Situs Gunung Susuru

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Lingga di Puncak Pundén Situs Gunung Susuru
 Situs Gunung Susuru
Situs Gunung Susuru
Merlawu situs Gunung Susuru

Situs Gunung Susuru nyaéta situs anu biasa disebut situs Pasir Susuru atawa situs Bojong Susuru.[1] Sabenerna éta tempat téh leuwih pantesna mah disebut pasir batan gunung, tapi ku lantaran babasaan masarakat geus napel ti ratusan taun ka tukang, nya nepi ka kiwari ilahar disebut Gunung Susuru.[2] Susuru hartina tutuwuhan anu sok dipelak sisi pager, tangkalna juru tilu, jeung cucukan, daunna laleutik, di jerona juuh ku geutah.[3] Ceuk béja, éta tangkal susuru téh baheulana jadi tutuwuhan hiasan karaton Galuh Kertabumi, atawa hiasan pager karaton.[4] Dingaranan Gunung Susuru téh lantaran baheulana loba tangkal susuru, anu kiwari mah geus musnah lantaran dina taun 1960 tanahna diolah ku masarakat jadi dijadikeun kebon jagong.[2] Ku lantaran tanahna dijieun lahan kebon, ku kituna, tangkal susuruna ogé milu dibukbak.[2] Hanjakal, suburna éta lahan téh ngan kuat nepi ka 15 taun, nepi ka taun 1975, kiwari mah Gunung Susuru jadi lahan anu angar.[2] Tapi sok sanajan kitu Situs Gunung Susuru miboga pamandangan anu éndah, sarta ngirut pikeun para wisatawan, utamana pikeun anu resep wisata sajarah.[5]

Lokasi[édit | édit sumber]

Administratif[édit | édit sumber]

Situs Gunung Susuru kaasup kana kawasan Kertabumi, sacara administratif aya di wilayah Dusun Bunder, Désa Kertabumi, Kacamatan Cijeungjing, Kabupatén Ciamis, Jawa Barat.[1]

Astronomi[édit | édit sumber]

Sacara astronomi, Situs Gunung Susuru aya dina kordinat 07°20'4,1" LS jeung 108°27'49,5" BT sarta 118 dpl.[1]

Fisiografis[édit | édit sumber]

Kawasan Kertabumi aya 8 KM wétaneun kota Ciamis atawa 3 KM timurlaut ti stasiun karéta api Bojong anu aya di sisi jalan raya provinsi anu nyambungkeun kota Ciamis jeung Banjar.[1] Dumasar kana peta fisiografis Jawa Barat, kawasan Kertabumi jeung sabudeureunna aya dina Zona Bandung.[1] Tepatna beulah tenggara ti suku gunung Sawal, anu diapit ku dua walungan, nyaéta Walungan CImuntur jeung Walungan Cileueur anu pola aliranna pararél.[1] Walungan Cileueur ayana beulah di beulah Kidul, walungan Cimuntur ayana di belah Kalér, sedengkeun cipatimuan antara Cileueur jeung Cimuntur ayana di belah Kulon.[6]

Géologis[édit | édit sumber]

Sacara géologis, kawasan Situs Gunung Susuru aya dina amparan batuan tina hasil gunung api tua, anu ngawengku perselingan lapisan batuan bréksi, lava, tufa, jeung lahar[1] Batuan éta geus ngalaman prosés pelapukan anu kacida kuatna, anepi ka ngahasilkeun tanah laterit anu kandel jeung warna beureum bata.[1] Babatuan éta masih kapanggih di sababaraha tempat, kaasup bongkahan babatuan beku jenis andesit forfir anu masih kénéh seger.[1] Batuan vulkanik éta téh asalna tina érupsi Gunung Sawal anu perkiraan kajadianna dina kala Pliosen.[1]

Sejarah[édit | édit sumber]

