Lompat ke isi

Waréng

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Wareng
Kembang Waréng
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Plantae
Ordo:
Lamiales
Kulawarga:
Lameaceae
Génus:
Gmelina
Sinonim

Gmelina asiatica var. villosa (Roxb.) Bakh. (1821); Gmelina villosa Roxb. (1832); Gmelina villosa Roxb.[1]

Waréng; Gmelina elliptica; nyaéta tutuwuhan anu asalna tina kulawarga Lameaceae.[2] Waréng loba kampanggih hirup kalawan subur di kapuloan: Andaman, Bornéo, Kamboja, China, Jawa, kapuloan Sunda, Malaysia, Maluku, Pilipina, Sulawesi, Sumatra, Viétnam.[2] Ieu tangkal hirup sisi leuweung, utamana sisi susukan atawa tempat landeuh. [3]


Ngaran séjén

[édit | édit sumber]

Badhara bush (Inggris); bohol, talangud (Tagalog); bulangan, bolongeh (Malaysia); Khaang maeo, kra bia lueng, nom maeo (Thailand);Tu hu la (Viétnam) Waréng katelah ogé: Bulang Hutan, Bulang Kecil, Pukang Mata Hari[3]

Ciri mandiri

[édit | édit sumber]

Jangkung tangkalna 2-4 méter, mun diantepkeun hirup bisa waé jangkungna nepika 12 méter kalawan mibanda buleudan tangkal 25cm. Daunna lonyod, kelir héjo kolot 2-5 cm rubak, 3-8 panjang.[3] Kembang ngarantuy (tandan) panjang kurang leuwih 10 cm, kelirna konéng, bijil sapasang kénca jeung katuhu, panjang 3-5 cm diaméter 2 cm.[4] Buahna baruleud aya ogé anu lonyod panjang 2 cm buleudan;diameter n1.5 cm.[4]

Daunna bisa dimangpaatkeun pikeun ubar nyeri beuteung, bisa ogé ngubaran nyeri huntu; daunna dibebek/dirieus tuluy ditapelkeun kana gugusi huntu nu nyeri.[4] Daun atawa akarna bisa dipaké ngubaran raheut, rieut, panyakit kulit, jeung reumatik.[4] Akarna ogé dicampur jeung Jeruk mipis bisa dimangpaatkeun pikeun ngubaran raheut, digunakan pikeun anémia, bisa ogé pikeun ngubaran buuk murudul (kebotakan(.[4]Buahna, dicampur jeung bawang bodas katut jeruk mipisdipaké ngubaran ararateul.[4]Kagunaan lain, ieu pepelakan bisa dimangpaatkeun pikeun pager hirup atawa papaés buruan.[4]


Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. "Queenslandgoverment". Australia. 44197. Diakses tanggal (disungsi 1 Januari 2021). 
  2. a b Quattrocchi, Umberto (2016). CRC World Dictionary of Medicinal and Poisonous Plants: Common Names, Scientific Names, Eponyms, Synonyms, and Etymology (5 Volume Set). London: CRC Press. p. 1865. ISBN 9781482250640. Diakses tanggal (disungsi – 1 Jan 2021). 
  3. a b c Hoogerwerf, A. (1970). Udjung Kulon: The Land of the Last Javan Rhinoceros. London: Brill Archive. p. 174. Diakses tanggal (disungsi – 1 Jan 2021). 
  4. a b c d e f g "Monaco Natur Encyclopedia". Italy. 44197. Diakses tanggal (disungsi 1 Januari 2021).