Susuru

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Susuru
Euphorbia tirucalli in the wild by tonrulkens.jpg
Pohon remaja di Mozambik
Status konservasi
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
(unranked):
(unranked):
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
E. tirucalli
Ngaran binomial
Euphorbia tirucalli

Susuru (Euphorbia tirucalli) nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawargga euphorbiaceae. Susuru hirupna ngarungkun, tumuwuh di daérah anu mibanda iklim tropis. (Basa Sanskerta: सप्तला saptala, सातला satala, Marathi: शेर-कांडवेल sher-kandvel.

Ngaran daérah[édit | édit sumber]

Susuru mibanda ngaran daérah, kayaning : Jawa: kayu urip, pacing tawa, tikel balung, Madura: kayu jaliso, k. leso, k. langtolangan, k. tabar, Kangean: kayu potong[3])

Ciri mandiri[édit | édit sumber]

Lukisan tutuwuhan susuru

Susuru mangrupi rungkun anu tumuwuh nangtung. Jangkungna 2-6 m kalayan tangkalna mibanda kai, seueur dahan, sareng geutah;gummy sapertos susu nanging ieu mah bahya. [4] Ieu tutuwuhan ngagaduhan cabang anu teu bénten sareng silinder dina wujud patlot, dahanna lemes, sareng héjo. Saatos ngembang sa inci, éta dahan bakal janten dua, anu ayana di sabeulahna, kitu saterasna, janten katingalina sapertos dahan anu ruksak. [4]

Daun jarang, silih ganti,[5] kapendak di tungtung dahan anu ngora kénéh, sareng ukuranana alit pisan. Ngawujud lanset, panjangnya 7-22 mm, gancang lésot; rontok tina dahanna.[4] Penumpu daun leutik pisan berkelenjar sarta buluna lemes ayana dina handapeun daun.[5]

Kembangna uniseksual,[5] ngéntép dina tempat kawas mangkok, kelirna konéng semu héjo, bijilna tina tungtung régangna.[4] Biasana, pepelakan ieu ngahasilkeun langkung seueur kembang jalu tibatan kembang bikang. Susuru ilaharna karembangan dina Oktober sareng ngahasilkeun buah dina Nopémber - Désémber pembuahan dilaksanakeun ku gegeremet.[6]

Sebaran sareng habitat[édit | édit sumber]

Sebaran pepelakan ieu asli tina daérah tropis Afrika, Angola teras nyebar nepi ka Zanzibar.[7] Teu acan aya ieu tutuwuhan ngahaja dipelak sacara lega (industri) , ngan ukur dipelak kanggo pager hirup malah hirup liar di sapanjang wewengkon tropis sareng subtropika. Di Malesia, teu acan aya sumber dilaporkeun ngeunaan ieu pepelakan ti Borneo sareng New Guinea.[5] Di Indonesia, dipelak salaku pager hirup, pepelakan hias, tanaman obat, sarta hirup liar. Tiasa dipendakan ngawitan dataran landeuh dugi ka tonggoh anu perenahna 600 mdpl. Tutuwuhan ieu mikresep daérah negrak anu kakeunaan cahaya panonpoé langsung.[8] Nanging, rungkun ieu habitat alami na aya dina daérah garing, leuweung caag/terbuka, jeung tegalan nepikeun ka jangkungna 2 m.[7]

Hama sareng panyakit[édit | édit sumber]

Susuru tangkal teu tiasa garing alatan geutahna mibanda zat anu disebut toksik. Nanging, dilaporkeun yén aya sababaraha hama anu bisa nyerang tangkal susuru, nyaéta Meloidogyne incognita, Cuscuta spp. Sareng Botrytis spp. Dilaporkeun, Botrytis spp. Ngabalukarkeun tangkal sareng akar buruk. Sagigireun éta, gabungan antawis Meloidogyn spp. Jeung Botrytis spp. sabab bisa ngarusak pepelakan dina waktu anu singget.[9]

Mangpaat sareng kagunaan[édit | édit sumber]