Situs Gunung Susuru mangrupa patilasan kerajaan Galuh Kertabumi anu diadegkeun ku Putri Tanduran Ageng, putri ti Raja Galuh Salawé anu ngaran Sanghyang Cipta.[7] Inyana kawin jeung Rangga Permana, kaponakan Prabu Geusan Ulun, nu ngawasa karajaan Sumedang Larang.[7] Wilayah ieu téh mangrupa hadiah perkawinan ti bapana.[7] Sabada perkawinan lumangsung, Rangga Permana diparéntah ku Sanghyang Cipta Permana Prabu Di Galuh sangkan mingpin di Kertabumi anu masarakatna masih kénéh ngagem agama Hindu.[1] Parétah éta diéstokeun ku Rangga Permana, sarta pusat kakawasaanna aya di Gunung Susuru.[1] Ku lantaran lokasina aya di sisi walungan Cimuntur, Rangga Permana kawentar ngaranna jadi Prabu Di Muntur, anu diistrénan jadi raja dina taun 1585 M.[7] Ku ayana ieu kalungguhan, agama Islam bisa leuwih sumebar di tatar Galuh Kertabumi.[1] Prabu Di Muntur nyekel kalungguhan di Kertabumi nepi ka taun 1602 M, anu satuluyna diganti ku anakna, nu nelah Sang Raja Cita.[7] Katelah ogé ngaran Wiraperbangsa atawa Singaperbangsa.[1]

Anapon jujutanna nyaéta, Gunung Susuru téh mangrupa patilasan Karajaan Galuh Kertabumi, karajaan vasal ti Karajaan Galuh Pangauban anu diadegkeun ku Prabu Haur Kuning ti Putrapinggan Kalipucang, kira-kira 150-1580 M.[8] Nurutkeun riwayat nu sumebar ti wilayah Talaga, Prabu Haur Kuning mangrupa generasi ka opat Prabu Siliwangi.[8] Ramana Prabu Haur Kuning nyaéta Rangga Mantri atawa Sunan Parung Gangsa (Pucuk Umum Talaga) anu kawin jeung Ratu Parung (Ratu Sunyalarang atawa Wulansari).[8] Rangga Mantri nyaéta putra Prabu Munding Surya Agung, salah sahiji putra Prabu Jayadéwata ti Déwi Rajamantri.[8] Rangga Mantri mimitina ngagem agama Buddha, tuluy asup Islam sanggeus ditalukkeun ku Cirebon dina 1530 M.[8]

Prabu Haur Kuning, anu keur leutikna boga ngaran Ujang Ayem, ninggalkeun karajaan ramana néangan tempat panyalindungan (pangauban) anu jauh tina jangkowan Cirebon sabab dirina hayang ngadegkeun karajaan penerus Pajajaran anu kaancam runtuh, sakaligus mawa misi pikeun ngahudang deui pamor Galuh.[8] Dina mangsa harita Karajaan Galuh anu dipingpin ku Jayaningrat (1528 M), ngalaksanakeun eksodus (ninggalkeun tempat asal) ti Kawali ka Rajagaluh, perang jeung Cirebon, sarta éléh dina taun éta kénéh.[8]

Dina taun 530 M, pasukan gabungan Pakungwati, Demak jeung Kuningan ngalaksnaakeun "pembersihan" kana sésa-sésa pasukan karajaan Galuh, anu nagen di Talaga.[8] Ahirna dina taun 1531 wilayah Galuh aya dina kakawasaan pakungwati Cirebon, dina taun éta ogé lumangsungna perjangjian daméy antara Pabu Surawisésa jeung Sunan Gunung Jati pikeun silih aku kadaulatan.[8] Teu silih serang jeung leuwih ngaraketkeun rasa duduluran salaku papada turunan Prabu Siliwangi.[8]

Dumasar kana data silsilah Sajarah Galuh nyabutkeun yén putrana Prabu Haur Kuning téh aya tilu, nyaéata Maharaja Upama, Maharaja Sanghyang Cipta, jeung Saresepan Agung.[8] Tiluanana diperkirakeun ngagem agama Hindu-Budha anu diwarisakeun ti Prabu Haur Kuning.[8]

Salaku anak pangkolotna, Maharaja Upama ngawaris karajaan Galuh Pangauban ti Ramana.[8] Maharaja Sanghyang Cipta dibéré wilayah Salawé (Cimaragas),sarta ngadegkeun Karajaan Galuh Salawé.[8] Sedengkeun Sareuseupan Agung jadi raja di wilayah Cijulang.[8] Maharaja Sanghyang Cipta ngabogaan anak tilu nyaéta, Tanduran Ageung, Cipta Permana, jeung Sanghyang Permana.[8]

