Dongéng

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi

Dongéng mangrupa salah sahiji golongan carita dina wangun prosa (lancaran).[1] Nilik wandana jeung eusina dongéng téh kaasup rékaan baheula.[1] Ilaharna dongéng téh pikeun barudak. [2] Patempatan anu jadi latarna mindeng tétéla gambaran kaayan baheula, tokoh-tokohna henteu manusa wungkul, tapi ogé sasatoan, buta, atawa mahluk séjénna.[1] Corak rékaan heubeul anu mindeng ngolah siloka atawa alegori pikeun mungkus téma.[1]

Wangenan [édit | sunting sumber]

Dongéng nya éta carita anu teu asup akal jeung teu kajadian, biasana osok nyaritakeun kajadian-kajadian jaman baheula. [3] Numutkeun kamus dongéng téh babad meunang ngaréka, babad karangan anu henteu kajadian saenyana anu mohal jadina [4]. Budi Rahayu Tamsah nétélakeun yén dongéng mangrupa carita rékaan anu méré kesan pamohalan tur ukuranana parondok. [5] Dongéng mimiti gelar dina wangun lisan, sumebar ti hiji jalma ka jalma liana, tur teu kapanggih saha nu ngarangna. [6] Lantaran sumebar dina wangun lisan, téks dongéng babari robah atawa leungit. [6] Robahna téks téh alatan aya anu dihaja jeung teu di haja. [6]

Papasingan Dongéng[édit | sunting sumber]

Dumasar kana eusina dongéng dibagi jadi tujuh nya éta :

Dongéng sasatoan (Fabél)[édit | sunting sumber]

Dongéng Fabél nya éta dongéng atawa carita rékaan anu eusina ngajarkeun moral atawa atikan budi, ku kituna carita téh ngagambarkeun pasipatan, waték, jeung budi manusa. [7] Ilaharna dongéng sato (Fabél) nyaritakeun sasatoan anu paripolahna dicaritakeun kawas manusa, upama baé bisaeun nyarita ogé ngagunakeun akal jeung pikiran. [8] Dongéng sato biasana watek palakuna geus dipola. [9] Dina kasusastraan Sunda, dongéng sato téh pohara lobana. [9]

Dongéng babad (Sagé)[édit | sunting sumber]

Dongéng Sagé nya éta carita ngeunaan kapahlawanan, nu nyaritakeun kahirupan manusa di masarakat jeung dina sajarahna. [10] Sagé mangrupa carita peperangan di jaman baheula, umumna nyaritakeun tokoh nu légendaris sarta panjang tur eusina kapahlawanan, jalma sohor, atawa lalampahan nu pikaseurieun. Contona Prabu Siliwangi, Dipati Ukur, Séh Abdul Muhyi,jrrd.[7]

Dongéng kahirupan Jalma Biasa (Parabél)[édit | sunting sumber]

Dongéng Parabél nya éta dongéng anu eusina nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu dianggap mahiwal ti batur. Caritana loba pikaseurieun tapi ngandung hiji atikan. Conto anu pangsohorna dina sastra Sunda nya éta dongéng-dongéng Si Kabayan. [11] Lian ti éta, aya ogé dongéng saduran tina sastra deungeun, upamana dongéng Abu Nawas, Nasarudin, Si Congcorang,jjrd.

Dongéng mité[édit | sunting sumber]

Dongéng Mité nya éta dongéng anu nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu dianggap aramat ku masarakat. [12] Umumna dongéng mite téh raket patalina jeung kepercayaan masarakat kana alam gaib.[9] Carita dina mite umumna ngalalakonkeun kajadian alam dunya, manusa, jeung ayana maot.[13] Aya ogé mite anu nyaritakeun ciri khas sasatoan, wangun topografi, tanda-tanda alam, jsté.[13] Mite di Indonésia dibagi jadi dua golongan dumasar kana tempat asalna nya éta, mite asli Indonésia jeung mite nu asalna ti luar Indonésia, utamana ti nagara India, Arab jeung nagara-nagara sabudeureun Laut Tengah.[14] Nu asalna ti luar Indonésia, umumna geus robah nepi ka siga asli carita ti Indonésia, ku lantaran kitu mite éta ngalaman prosés adaptasi.[14] Mite nu asalna ti Indonésia umumna nyaritakeun asal-muasal jagat raya, ayana tingkat déwa, jeung mimiti manusa manggihan kadaharan saperti sangu, jagong,jsté.[14] Contona Dongéng Déwi Sri, Dongéng Nyi Roro Kidul, Dongéng Munjung, Dongéng Maung Kajajadén, jeung Dongéng Ngipri.[9]