Geutah tutuwuhan ieu sipatna asam, mibanda sanyawa euforbon, taraksasterol, α-laktuserol, eufol, sanyawa damar anu rasa seukeut atanapi nyababkeun ngarusak lendir, kautschuk (zat karét), sareng zat pait. Ngan, zat ubar tina herba ini tayalian glikosid, sapogenin, terpenoid,[10] dan asam ellaf.[4] Ieu tutuwuhan ogé bisa dimangpaatekun pikeun ngaracun lauk sangkan gampang diarah.[11] Minyak anu dipibanda dina geutahna bisa dimangpaatekun dina linoleum, lawon jas minyak jeung industri kulit sandang.[5][12]

Di Jawa, sababaraha sumber nyebutkeun tangkal atawa kulitna bisa nyageurkeun patah tulang kujalan ditaplokeun. [5] ogé nyageurkeun panyakit kulit.[13] Sagigireun eta, geutah tangkal susuru ogé bisa ngaluarkeun cucuk anu nanceb (kasura) kitu deui campuran hui gadung cina jeung buah gondang sarta geutah tangkal susuru bisa ngubaran frambusia.[14] Tangkal susuru ogé disebutkeun ku Hartwell (1969) dimangpaatekun pikeun ngubaran kanker, tumor, kapalan, jeung kutil di Brasil, India, Malaya, heung Indonésia. Akarna bisa dimangpaatekun pikeun ngaluarkeun peurah oray, di Maluku jeung Malabar, tutuwuhan ieu bisa dimangpaatekun pikeun ngondang rasa sebel (piutaheun);muntah jeung antisipilis.[15] Aya ogé, Suku Kulawi di Sulawesi Tengah daun ieu tutuwuhan dimangpaatekun pikeun diuretik (peluruh air seni), ari getahna bisa nyageurkeun nyeri huntu.[16]

Geutahna aya racunnan, ko-karsinogenik,[17] seperti susuru anu sagenus. Sanajan kitu, geutah susuru mibanda zat séjén, tayalian 3-0-angeloylingenol.[18] lamun seug keuna kana mata, bisa ngabalukarkeun lolong, iritasi, jeung bakal ngabalukarkeun sebel lamun katuang.[19] geutah na bisa dimangpaatekun pikeun insektisida[12] sarua jeung mindi.[20] susuru ogé dipikanyaho racun pikeun nematoda[12] jeung éféktif pikeun larva Aedes aegypti ogé Culex quinquefasciatus,[21] kukituna régang susuru anu geus garing bisa dimangpaatekun pikeun ngusir reungit.[11] Kitu ogé , bisa maéhan baktéri Staphlococcus aureus, moluska Lymneae natalensis sarta Biomphalaria gabrata.[17]

Pitulung mimiti[édit | édit sumber]

Dimana lamun geutah tangkal susuru nyéprét kana panon, geuwat sibeungeut maké cai tiis kurang leuwih 15 menit tuluy sibeungeut dei sababaraha menit tiharita. Lamun teuaya parobahan kénéh, geuwat bawa ka rumah sakit.[19]

Galeri[édit | édit sumber]

Lihat juga[édit | édit sumber]

Referensi[édit | édit sumber]

  1. Haevermans (2004). Euphorbia tirucalli. 2006 IUCN Red List of Threatened Species. IUCN 2006. Dipulut ping 11 May 2006. Database entry includes justification for why this species is of least concern
  2. Citakan:GRIN
  3. Dalimartha 2007, p. 89.
  4. a b c d e Dalimartha 2007, p. 90.
  5. a b c d e f "Euphorbia tirucalli L.". Prohati. Diakses tanggal 1 January 2013. 
  6. Owen et al. 2009. hal.1
  7. a b Owen et al. 2009. hal.2
  8. Dalimartha 2007, pp. 89-90.
  9. Mwine & van Damme 2011, pp. 4908-4909.
  10. Ohyama et al. 1984, p. 21.
  11. a b Anonim 2012, p. 35.
  12. a b c Owen et al. 2009. hal. 3
  13. Mwine & van Damme 2011, p. 4910.
  14. Dalimartha 2007, pp. 91-92.
  15. "Euphorbia tirucalli L.". Purdue University. 6 January 1998. Diakses tanggal 1 January 2013. 
  16. Hidayat 2005, p. 113.
  17. a b Mwine & van Damme 2011, p. 4912.
  18. Dalimartha 2007, p. 136.
  19. a b Dalimartha 2007, p. 92.
  20. Dalimartha 2007, p. 67.
  21. Rahuman et al. 2008, p. 873.

Bacaan

Citakan:Tumbuhan-stub