Satuluyna, Tanduran Ageung nikah ka Rangga Permana nu dina sababara sumber disebut-sebut salaku anakna Prabu pikeun Ulun ti Sumedang.[8] Padahal, nurutkeun katerangan ti sumber Sumedang nyebutkeun yén Prabu pikeun Ulun ngabogaan tilu urang istri nyaéta Nyimas Cukang Gédéng Waru putrana Sunan Pada, nu ka dua Harisbaya ti Cirebon, ka tilu Nyimas Pasaréan.[8]

ti tilu istri éta, pikeun Ulun gaduh putra 15 urang, di antara anu 15 éta teu aya ngaran Rangga Permana, sabab Rangga Permana mah putra ti Kyai Rangga Haji, sedengkeun Rangga Haji nyaéta putra ti Pangéran Santri hasil pernikahan jeung Ratu Pucuk Umun.[8] Rangga Haji anak ka dua ti genep sadulur, lanceuk pangkolotna nyaéta Radén Angkawijaya nu kawentar ngaran pikeun Ulun.[8] Jadi, Rangga Permana téh kaponakan Prabu pikeun Ulun.[8] Wilayah Kertabumi diwariskeun ku Maharaja Sanghyang Cipta ka Tanduran Gagang dina taun 1585 M, anu mangrupa hadia perkawianana jeung Rangga Permana.[8] Rangga Permana salaku putra Kyai Rangga Haji, jadi pangawasa muslim anu munggaran di wilayah Galuh, nalika ngantunkeunna jasadna Rangga Permana dilarung d walungan Ciputrapinggan, dianteur iring-iringan parahu nepi ka laut Kidul (Pangandaran), dina tradisi has Galuh kuno ritual éta disebut nerebkeun.[8]

Adina Tanduran Ageung, nyaéta Cipta Permana dibéré wilayah kawasaan Banjarsari anu ngadegkeun karajaan Galuh Kawasan, sedengkeun Sanghyang Permana nuluykeun karajaan bapana di Galuh Salawé (Cimaragas) kalayan gelar Prabu Digaluh.[8] Mangsa ngadegna karajaan Galuh Kertabumi mangrupa mangsa mekarkeun agama Islam ti Cirebon jeung Sumedang ka wilayah Galuh, ku kituna ku ayana tali kakulawargaan jeung kasadaran kana pangaruh Islam sarta hangkeutna da'wah-da'wah ulama Islam, ahirna Prabu Haurkuning teu ngalakukeun perlawanan.[8]

Titinggal Situs[édit | édit sumber]

Pundén[édit | édit sumber]

Pundén nurutkeun harti basa nyaéta naon-naon anu dipuja.[9] Pundén di Situs Gunung Susuru gemblengna aya 17 tingkatan téras.[7] Ieu hal dibuktikeun ku tim panalungtik anu tingkatan atawa téras balay batu ti suku Gunung Susuru, boh ti walungan Cileueur atawa ti walungan Cimuntur.[7] Situs Gunung Susuru diperkirakeun jadi pusat ritual pamujaan jaman baheula, dikuatkeun ku bukti titinggal mangrupa dolmén jeung ménhir. Aya 4 pundén anu masih susunanna masih kénéh sampurna, disebutna batu patapaan.[7]

Pundén Batu Patapaan 1[édit | édit sumber]

Pundén Batu Patapaan 1 ayana di antara lahan datar saméméh téras panghandapna pundén utama.[1] Mangrupa struktur batu wangun pasagi ukuran 300 x 250 cm.[1] Di jerona aya hiji monolit anu bagian beungeutna rélatip datar tapi teu némbongkeun ayana permukaan nu solid, katempo siga susunan sababaraha pecahan (mosaik).[1] Ukuran Batu Patapaan 1 nyaéta ±170 x 170 cm, kandelna 20–30 cm.[1] Sajaba ti monolit anu jadi batu patapaan éta, aya ogé monolit séjén, dua di sisi BD, jeung hiji monolit leutik aya di sisi BL.[1]

Pundén Batu Patapaan 2[édit | édit sumber]

Batu Patapaan 2
Batu Patapaan 2

Pundén batu patapaan 2 aya dina kordinat 07°20'49,0" LS jeung 108°27'42,4" BT, 103 m dpl.[1] Bagian ieu némbongkeun wangun bujursangkar kalayan panjang sisi téras panghandapna ±300 cm.[1] Aya sababaraha batu dina lahan batu patapaan 2, batu anu panggedéna nyaéta batu datar (batu patapaan) anu aya di tengah-tengah téras pangluhurna.[1] Batur datar éta, wangunna mirip bujursangkar kalayan panjang sisina ±150 cm, kandel pangluhurna tina taneuh ±60 cm, sarta panghandapna ±50 cm.[1]

Pundén Batu Patapaan 3[édit | édit sumber]

