Lompat ke isi

Sajarah Finlandia

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Peta wewengkon Skandinavia jeung Fennoscandia taun 1730, kaasup wilayah Jérman kalér, Polandia kalér, wewengkon Baltik, Livonia, Bélarusia, jeung Rusia kalér kulon. (jieunan Johan Homann)

Ditingali tina wanci sajarah, dina harti ayana rincian anu ditulis ngeunaan Finlandia, sajarah Finlandia mimiti kacatet sabudeureun taun 1100 M, nyaéta wanci kapamilikan Finlandia masih diparebutkeun ku Swédia jeung Rusia.[1] Sajarah Finlandia ngeunaan pangwangunan padumukan, pangrebutan wilayah jeung kakawasaan, tuluy kamerdékaan Finlandia éta sorangan. Di éra modérn, Finlandia ngalaman jadi negara handapeun kakawasaan Rusia jeung Swédia. Tuluy nuturkeun Révolusi Rusia, Finlandia ahirna ngamerdékakeun manéh. Salila Perang Tiis, Finlandia mertahankeun posisi nétral, tuluy jadi anggota Uni Éropa di taun 1995. Saprak invasi Rusia ka Ukraina, Finlandia resmi ngagabung jadi anggota North Atlantic Treaty Organization (NATO).[2]

Lemah cai urang Finlandia mimitina teu katingali jiga wewengkon anu bisa sukses dicicingan, ku sabab wewengkon kalér buana Éropa kaasup kana Buderan Arktik, nu mana miboga sumber daya alam nu kawates: kakurangan sumber daya fosil jeung kudu ngimpor kabutuhan énérgi ti wewengkon séjén. Kitu deui ditingali tina kaayaan iklim anu ngawatesan kagiatan agrikultur jeung pola kahirupan sapopoé, utamana dina usum tiis anu panjang jeung poék. Ku kituna, rahayat Finlandia mampu adaptasi sangkan parobahan sarta salamet tina kondisi anu teu nguntungkeun, boh tina kondisi politik atawa kondisi alam sangkan bisa jadi bangsa nu suksés.[3]

Sajarah Mimiti

[édit | édit sumber]

Para pamaké basa Proto-Finlandia nepi di Finlandia dina wanci praaksara mangrébu-rébu taun ka tukang.[1] Diperkirakeun kelompok manusa éta nepi di Finlandia sakitar 9.000 taun ka tukang, ngawakilan sababaraha séké sélér, kaasup karuhun urang Sami kiwari. Kataji ku lobana sato jang diburu, utamana lauk jeung sato anu diarah buluna, kelompok jalma éta nuturkeun lééhan és ka belah kalér. Diperkirakeun yén tujuan mimiti kelompok manusa éta téh ngan saukur jang usum panas, tapi laun-laun beuki loba anu cicing di wewengkon éta salila usum tiis.[2]

Kelompok nu séjénna diperkirakeun nepi 3.000 taun saenggeusna ti belah kidul wétan. Kelompok ieu nyaéta nu mawa basa Finno-Ugric sarta diperkirakeun boga patali jeung karuhun urang Finlandia (Finns) kiwari. Salian ti éta, kelompok anu jadi karuhun urang Tavastian nuturkeun ti belah kidul kulon jeung tengah buana Éropa, anu lila kalilaan ngadopsi basa Finno-Ugric.[2]

Salila milenium kahiji, sababaraha kelompok manusa narepi ka wewengkon ieu. Kelompok Sami anu hirup nomadén sumebar di sabagian lega wewengkon Finlandia, mundur ka belah kalér. Grup nu lian lolobana kawin campur sarta asimilasi jeung pendatang anyar, sahingga pangdumukan anyar sumebar di wewengkon kidul Finlandia. Jumlah populasi di jaman éta masih kaitung jarang jeung saeutik, tapi tilu bangsa ngahiji anu papisah geus katingali matuh di wewengkonna séwang-séwang: urang Finlandia, urang Tavastia, jeung urang Karélia. Unggal kelompok éta geus miboga pamingpinna sorangan sarta ngempur perang ka hiji jeung nu séjénna.[2]

