Alpuket

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Alpuket
Buah alpuket dina tangkalna, Pabukon Huntington, California
Klasifikasi ilmiah
Kingdom: Plantae
Division: Magnoliophyta
Class: Magnoliopsida
Order: Laurales
Family: Lauraceae
Genus: Persea
Species: P. americana
Ngaran binomial
Persea americana
Mill.

Alpuket (Persea americana) (tina basa Nahuatl āhuacatl) nyaéta tutuwuhan pituin Méksiko jeung Amérika Tengah, kaasup kana tutuwuhan kembangan kulawarga Lauraceae. Ieu buah boga ajén ékonomi anu gedé, sahingga loba dipelak di sakuliah dunya, utamana di wewengkon tropis. Daging buahna beyé, héjo semu konéng, loba ngandung lemak nu utamana lemak teu jenuh. Lian ti lemak, ieu buah ogé euyeub serat, vitamin, jeung kalium.

Asal-usul[édit | sunting sumber]

Alpuket geus lila pisan dipelak di Amérika Tengah jeung Kidul. Di Chan Chan, hiji kota kuna saméméh jaman Ingka, kapanggih artéfak kendi ti taun 900-an nu bentukna kawas alpuket[1], sedengkeun bukti tatanén di Méksiko paling henteu umurna geus 10.000 taunan[2]. Literatur paling kuna nu nyabit-nyabit alpuket di Éropah ditulis taun 1518/1519 karya Martín Fernández de Enciso (14701528): Suma de Geografía que Trata de Todas las Partidas y Provincias del Mundo.[2][3]. Catetan munggaran ngeunaan alpuket dina basa Inggris dijieun ku Hans Sloane taun 1696, dina bukuna ngeunaan tutuwuhan Jamaika. Ieu pepelakan dibawa ka Indonésia taun 1750, Brazil taun 1809, Levant taun 1908, jeung Afrika Kidul sarta Australia ahir abad ka-19[2].

Étimologi[édit | sunting sumber]

Alpuket nu cangkangna semu hideung.

Kecap "alpuket" asalna tina kecap "avocado", nu béh dituna tina basa Nahuatl āhuacatl ("siki kanjut", dumasar kana bentuk buahna)[4]. Baheula, alpuket katelah salaku afrodisiak, sahingga tara didahar ku jalma anu can kawin atawa anu satia ka pamajikan. Ku bangsa Azték, ieu buah disebut "buah kasuburan"[3]. Di sababaraha nagara Amérika Kidul, kayaning Argéntina, Bolivia, Chilé, Péru, jeung Uruguay, ieu buah kawentar dina ngaran Quechuana, palta. Di nagara-nagara nu maké basa Spanyol, ieu buah disebut aguacate, sedengkeun ku urang Portugis disebutna abacate.

Mangpaat[édit | sunting sumber]

Avocado, raw (edible parts)
Ajén gizi per 100 g (3.5 oz)
Énérgi 160 kcal   670 kJ
Karbohidrat     8.53 g
- Gula  0.66 g
- Serat pangan  6.7 g  
Lemak 14.66 g
- jenuh  2.13 g
- teu jenuh tunggal  9.80 g  
- teu jenuh loba  1.82 g  
Protéin 2 g
Tiamin (Vit. B1)  0.067 mg   5%
Riboflavin (Vit. B2)  0.130 mg   9%
Niasin (Vit. B3)  1.738 mg   12%
Asam pantoténat (B5)  1.389 mg  28%
Vitamin B6  0.257 mg 20%
Folat (Vit. B9)  81 μg  20%
Vitamin C  10 mg 17%
Kalsium  12 mg 1%
Beusi  0.55 mg 4%
Magnésium  29 mg 8% 
Fosfor  52 mg 7%
Kalium  485 mg   10%
Séng  0.64 mg 6%
Perséntaseu rélatif ngarujuk ka
rékoméndasi AS keur sawawa.
Sumber: Databés Gizi USDA

Buah alpuket hasil budidaya bentukna buleud nepi ka lonyod panjang, kelirna héjo kolot nepi ka coklat semu hideung. Kandungan lemakna onjoy batan bungbuahan séjén, nu lolobana lemak teu jenuh tunggal. Daging buah nu geus asak warnana konéng semu héjo nepi ka konéng emas. Mun kabuka jeung keuna ku udara, warnana bakal robah jadi coklat alatan oksidasi. Pikeun vegetarian, alpuket kapaké pisan salaku gaganti daging kusabab loba kandungan lemakna.

Ajén gizi[édit | sunting sumber]

Kandungan lemak dina alpuket ampir 15%, nu lolobana lemak teu jenuh tunggal. Kandungan kaliumna 60% leuwih loba batan cau, euyeub vitamin-vitamin B, vitamin E, jeung vitamin K[5]. Kandungan seratna paling punjul di antara bungbuahan - 25% serat leyur jeung 75% teu leyur[6].

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. Barry, PC (2001-04-07). "Avocado: The Early Roots of Avocado History". Canku Ota. Diakses pada 29 Désémber 2007. 
  2. a b c "Avocado History". indexfresh.com. 30 Oktober 2007. Diakses pada 29 Désémber 2007. 
  3. a b Stradley, Linda (2004). "All About Avocados: History of the Hass Avocado". Diakses pada 13 Méi 2008. 
  4. Online Etymology Dictionary - Avocado
  5. "Avocados, raw, California". NutritionData.com. 30 Oktober 2007. Diakses pada 29 Désémber 2007. 
  6. Naveh E, Werman MJ, Sabo E, Neeman I (2002). "Defatted avocado pulp reduces body weight and total hepatic fat but increases plasma cholesterol in male rats fed diets with cholesterol". J. Nutr. 132 (7): 2015–8.

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]


Nulis.jpg