Dongéng Pieunteungeun[édit | sunting sumber]

Dongéng Pieunteungeunnya éta dongéng anu eusina mangrupa tauladan pikeun kahirupan manusa.[15] Contona Cikaracak Ninggang Batu Laun-laun jadi Legok.[15]

Dongéng Pamuk[édit | sunting sumber]

Dongéng Pamuk nya éta dongéng anu nyaritakeun kagagahan atawa kasaktén hiji jalma tur bisa aya patalina jeung tokoh atawa kajadian sajarah.[15] Contoo carita pamuk di wewengkon Sunda bisa ditingali dina carita ''Prabu Siliwangi'', Prabu Siliwangi nya éta tokoh anu kaitung sakral di daérah Jawa Barat.[16] Sakumaha nu dipikawanoh, Prabu Siliwangi téh nya éta hiji raja nu pernah maréntah wewengkon Pasundan.[16] Contona Weasan Aki Sayang Hawu.[16]

Dongéng sasakala (Légénda)[édit | sunting sumber]

Dongéng légénda nya éta carita rayat anu dianggap (ku nu boga caritana) minangka hji kajadian nu bener-bener kungsi aya.[17] Lumangsungna éta kajadian dina waktu nu can pati lila, sarta tempatna di lingkungan nu geus dipikawanoh ku urang ayeuna. [17] Dongéng sasakala mngrupa golongan carita anu geus turun tumurun, sumebar sarta ku balaréa dianggap mibanda dasar kasajarahan atawa sakumna carita wandal kitu anu geus jadi milik sagolongan masarakat.[17] Palaku utama dina legenda jalma biasa.[17] Dongéng legenda biasana nyaritakeun asal-muasalna kajadian.[17] Kajadian hiji tempat, tutuwuhan,sato, atawa barang.[17]Papasingan Legenda :

  1. Legenda Agama nya éta legenda jalma-jalam suci saperti para wali agama islam.[11] Legenda nu geus dikumpulkeun diantarana: Syéh Siti Jenar di Muka Pengdilan Agama, Sunan Geseng, Syéh Abdul Muhyi, Ki Pandan Arang dari Tembayat, jste.[11]
  2. Legenda Alam gaib nya éta carita-carita pangalaman pribadi hiji jalma ngeunan mhluk-mahluk nu gaib.[11]
  3. Legenda tokah jalma nya éta carita ngeunaan tokoh-tokoh jalma nu dianggap kungsi aya kajadianana.[11]
  4. Legenda tempat atawa legenda wewengkon nya éta carita anu aya patalina jeung hiji tempat, ngaran wewengkon sarta wangun topografi, upamana ayana gunung, pasir-pasir, jurang, jsb. Contona saperti Sasakala Situ Bagendit, Sasakala Situ Patenggang, Sasakala Maribaya. [11]

Sedengkeun dumasar kana palakuna dongéng téh kabagi jadi lima nya éta dongéng fabél [18], dongéng legénda [18], dongéng sagé [18], dongéng parabél [18], Dongéng mité [18]

Unsur-unsur carita dongéng[édit | sunting sumber]

  1. Téma, tema nya éta ide, maksud atawa tujuan anu hayang dihontal ku pangarang dina hiji carita dongéng, anu baris kapanggih ku pamaca atawa pangreungeu sabada maca atawa ngadéngékeun dongéng. [18]
  2. Galur (plot) osok disebut ogé jalan carita atawa runtuyan carita, kajadian anu sambung-sinambung pikeun ngawangun jadi hiji lanjeureun carita.[18] Galur dihartikeun runtuyan jeung patalina kajadian anu dicaritakeun ku pangarang ti mimti nepi ka pungkasan jalan carita. Galur bisa dibagi jadi tilu rupa nya éta galur merélé, galur mabok tengah, jeung galur campuran. [18]
  3. Tokoh carita atawa palaku nya éta jalma atawa pihak anu ngalalakon dina hiji carita.[18]
  4. Latar (setting), nya éta waktu jeung tempat kajadian hiji carita dongéng. [18]
  5. Amanat, nya éta pesen pangarang nu hayang ditepikeun ka pamaca.[18] Umumna amanat dina dongéng mah tara nembrak, tapi karasa sanggeus réngsé maca atawa ngadéngékeun hiji carita nu sagemblengna. [18]

