Saréngséng

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Saréngséng
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
(unranked):
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
B. kurzii
Ngaran binomial
Benstonea kurzii
Sinonim
  • Pandanus caricosus Kurz[2] (nom. illeg.)
  • Pandanus kurzii Merr.[3] (basionym)

Sumber: Callmander & Buerki, 2012.

Saréngséng; Sréngséng (Benstonea kurzii) nyaéta tutuwuhan rupaning pandan anu asalna tina kulawarga Pandanaceae. Ieu tutuwuhan loba kapanggih hirup di pulo Jawa. Utamana di daérah pigunungan, ieu tutuwuhan ogé dipiwanoh ngaran daérahna: harashas, h. lembut, h. leutik, pandan pari, p. saréngséng, solénat (Sd.), jeung pandan sili (Jw).[4]

Ciri mandiri[édit | édit sumber]

Saréngséng kagolongkeun tutuwuhan rungkun jangkungna 0,7-1,2 m, teu mibanda tangkal sakapeung aya ogé katempo pondok, sawaréh atawa atawa lolobana ngampar luhureun taneuh atawa nyarandé kana tangkal anu séjén; gurat tengah tangkalna lk. 1,7-1,9 cm ti tungtung; tangkal kelirna semu coklat, teu mibanda cucuk sarta teu mibanda akar tunjang.[4][5]

Daun manjang heureut, (48-)92—154,5(-360,5) cm × (1,8-)2,5—4,0(-5,5) cm, kawas kertas (chartaceous), kalawan dua mibanda dua tikel/tilep sapanjang lambaran daunna (lamun di teukteuk, ditempo ti handap ngawangun hurup M), tulang daun utama nyendol di palebah handap; cucuk-cucuk di sisi tungtung daun aya ogé di handapna sapanjang tulang daun ukuranna 0,5-3 mm kalawan anggangna unggal cucuk 2-5 mm. Buah majemuk (syncarp) ampir buleud, buleud endog rada mébér, (4-)5,5—8(-9,3) cm × (2,8-)3,5—4,3(-5,5) cm, ngéntép (106-)168—308(-544) siki drupa (buah batu); semu coklat, tunggal, ajeg di tungtung tangkal.[5]

Ékologi jeung agihan[édit | édit sumber]

Habitat saréngséng timimiti daérah anu perenahna 20 nepika 1.100 m dpl. Ieu tutuwuhan loba kapanggih hirup liar di leuweung hujan tropika, ti mimiti leuweung landeuh nepika leuweung pigunungan; sanajan kitu pang lobana kapanggih hirup dileuweung pasir.[5]

Saréngséng nyebar ngan dipulo Jawa (endemik) di pulo Jawa,[1]:335 ti mimiti Jawa Kulon nepi ka Jawa Wétan.[5] Kembangan sarta buahan sapanjang taun ti mimiti Januari nepika Désémber.[5]

Mangpaat[édit | édit sumber]

Daun saréngséng cara tradisional dianyam pikeun nyieun samak (kajang), Dudukuy, bungkus gula beureum.[4][6]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. a b Callmander, M.W., P.P. Lowry II, F. Forest, D.S. Devey, H. Beentje & S. Buerki. 2012. "Benstonea Callm. & Buerki (Pandanaceae): characterization, circumscription, and distribution of a new genus of screw-pines, with a synopsis of accepted species". Candollea 67(2): 323-345.
  2. Kurz, S. 1867. "Revision of Indian screwpines and their allies". Journal of botany, British and foreign. vol. V: 100. London :Robert Hardwicke [1863-1942]
  3. Merr. 1917. "An interpretation of Rumphius's Herbarium amboinense". Philippines Bureau of Science Publication Series. no. 9: 107. Manila :Bureau of printing (1917).
  4. a b c Heyne, K. 1987. Tumbuhan Berguna Indonesia I: 119. Badan Litbang Kehutanan, Departemen Kehutanan. Jakarta. (sebagai Pandanus caricosus Kurz. Versi berbahasa Belanda -1922- I: 63)
  5. a b c d e Rahayu, S.E. 2011. Biosystematics of Pandanaceae in Java. Unpublished dissertation. Bogor: The Graduate School of Bogor Agric. University.
  6. Hasskarl, J.K. 1845. Aanteekeningen over het nut, door de bewoners van Java aan eenige planten van dat eiland toegeschreven. p. 49 (no. 351) Amsterdam:J. Müller, 1845.


Tutumbu ka luar[édit | édit sumber]