Wanci Kakawasaan Swédia

[édit | édit sumber]

Finlandia aya handapeun kakawasaan Swédia ti abad ka-12. Sumber sajarah ngeunaan wanci ieu lobana tina legénda jeung tradisi dibandingkeun tina dokumén sejarah. Dina wanci ieu, karajaan Swédia geus ngadeg, tuluy di tengah abad ka-12 tahta karajaan keur ditempatan ku Raja Érik anu satia ka Garéja Roma. Ka belah wétan, wewengkon Novgorod anu sémi-merdeka diadegkeun ku urang Viking ti abad ka-salapan sarta miboga patali jeung Kiev, mangrupa wewengkon pusat. Wewengkon ieu miboga hubungan dagang jeung daérah Baltik sarta basis militér anu kuat. Di jaman ieu Finlandia mangrupa daérah panyangga antara kakuatan Swédia jeung Novgorod anu silih lawan, sarta aya handapeun tekenan ti Baltik-Jérman anu datang ti daratan belah kidul Teluk Finlandia. Teu siga tatanggana anu leuwih kuat, urang Finlandia (Finns) di jaman éta masih can ngadeg wilayah kakawasaanna sorangan, nyaéta masih kabagi jadi tilu kelompok: urang Suomalaiset, Hämäläiset, jeung Karjalaiset anu mindeng guntreng hiji jeung nu séjén.[4]

Salah sahiji legénda anu nyaritakeun wanci ieu nyaéta kasebut yén perang suci anu dipingpin ku Raja Érik ti Swedia, dipirig ku Uskup Henry ti Uppsala, taun 1155. Perang suci ieu anu ngamimitian struktur organisasi Gereja Finlandia anu leuwih jelas, anu tuluy ngajalankeun tradisi Kristen anu tartib. Diperkirakeun yén perang suci éta dijurung ku kadatangan Nicholas Breakspear di Swédia taun 1152-1153, anu dikirim ku Paus sangkan nguatkeun pangaruh Garéja di wewengkon Skandinavia. Sanggeus éta Nicholas tuluy jadi Paus anu miboga gelar Hadrian IV.[4]

Taun 1249, Birger Jarl mingpin ékspedisi ka Tavastia (anu kiwari jadi Häme), nyaéta wewengkon anu geus dikristenkeun, sangkan usaha ngasupkeun Finlandia ka wewengkon Swédia. Birger tuluy ngawangun bénténg di Tavastia jeung daérah basisir kalér Teluk Finlandia, anu tuluy dijadikeun daérah pangdumukan Swédia anu lega. Ti dinya, urang Swédia tuluy parindah ogé ka basisir wétan Teluk Bothnia.[5]

Taun 1293, Torgils Knutsson muka ékspédisi sangkan nguasaan sakabeh Karélia jeung ngawangun bénténg di Viipuri. Perang tuluy lumangsung nepi ka taun 1323, nalika Perjangjian Pähkinäsaari nangtukeun wates wewengkon pangaruh Rusia jeung Swédia dina garis samar ti bagéan wétan Teluk Finlandia, ngaliwatan tengah Karélia ka belah kalér kulon Teluk Bothnia, tuluy ngeureunkeun perang suci, anu hasilna Finlandia jadi bagéan wewengkon Swédia. Ti saprak éta, Swédia tuluy ngokolakeun tradisina sangkan dijalankeun ku Finlandia. Istana-istana diwangun, pajak ditarikan anu umumna make bulu sasatoan, tuluy jadi gandum atawa paparéan, mantéga, jeung duit.[5]