Pundén Batu Patapaan 3 aya dina kordinat 07°20'49,8" LS jeung 108°27'41,6" BT kalayan aya dina 103 m dpl.[1] Wangunna pundén berundak kalayan séngkéd anu kacida déétna, nepi ka wangunna jiga lahan datar biasa, kalayan diluhurkeun jadi tilu tingkatan.[1] Pundén ieu kawangun ku susunan bongkahan batuan beku andestik.[1] Struktur batuan jeung séngkédna geus teu katingali pasagi.[1] Struktur séngkéd anu panglengkepna kaciri dina téras handap, nyaéta tilu sisi (BL, TL, dan TGR), sisi TL ukuranna 950 cm, sisi BL nyésa 820 cm, jeung sisi TGR nyésa 780 cm.[1] Dina juru TL jeung jeung BL (Kalér) aya hiji batu monolit diaméterna 130 cm.[1]

Pundén Batu Patapaan 4[édit | édit sumber]

Batu patapaan 4 dianggap aya sarkofagus (peti kubur batu), sabab nalika aya galian di handapna kapanggih aya batu panyangga.[2]

Bénténg Kuno[édit | édit sumber]

Bénténg kuno, posisina manjang ngaliwatan désa ti juru Cimuntur ka Cileueur panjangna kurang leuwih 2 kilo méter.[4] Bénténg kuno éta dijieunna tina susunan batu anu jangkungna 1 meter, ngan hanjakal kiwari mah geus loba nu ancur.[4] Batu-batuna loba digunakeun ku masarakat pikeun ngabangun imah, jeung sawaréhna deui dipaké ngaspal jalan.[4] Anu nyésa kiwari kari pondasi jeung strukturna wungkul.[4]

Lokasi Makam[édit | édit sumber]

Lokasi séjén anu teu éléh penting nyaéta makam Nyi Tanduran Sari (selir Prabu Di Muntur).[10] Di ieu tempat paling loba kapanggih rupa-rupa keramik jeung garabah makamna teu jauh ti tempat mukim penduduk jeung pasar kuno.[10] Sedengkeun makam Prabu Di Muntur lokasina kira-kira 2 km ti Gunung Susuru.[10]

Guha[édit | édit sumber]

Di situs Gunung Susuru aya 5 guha, tapi anu kakara ditalungktik kakara tilu guha.[2] Dumasar kana kaayaan pisikna guha éta mangrupa jieunan (artficial cavas) anu diwangun di sisi jurang kalayan kamiringan 75 darajat.[2] Guha-guha éta téh dingaranan Guha Kamuning, Guha Macan 1 jeung Guha Macan 2.[2] Di lokasi éta guha, masarakat satempat kungsi manggihan bubuk keramik, huntu bovidae (munding purba), huntu sus (babi), tulang jeung gugusi manusa.[2] Tilu guha éta dianggap salaku Benda Cagar Budaya BCB teu gerak.[2] Anu paling narik perhatian nyaéta ku ayana béja kapanggihna hiji bokor emas dina salah sahji guha[10] Ieu hal tangtuna, mancing warga séjénna pikeun datang ka éta tempat néangan barang-barang anu patali jeung harta karun.[10] Teu katinggaleun ogé carita-carita mistisna anu jadi sabiwir hiji, di antarana ngeunaan sora maung nu sok kadéngé di sabudeureun Guha Macan 1 jeung Guha Macan 2.[10] Leuwih ti kitu, nurutkeun kuncén Situs Gunung Susuru, tina éta guha téh loba ogé masarakat nu manggihan perhiasan dina wangun batu-batu anu éndah.[10] Sedengkeun pamanggih séjénna lolobana mah barang anu dijieun tina taneuh, batu, beusi, piring jeung poci poslén.[10]

Titinggal Séjénna[édit | édit sumber]

  1. Sumur Taman, ayana di kebon warga anu kawatesna ku jurang Cimuntur.[4]
  2. Titinggal séjén nu jadi panguat yén Situs Gunung Susuru mangrupa titinggal kabudayaan mégalit (kabudayaan gedé) di antarana nyaéta sarkofagus (peti kubur batu).[4]
  3. Sedengkeun barang-barang anu kapanggih jaman batu bujang (néolitikum), anu mekar kira-kira dina 1500 taun saacan maséhi di antarana:

Sésa-sésa anu kapanggih sarta masih kénéh disimpen di antarana aya fosil tulang jeung huntu jalma, kampak batu, dua batu silinder, lulumpang batu, batu korsi, batu peluru, jeung 3 keris.[6]

Tradisi Merlawu[édit | édit sumber]

