Mang Koko
Koko Koswara | |
---|---|
Gumelar | 10 April 1917 Indihiang, Tasikmalaya, Jawa Barat |
Tilar dunya | 4 Oktober 1985 (yuswa 68) Bandung, Jawa Kulon |
Kabangsaan | Indonésia |
Ngaran landian | Mang Koko |
Étnis | Sunda |
Atikan | MULO Pasundan |
Pagawéan | Seniman, budayawan, pangajar dan wartawan |
Taun aktip | 1937-1985 |
Dipikawanoh salaku/lantaran | Seni karawitan Sunda |
Dipangaruhan ku | Raden Machjar Angga Koesoemadinata |
Méré pangaruh ka | Udjo Ngalagena |
Agama | Islam |
Anugrah | Piagam Wijayakusumah ti Dépdikbud (1971) |
Koko Koswara, ngaranna dipikawanoh minangka Mang Koko, gumelar di Kacamatan Indihiang, Tasikmalaya, 10 April 1917.[1] Bapana Ibrahim alias Sumarta, anu aya teureuh ti Sultan Banten (Sultan Hasanuddin).[1] Anjeunna dipaparin 8 putra, di antarana Tatang Benyamin Koswara (pupuhu Yayasan Cangkurileung) jeung Ida Rosida (tukang nembang kahot jeung kungsi jadi pamaén sinétron "Inohong di Bojongrangkong").[1] Atikan anjeunna dimimitian ti HIS (1932) nepi ka MULO Pasundan (1935). Mang Koko kagolong jalma anu ta'at tur patuh kana ajaran agama (Islam).[1]
Karirna dimimitian ti taun 1937 dina zaman pra-kamerdikaan.[1] Satuluyna digawé di Balé Pamulang Pasundan, Paguyuban Pasundan, De Javasche Bank; Harian Cahaya (Cahaya Simbun), Harian Suara Merdeka, Jawatan Penerangan Propinsi Jabar, guru anu saterusna jadi Diréktur Konsérvatori Karawitan (KOKAR) Bandung (1966-1972); Dosén Luar Biasa di ASTI (Akademi Seni Tari Indonésia) Bandung, nepi ka tilar dunya tanggal 4 Oktober 1985.[1]
Bakat Seni jeung Karya-karyana
[édit | édit sumber]Bakat senina turun ti ramana anu kacatet salaku juru ilo Ciawian jeung Cianjuran.[1] Anjeunna diajar ti seniman-seniman ahli karawitan Sunda anu geus kawentar, ogé neuleuman hasil karya widang karawitan ti Raden Machjar Angga Koesoemadinata (ahli musik).[1]
Mang Koko dipikawanoh minangka panaratas dina ngadegkeun mangrupa-rupa pakumpulan kasenian, di antarana: Jenaka Sunda "Kaca Indihiang" (1946), "Taman Murangkalih" (1948), "Taman Cangkurileung" (1950), "Taman Setiaputra" (1950), "Kliningan Ganda Mekar" (1950), "Gamelan Mundinglaya" (1951), jeung "Taman Bincarung" (1958).[1]
Ogé anjeunna ngadegkeun sakaligus jadi pupuhu munggaran ti "Yayasan Cangkurileung" puseur, anu cabang-cabangna sumebar di lingkungan sakola-sakola sakuliah Jawa Kulon.[1] Anjeunna ogé anu ngadegkeun tur pupuhu Yayasan Badan Penyelenggara "Akademi Seni Karawitan Indonesia" (ASKI), Bandung (1971). Kungsi anjeunna medalkeun majalah kasenian "Swara Cangkurileung" (1970-1983).[1]
Karya cipta kawih-kawihna dikempelkeun dina buku-buku, boh anu kungsi dipedalkeun atawa anu masih mangrupa naskah-naskah, di antarana: "Resep Mamaos" (Ganaco, 1948), "Cangkurileung" (3 jilid/MB, 1952), "Ganda Mekar" (Taraté, 1970), "Bincarung" (Taraté, 1970), "Pangajaran Kacapi" (Balébat, 1973), "Seni Swara Sunda/Pupuh 17" (Mitra Buana, 1984), "Sekar Mayang" (Mitra Buana, 1984), "Layeutan Swara" (YCP, 1984), "Bentang Sulintang/Lagu-lagu Perjuangan"; jrd.[1]
Karya-karyana sanés ukur dina widang kawih, nanging ogé dina widang seni drama sareng gending karesmen. Dina lebah dieu kacatet, upamana baé: "Gondang Pangwangunan", "Bapa Satar", "Aduh Asih", "Samudra", "Gondang Samagaha", "Berekat Katitih Mahal", "Sekar Catur", "Sempal Guyon", "Saha?", "Ngatrok", "Kareta Api", "Istri Tampikan", "Si Kabayan", "Si Kabayan jeung Raja Jimbul", "Aki-Nini Balangantrang", "Pangeran Jayakarta", "Nyai Dasimah".[1]
Pangajén ka Mang Koko
[édit | édit sumber]Mang Koko ginuluran loba pangajén, boh anu asalna ti pamaréntah, lembaga atawa organisasi masarakat (LSM), umpamana baé: Piagam Wijayakusumah (1971), minangka pangajén pangluhurna ti pamaréntah puseur (id:Departemen Pendidikan dan Kebudayaan) dina kategori "Sebagai Pembaharu dalam Bidang Seni Karawitan".[1]