Taun 1362, Raja Haakon ti Swedia ngadegkeun hak jang urang Finlandia sangkan bisa miluan pamilihan karajaan sarta méré status Finlandia anu sarua jeung bagéan karajaan nu séjén. Sababaraha taun ti éta, Raja Haakon digulingkeun, tuluy Albert ti Mecklenburg naék jadi raja. Sanajan kitu, Albert kaitung kurang kasohor di kalangan rahayat Finlandia, tuluy 1374, bangsawan Swédia, Bo Jonsson Grip, meunangkeun gelar jang sakabéh Finlandia. Grip tilar dunya taun 1386, teu lila ti éta Finlandia ngahiji jadi bagéan wewengkon Kalmar. [5]

Nincak ka abad 18, handapeun kakawasaan Charles XII, Swédia geus mimiti kaleungitan kakuatanna di Éropa. Dina Perang Kalér Kadua, Rusia nempatan Finlandia salila dalapan taun (ti 1713-1721), tuluy sanggeus Perjangjian Damai Nystad (Uusikaupunki) taun 1721, Swédia kudu nyerahkeun bagéan tenggara Finlandia jeung Viipuri sarta propinsi-propinsi Baltik. Ti dinya, kamampuan Swédia jang mertahankeun Finlandia geus ngalemahan, sarta taun-taun penjajahan Rusia kahareupna méré rarasan kateupastian jeung teu aman anu lana.[5][1]

Salaku bagian ti monarki Swédia, dina praktékna, Finlandia teu boga institusi atawa lembaga pamaréntahanna sorangan, tapi ti patengahan abad ka-18 kaum inteléktual jeung pajabat pamaréntah lolobana ti urang Finlandia. Dina kaayaan éta, muncul rarasan yén Finlandia kudu nanggung balukar kaborosan Swédia dina hal kawijakan luar negeri. Arahan stratégis Swédia taun 1785 nyebutkeun yén saumpama Rusia nyerang, pasukan Swédia kudu mundur ti garis hareup, ninggalkeun détasemén Finlandia; sarta lamun Finlandia aya handapeun kondisi bahaya nu ékstrim, sakumna kudu diévakuasi. Stratégi éta tuluy kalaksana di taun 1808-1809, nu mana panghianatan Liga Anjala kajadian deui di taun éta nalika Sveaborg (ayeuna Suomenlinna) deukeut Helsinki kudu diserahkeun ka Rusia.

Wanci Otonomi Handapeun Rusia

[édit | édit sumber]

Taun 1809, Finlandia kudu nanggung kawajibanna sorangan jang damai jeung Rusia. Alexander I tuluy nawarkeun sangkan ngakuan kamajuan konstitusi Finlandia sarta méré otonomi salaku kadipatén agung handapeun tahtana. Sacara formal, Finlandia masih bagéan ti Karajaan Swédia nepi ka kaluarna Perjangjian Hamina di taun éta kénéh. Sanajan kitu, lolobana ti pamingpin urang Swédia geus taak kana kaayaan handapeun kawasa Swédia sarta ngarepkeun bisa miboga pamaréntahan mandiri saloba nu bisa diusahakeun handapeun panyalindungan Rusia. Harepan éta téh tuluy bisa kawujud sanggeus aya Diét Porvoo, nyaéta majelis législatif anu nangtukeun kamerdikaan Finlandia salaku bangsa—éntitas pulitik anu ngahiji anu miboga status kadipatén. Ti saprak miboga status kadipatén, jang ngakuan otonomi urang Finlandia, Alexander I ngajangjikeun yén arék ngajénan agama nu dijalankeun sarta hukum-hukum dasar anu dilarapkeun di Finlandia[1][2]

