryūichi), Shunji Iwai (岩井 俊二 Iwai Shunji), tur Haruki Murakami (村上 春樹 Murakami Haruki). Urang Jepang nu nu hirup di luar negeri, saperti Yoko Ono (小野 洋子 Ono Yōko) jeung Ichiro Suzuki (鈴木 一朗 Suzuki Ichirō), ilahar maké susunan Kulon.

Gambar:SugorokuMutou.PNG
Manga ditarjamahkeun kana Basa Inggris jeung Basa Indo-Eropa ilahar make ngaran Kulon jeung karakter Jepang. Karakter "Sugoroku Mutou" dina Yu-Gi-Oh! ngaranna dibacaMutō Sugoroku dina susunan Basa Jepang. Karakter ieu nu dipikawanoh salaku "Solomon Muto" dina seri TV Basa Inggris.

Loba panalungtik sajarah jeung Basa Jepang maké susunan Jepang, mangka gambaran sajarah jeung literatur ilahar dipaké salaku rujukan dina susunan Jepang: upamana Murasaki Shikibu (紫 式部) jeung Tokugawa Ieyasu (徳川 家康). Sanajan kitu, publikasi dina Basa Inggris leuwih condong ngagunakeun susunan Kulon lamun ngobrolkeun tokoh kiwari, hususna politukus, bisnismen jeung atlit. Sacara jelas, lamun ditulis dina karakter kanji, susunan ngaran Jepangna tara tibalik.

Publikasi Basa Inggris nu condong maké susunan Kulon keur ngarujuk gambaran urang Jepang nyaéta:

Nu angger ngagunakeun runtuyan Jepang nyaéta:

  • Artikel Scholastic
  • Buku ngeunaan aktivitas sejarah Jepang saperti Go jeung Waka

Karakter dina tarjamahan Basa Jepang saperti dina manga, anime jeung video game mangrupa kasus husus. Karakter ieu kadangkala dibéré ngaran Kulon anyar (saperti dina Pokémon), atawa angger dina Basa Jepang boh maké runtuyan Jepang atawa runtuyan Kulon. Karakter ieu ogé kaasup nu maké non-Hepburn dina transliterasina, atawa béda transliterasi keur edisi manga, anime jeung/atawa vidéo game (saperti dina Yu-Gi-Oh!).

Tempo ogé[édit | édit sumber]

Keur detil ngeunaan kumaha cara ngasupkeun ngaran basa Jepang di Wikipédia, tempo Wikipedia:Manual Gaya (Artikel nu aya hubungannana jeung Jepang).

Citations[édit | édit sumber]

Some materials taken from Kodansha Encyclopedia of Japan, article on "names"

Bacaan saterusna[édit | édit sumber]

  • Koop, Albert J., Hogitaro Inada. Japanese Names and How to Read Them 2005 ISBN 0710311028 Kegan Paul International Ltd.
  • O'Neill, P.G. Japanese Names 1972 ISBN 0834802252 Wéatherhill Inc.
  • Plutschow, Herbert. Japan's Name Culture 1995 ISBN 1873410425 Routledge/Curzon
  • Poser, William J. (1990) "Evidence for Foot Structure in Japanese," Language 66.1.78-105. (Describes hypochoristic formation and some other types of derived names.)
  • Throndardottir, Solveig. Name Construction in Medieval Japan 2004 ISBN 0939329026 Potboiler Press

Tumbu kaluar[édit | édit sumber]

Rujukan[édit | édit sumber]

Wikipedia Basa Inggris September 2006