Tangkolo

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Tangkolo
Klein hospi 121101-30179 brau.JPG
Tangkolo , Kleinhovia hospita
Desa Merapun, Kelay, Berau
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
(unranked):
(unranked):
Ordo:
Kulawarga:
Tribus:
Génus:
Kleinhovia

Spésiés:
K. hospita
Ngaran binomial
Kleinhovia hospita
L., 1763[1]
Sinonim
  • Cattimarus hospitus (L.) Kuntze
  • Grewia meyeniana Walp.


sumber: The Plant List[2]

Tangkolo; katimahar (id) (Kleinhovia hospita) nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawarga Malvaceae, tina spésiés marga Kleinhovia.[3]. Tangkolo hirup liar, saperti Indonesia, Malaysia jeung nagara séjén di Asia.

Ngaran daérah[édit | édit sumber]

Tangkal kawilang sarwa guna ieu, mibanda ngaran daérah anu béda - béda , saperti : katimahar, kinar (Amb.); tangkélé, tangkolo (Sd.); katimåhå, timåhå, katimångå, timångå, kayu tahun (Jw.); mangar (Lamp.); mangar (Md.); katémaha (Kang.); katimaha (Bl.); kadanga (Fl.); nundang (Sumba); bintangar, bintanga, bintang, bitangal, bintana, wintangar (aneka bahasa di Sulut); ngĕdédo, ngĕdédoro, dédoro, ngaru (aneka bahasa di Malut); kayu paliasa, kauwasa (Mak.); aju pali, wéu (Bug.); dan lain-lain.[4]Dina basa Inggris disebut guest tree.

Étimologi[édit | édit sumber]

Pelat botani numutkeun Blanco (1880-3)

Dina dunya ilmiah, déskripsi tangkolo anu pangkolotna sarta diaku balaréa, tayalian anu dipedar ku Carolus Linnaeus dina taun 1763. [1] Sanajan saméméhma 70 tahun katukang Rumphius geus leuwih ti heula nuliskeun déskripsi anu leuwih lengkep (malahan geus ditambah gambar sagala rupa) dina bukuna anu dijieun dina taun 1690.[5] Ngaran genus ieu tutuwuhan, Kleinhovia, dicokot tina ngaran saurang dokter bangsa Jerman, C. Kleynhoff (pupus 1777).[6] Rumphius sorangan méré ngaran Catti marus, bahasa Latin ngaran tina basa Melayu-Ambon, katimahar.[5]

edaran[édit | édit sumber]

Kembang anu kakara mecenghul
Buah nu geus kolot
Dedegan tangkal tangkolo di sisi susukan S. Lesan, Berau

Tangkal leutik nepika sedeng, jangkungna 5-20 m[7]. Pepagan:kulit tangkal kelirna kulawu, kitu deui régangna kulawu semu héjo aya buluan tapi carang.[8]

Daun-daun gagangna panjang, 3-5,5(-10) cm. Wujudna lambaran daun kawas jantung, rubak 4,5-27 × 3-24 cm, dina palebah puhuna tulang daun ngaramo.

Kembang ngumpul dina cupatna ngaranggeuy; malai bijil tina tung-tung régang, buluan lemes; daun panyalindungna buleud endog. Kelopak kembang garangkadak juru;taju-5, lanset, 6-10  mm, beureum (beureum jambu), sisi luar berambut bintang; daun mahkota 5 lambar, anu opat lambarna kawas pita rubak, palebah puhu. Wujud kawas kantong, panjang 6 mm, beureum, anu ka-5 leuwih pondok, lonyod, palebah tung-tung nikel ka jero kalayan napel jeung anu séjén, tung-tungna konéng. Benang sari dina 5 tempat tilu-tilu di tungtung.[7][8]

Buah kotak wujud buah pir, bertaju 5, panjang lk. 2 cm, muka kumaha tempat[7]; beureum jambu semu héjo jeung ngagantung [8]. siki méh buleud, garis tengahna 1,5-2 mm, hideung aya ogé anu coklat kolot[8].

Agihan jeun ékologi[édit | édit sumber]

Tangkal tanhkolo loba kapanggih hirup di Asia tropis, mimiti ti India, Burma, Indocina, Thailand, Semenanjung Malaya, Indonesia, Filipina, nepika Papua Nugini. Ka kalér nepi ka Taiwan jeung Hainan di Tiongkok; ke timur hingga Fiji dan Polinesia di Pasifik; sarta ka kidul nepi ka Queensland di Australia.[9]

Tangkal ieu loba kapanggih hirup di sisi leuweung, tegalan, sarta lahan-lahan anu henteu kaurus, dina palebah mdpl 0—200(—500) m. Sakapeung loba kapanggih hirup sia susukan; utamana di wilayah-wilayah anu Mibanda usum halodo leuwih panjang. Sakapeung kapanggih hirup paselang jeung tangkaljati.[10][6] Di Tiongkok, tangkolo tumbuh di hutan-hutan perbukitan dan pegunungan.[8]

Mangpaat[édit | édit sumber]

kai[édit | édit sumber]

Tangkolo ngahasilkeun kai anu kawilang hampang, hipu, kelirna (coklat-konéng pias beureum-jambu, tékstur rada lemes, kurang awet; Sok sanajan kitu di mana geus garing kaina, gampil dipigawé gampil ogé dipernisna[6][10]. Pakékép kaina kurangleuwih 0,34-0,61 (rata-rata 0,49) g/cm³[11].

