Aci

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi

Aci atawa kanji mangrupakeun karbohidrat kompléks nu teu leyur na cai. Aci (hususna aci jagong) dina papasakan dipaké salaku saos. Di industri, aci dipaké pikeun nyieun elém, kertas, jeung tékstil.

Biokimia[édit | sunting sumber]

Sacara biokimiawi, aci mangrupakeun gabungan dua karbohidrat polimérik (polisakarida) nu disebut amilosa jeung amilopéktin, nu monomérna unit glukosa nu disambungkeun hulu ka buntut jadi tumbu alfa-1,4. Unit liniér ieu jadi amilose. Amilose lajeng ngagabung dina beungkeut alfa-1,6, ngabentuk struktur nyagak. Unit-unit nyagak ieu mangrupa amilopéktin na aci.

Sacara struktural, aci ngabentuk clusters of linked linear polymers, where the alpha-1,4 linked chains form columns of glucose units which branch regularly at the alpha-1,6 links. The relative content of amylose and amylopectin varies between species, and between different cultivars of the same species. Pikeun conto, jagong luhung amilosa ngandung 85% amilosa, sedengkeun aci waxy corn ngandung leuwih ti 99% amilopéktin.

Fungsi utama aci na tutueuhan jeung sato (nu disebut glikogén tea), nyaéta salaku molekul simpenan/cadangan tanaga. Dina tutueuhan, gula basajan nu kabeungkeut na molekul aci dina organ sélular husus disebut amiloplas.

Aci teu leyur na cai, bisa direcah ku hidrolisis nu dikatalisan ku énzim nu disebut amilase, nu bisa megatkeun beungkeut glikosida antara komponén 'alfa-glukosa' na polisakarida aci. manusa jeung sato lianna mibanda amilase, sahingga bisa nyerna aci. Aci dicerna ngaliwatan prosés gampang: molekul aci direcah jadi komponén unit-unit gula basajan. Gula nu dihasilkeun laju diolah ku énzim lianna (misalna maltase) na awak urang, sarua jeung gula séjénna na asupan.

Aci salaku bahan tuang[édit | sunting sumber]

Aci téh aya dina bungbuahan, sisikian, jeung beubeutian. Bahan anu ilahar dipaké/diproduksi (sacara masal) ku masarakat di antarana tina jagong, kentang, béas, gandum, jeung sampeu. Katuangan Kulon nu tina aci (gandum) nyaéta roti. Di urang, aya katuangan tina aci nu populér pisan, nyaéta cireng.

Di rumah tangga[édit | sunting sumber]

Kanji (clothing starch atawa laundry starch) nyaéta cairan nu disiapkeun ku jalan nyampurkeun aci sayur na cai (digolakkeun), dipaké di laundry pakéan. Dina abad ka-19 jeung awal abad ka-20, kanji dipaké pikeun ngaheurasan & ngalemesan kerah kaméja nalika diistrika.

Di sagigireun kerahna jadi lemes lan nyiripit rapih, sacara praktis kanji téh ngajaga pakéan tetep beresih, sabab késang/daki tina beuheung nu makéna ukur napel kana lapisan aci, gampang diberesihanana.

Uji[édit | sunting sumber]

Ayana aci diuji maké leyuran iodin. Mun iodin dikeclakkeun kana cairan nu ngandung aci, warnana bakal robah jadi hideung, alatan asupna ion iodin ka jero kompleks molekul amilosa[1].

Ingon-ingon[édit | sunting sumber]

Aci sato mangrupakeun ngaran lain pikeun glikogén, teu sarua jeung aci biasa.

Rujukan[édit | sunting sumber]

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]

Turunan aci[édit | sunting sumber]

Aci bisa dihidrolisis jadi karbohidrat nu leuwih basajan maké asam, rupa-rupa énzim, atawa kombinasi ti dua éta. Konversina biasana diukur ku ékivalén dékstrosa (dextrose equivalent, DE), nyaéta fraksi beungkeut glikosida na aci nu geus pegat. Produk pangan nu dijieun ku cara ieu di antarana

  • Maltodékstrin, produk aci hasil hidrolisis (DE 10–20) nu dipaké paneuas.
  • Rupa-rupa sirop jagong (DE 30–70), leyuran kentel nu dipaké salaku pangamis jeung paneuas dina rupa-rupa pangan olahan.
  • Dékstrosa (DE 100), glukosa komersil, dijieun ku jalan ngahidrolisis aci sacara sampurna.
  • Sirop luhung fruktosa (high fructose syrup), dijieun ku nyampurkeun leyuran dékstrosa jeung énzim glukosa isomérase. Di AS, sirop jagong luhung fruktosa dijadikeun bungbu pangamis utama.