Tradisi merlawu nyaéta tradisi anu geus lumangsung ti taun 1535 M, sakaligus salaku warisan tina budaya masarakat kerajaan Galuh Kertabumi anu masih tetep dimumulé nepi ka kiwari.[10] Tradisi merlawu biasana dieusi ku kagiatan ngarekés, medar sajarah jeung ngayakeun susuguh.[11] Tradisi merlawu biasana dilaksanakeun poé Senén atawa Kemis pamungkas dina bulan Rewah anu dipingpin langsung ku kuncénna.[11] Ieu kagiatan téh mangrupa wangun rasa sukur kana hasil panén masarakat.[11] Dina kagiatan upacara merlawuh dilaksanakeun ogé kagiatan meresihan batu-batu pundén.[12] Réngsé prosési upacara adat, dituluykeun kana kagiatan pintonan seni budaya, pikeun hiburan masarakat.[12] Sajaba ti masarakat, para tokoh masarakat ogé sok milu ngareuah-reuah acara, di antarana Kapala Dinas Pariwisata dan Ekonomi Kréatip Kabupatén Ciamis, Kapolsék Cijeungjing, Danramil Cijeungjing, Camat Cijeungjing, Kapala Désa Kertabumi, Tokoh Masarakat, jeung budayawan tatar Galuh.[12]

Daya Tarik Situs[édit | édit sumber]

Sajaba ti miboga daya tarik salaku tempat anu nyimpen rupa-rupa titinggal kabudayaan jaman baheula, situs Gunung Susuru ogé mangrupa tempat objék wisata sajarah anu kaéndahanna matak ngirut, boh keur wisatawan lokal atawa wisatawan asing.[5] Obyék wisata Situs Gunung Susuru cocok pikeun ngeusi libur panjang atawa libur nasional séjénna.[5] Anapon pasilitas anu disadiakeun di antarana, lahan parkir, MCK, mushola, jeung sajabana.[5] Mangsa usum halodo, walungan Cimuntur jeung Cileueur ngirut pisan pikeun dipapayan batu-batuna nu lalémpar baradag, nepi ka bisa jelas ka lebah sumur batu, sarta Curug Kamuning bisa diteuteup ti lebah sisi walungan.[10]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac Herlina Lubis, Nina (2013). Sejarah Kabupaten Ciamis. Bandung: Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Provinsi Jawa Barat. p. 24. 
  2. a b c d e f g h i j "Situs Gunung Susuru (1): Sejarah Galuh Kertabumi". Sportourism.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2018-02-04. 
  3. Danadibrata, R.A (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat. p. 665. 
  4. a b c d e f g h "Objek Wisata Situs Gunung Susuru Ciamis Terbaru". WISATA KOTA BANJAR & JAWA BARAT. Diakses tanggal 2018-02-04. 
  5. a b c d YOUR_NAME. "Daya Tarik Obyek Wisata Situs Gunung Susuru di Kertabumi Ciamis Jawa Barat | Daftar Tempat Wisata Indonesia Yang Harus Di kunjungi". www.teluklove.com. Diakses tanggal 2018-02-03. 
  6. a b "Situs Gunung Susuru Ciamis" (dalam bahasa id-ID). Informasi Situs Budaya Indonesia. 2018-01-09. https://situsbudaya.id/situs-gunung-susuru-ciamis/. Diakses pada 2018-02-04 
  7. a b c d e f g h "Menelusuri Jejak Galuh Kertabumi di Situs Gunung Susuru" (dalam bahasa id-ID). Alam Priangan. 2015-11-17. https://alampriangan.com/galuh-kertabumi-situs-gunung-susuru/. Diakses pada 2018-02-04 
  8. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y "Situs Gunung Susuru (3): Perang Galuh VS Cirebon dan Islamisasi Tatar Sunda". Sportourism.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2018-02-05. 
  9. Danadibrata, R.A (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat. 
  10. a b c d e f g h i j "Situs Gunung Susuru (2): Dari Makam Selir Prabu Dimuntur Hingga Piring Anti-basi". Sportourism.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2018-02-05. 
  11. a b c "Menelusuri Jejak Galuh Kertabumi di Situs Gunung Susuru" (dalam bahasa id-ID). Alam Priangan. 2015-11-17. https://alampriangan.com/galuh-kertabumi-situs-gunung-susuru/. Diakses pada 2018-02-05 
  12. a b c ilhamhimura. "UPACARA ADAT GUNUNG SUSURU". www.tribratanewspolresciamis.com. Diakses tanggal 2018-02-05.