Kai tangkolo henteu dimangpaatkeun pikeun nyieun pakakas alatan ukuranna henteu sabaraha gedé. Kajaba pikeun sababaraha kagunaan, kaina anu pareng keuna ku panyakit atawa hama, katembong kelirna béda tinu séjén, kitu deui urat kai katembong semu hideung malahan pangajina leuwih mahal ieu mangrupa bahan pikeun nyieun rupa-rupa karajinan. Kai samodél kie dingaranan pelet, baheula kai nu kieu hargana mahal engkéna dimangpaatekun pikeun nyieun sarangka keris. keris, gagang pakarang, koropak leutik, jeung sajabana.[4] kai anu diarah tina palebah puhu tangkal anu deukeut kana akar, mibanda urat anu pajurawet, padet kaina, sarta mibanda sipat liat, ieu bisa dimangpaatekun pikeun nyieun gagang parang atawa péso. [5].

Di kawasan Pasifik, kayu tangkolo dimanpaatkan pikeun suluh. Énergi anu dihasilkeunna kurang leuwih 19.000 kJ/kg.[10]

Lain-lain[édit | édit sumber]

Tina kulitna dihasilkeun harambay;rambat anu bisa dimangpaatkeun pikeun nyieun tali, sanajan hasilna kurang mibanda kakuatan.[5]

Tangkal tangkolo gancang ngagedéan tisaprak dipelak, ku kituna remen dimangpaatkeun pikeun pager hirup[5]. Watek ékologisna pikeun ngawangun vegetasi sekunder tangkal ieu loyog dipelak pikeun tutuwuhan penghijauan atawa reforestasi. Ranggeuyan kembangna mangsa keur mangkak ligar ngajadikeun tangkal tangkolo mibanda ajén pikeun tutuwuhan hias.[10] Tutuwuhan ieu ogé bisa dimangpaatekun sabagé mulsa, ngaronjatkeun kasuburan taneuh ngajaga tina rempag, ngurangan ngagelebugna angin, sarta jadi tempat sato séjén hirup (pembentukan habitat) [12].

Daun-daunna geus ilahar dimangpaatekun pikeun bungkus.[5] Daun-daun ieu, sarta kulit tangkalna, mibanda bahan racun bisa dimangpaatekun pikeun ngabasmi kutu dina sirah.[10] Sari pati daunna mibanda khasiat antioksidan sarta mibanda poténsi pikeum ngalawan tumor jeung kanker hate.[10][13]

Catatan kaki[édit | édit sumber]

  1. a b Linné, C. von. 1763. Species plantarum :exhibentes plantas rite cognitas, ad genera relatas, cum differentiis specificis, nominibus... Editio Secunda, Tomus II: 1365. Holmiae :Impensis Laurentii Salvii, 1763.
  2. The Plant List: Kleinhovia hospita L.
  3. The Plant List: genus Kleinhovia
  4. a b Heyne, K. 1987. Tumbuhan Berguna Indonesia 3: 1352-3. Jakarta: Badan Litbang Kehutanan, Departemen Kehutanan. (versi berbahasa Belanda -1917- III: 236-8).
  5. a b c d e f Rumpf, G.E. 1743. Herbarium Amboinense: plurimas conplectens arbores, frutices, ... Pars III: 177, pl. 113. Amstelaedami:apud Franciscum Changuion, Joannem Catuffe, Hermannum Uttwerf. MDCCXLIII.
  6. a b c Kochummen, K.M. 1972. Sterculiaceae. In: T.C. Whitmore (Ed.) Tree Flora of Malaya 2: 364. Kuala Lumpur: Longman.
  7. a b c Steenis, CGGJ van. 1981. Flora, untuk sekolah di Indonesia: 299. Jakarta: PT Pradnya Paramita.
  8. a b c d e Flora of China: Kleinhovia hospita
  9. ARS-GRIN: Kleinhovia hospita L.
  10. a b c d e f Latiff, A. 1997. Kleinhovia hospita L. In: I. Faridah Hanum & L.J.G. van der Maesen (Eds). Plant Resources of South-East Asia No. 11(Auxiliary plants): 166-7. Leiden: Backhuys Publisher.
  11. ICRAF Database of Wood Density: Kleinhovia hospita L.
  12. Wilkinson, K.M., C.R. Elevitch, & R.R. Thaman. 2000. Choosing Timber Species for Pacific Island Agroforestry: 14. Agroforestry Guides for Pacific Islands #6. Hawaii: Permanent Agriculture Resource.
  13. Arung, ET., IW. Kusuma, S. Purwatiningsih, ..., R. Kondo. 2009. "Antioxidant activity and cytotoxicity of the traditional Indonesian medicine Tahongai (Kleinhovia hospita L.) extract". J. Acupunct. Meridian Stud. 2(4):306-8. Dec 2009; doi: 10.1016/S2005-2901(09)60073-X. (abstrak)

Pranala luar[édit | édit sumber]