Ti taun 1809 nepi ka 1863, Finlandia ngalarapkeun birokrasi nu diatur ku Kaisar Rusia, anu tuluy diwakilan ku gubernur jenderal di pamaréntahanna. Saacanna, tingkatan administrasi anu pangluhurna di pamaréntahan dijalankeun ku mahkamah agung, ti saprak jaman ieu diubah jadi sénat nu mangrupan kamenterian, nu diwangun ku departemén judisial atawa hukum jeun departemén ékonomi. Sangkan ngawakilan Finlandia jang ka kakaisaran Rusia, sekretaris kamenterian ogé ditempatkeun di St. Petersburg.[2]

Keur kalolobaan urang Finlandia, jaman ieu kasebut jaman anu makmur, sangkilang kondisi ékonomi anu nguntungkeun, sarta teu aya peperangan salian ti Perang Kriméa. Sababaraha réformasi bisa dilarapkeun di periode ieu. Di antarana kaasup réstorasi wilayah Finlandia anu diserahkeun ti Swédia ka Rusia dina Perjangjian Uusikaupunki taun 1721, jeung Perjangjian Turku taun 1743. Sanggeus kitu, taun 1812 Hélsinki dijadikeun ibukota sarta dijalankeun pangwangunan tempat-tempat monuméntal. Sanajan kitu, lantaran pamaréntahna kawilang otoritér jeung birokratis sarta populasi warga désa nu kalayan loba jeung murni miboga struktur agraris pamikiran-pamikiran liberal jeung nasionalis masih kacegah sumebarna.[2]

Wanci tentrem Finlandia handapeun Rusia mimiti kaganggu ti saprak Tsar Nikolai II naék tahta tuluy nunjuk Gubernur Jénderal Bobrikov, nu mana ngabalukarkeun pamaréntahan jadi oprésif. Di akhir hirupna, Bobrikov dibunuh ku urang Finlandia taun 1904.[1]

Perjuangan Pikeun Kamerdékaan

[édit | édit sumber]
Peta nalika Perang Saudara Finlandia

Ngadekeutan ka ahir Perang Dunia I, révolusi Bolshevik di Rusia ngamimitian parah. Moméntum éta dimangfaatkeun ku Finlandia jang ngamaklumatkeun kamerdékaanna.[1]

Déklarasi kamerdékaan éta ngabalukarkeun perang saudara, antara urang Finlandia konservatif anu disebut Golongan Bodas, nyaéta prajurit Finlandia anu disokong jeung dibantuan ku tentara Jérman nu ngadarat di Finlandia, ngalawan urang Finlandia komunis anu disebut Golongan Beureum, sakaligus prajurit Rusia anu kénéh nyicingan Finlandia. Nalika Golongan Bodas meunang, 8.000 jalma anu kaasup Golongan Beureum tiwas ditémbak, sarta 20.000 jalma lainna tilar dunya kusabab panyakit jeung kalaparan lantaran ditahan di kamp-kamp konséntrasi. Ingetan ngeunaan perang saudara éta saolah jadi pamicu rasa kasieunan urang Finlandia ka Rusia jeung komunisme, kaasup konsekuénsi-konsekuénsi ti tindakan Finlandia ka Uni Soviét ka hareupna.[1]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e f g Diamond, Jared (2022). Upheaval. Jakarta: Kepustakaan Populer Gramedia. pp. 55–96. ISBN 9786024818494. 
  2. a b c d e f g Sandvik, Gudmund; Enander, Henrik; Henriksson, Markku Ilmari; Larson, Susan Ruth; Weibull, Jörgen. "History of Finland". Britannica. 
  3. Singleton, Fred (1998). "History of Finland". A Short History of Finland. Cambridge: Cambridge University Press. pp. 1–17. ISBN 9780511608087. doi:10.1017/CBO9780511608087. 
  4. a b Singleton, Fred (1998-10-01). A Short History of Finland (2 ed.). Cambridge University Press. ISBN 978-0-521-64701-4. doi:10.1017/cbo9780511608087. 
  5. a b c d "Finland - Swedish Rule, Sovereignty, Independence | Britannica". www.britannica.com. Diakses tanggal 2024-06-29.