Ciri-ciri Dongéng[édit | sunting sumber]

  1. Caritana pondok,[14] lanjeuran carita dina dongéng biasana basajan jeung pondok. Ari nu jadi alesanana nya éta carita dongéng osok didongéngkeun ka barudak, nu tangtuna waé kamampuh nangkep basa jeung caritana kawatesanan. [19]
  2. Aya bagian anu pamohalan. [14]
  3. Asup kana wangun lancaran jeung ugeran. [14]
  4. Anonim atawa teu kapaluruh saha nu ngarangna. [14]
  5. Mibanda fungsi jeung kagungan salaku alat pikeun atikan, hiburan, protés sosial, atawa kahayang nu di sidem.[14] Sanajan dongéng ditepkeuna sacara malibir tapi miboga atikan anu utama ngeunaan kaluhungan budi jeung pieunteungeun.[19]
  6. Sipatna pralogis, nya éta mibanda logika anu béda jeung logika umum. [14]
  7. Sipatna tradisional, nya éta sumebarna turun-tumurun. [14]
  8. Pola ngadongéng sok angger, sanajan [20]

Sajarah Kamekaran jeung Sumebarna Dongéng[édit | sunting sumber]

Gelarna satra lisan di tatar Sunda kira-kira dina jaman buhun anu dicirian ku ayana pangaruh Hindu.v Dina ieu jaman, sastra anu aya teu kapanggih ngaran pangarangna (anonim) kayaning carita-carita pantun, carita-carita mithologia, pabél-pabél, jangjawokan, asihan, jampé-jampé, kawih, jsté.[21] Tétéla pisan satra lisan leuwih ti heula ayana tibatan sastra tulis.[22] Sastra tulis aya saba’da urang Sunda wawuh kana tradisi tulis.[21] Ku sabab téknologi ayeuna beuki maju, nya éta ku ayana pecitakan, loba dongéng anu dimuat dina majalah jeung surat kabar. [22] Lian ti éta ogé, aya anu dikumpulkeun jadi buku, di antarana: Dongéng disalin kana tulisan, sanggeus téknologi ngambah kana kasustraan sunda, loba dongéng anu dibukukeun di antarana :

Dongéng dirobah jadi wawacan, salain ditulis dongéng anu mimitina ngagunakeun basa lancaran bisa dirobah jadi wangun pupuh, nya éta jadi wawacan.

Pungsi Dongéng[édit | sunting sumber]

Kalungguhan dongéng kacida pentingna pikeun masarakat anu masih kénéh nyekel pageuh tradisi.[21] Dongéng henteu bisa di pisahkeun tina upacara ritual manusa nurutkeun kapercayaan. Pungsi dongéng ti jaman ka jaman robah.[21] Dina jaman masarakat buhun, dongéng téh henteu bisa dipisahkeun tina asal-usul upacara-upacara ritual manusa nurutkeun kapercayaan.[21] Dongéng sok dihartikeun alat pikeun ngabobodo budak céngéng.[21] Tapi mun seug dipaluruh leuwih jero, kalungguhan dongéng téh lain wates keur ngabobodo budak céngng hungkul, tapi ngabogaan tujuan séjén lamun ditétélakeun di handap:

  1. Ngarah anak incu urang nyaho kana turunan.[21]
  2. Ngarah anak incu urang nyaho kana pancakaki.[21]
  3. Ngarah anak incu urang nyaho kana asal muasalna tempat.[21]
  4. Ngarah anak incu urang nyaho kaayaan lemburna boh kaayaan alamna boh kaayaan tali parantina.[21]
  5. Ngarah anak incu urang manggih luang tina pangawéan karuhun pikeun bekel hirupna.[21]
  6. Ngarah pagawéan beurat karasa leuwih hampang.[21]

Dumasar kana hasil panalungtikan anu dilakukeun ku Bambang Sudarmoyo dina taun 1975 tétéla yén dongéng mampuh ngaronjatkeun Itelegence Question (I.Q) budak.[21] Budak kakeunaan ku Virus n Ach (need for Achievement) nya éta virus nu ngamotipasin budak sangkan miboga cara mikir jeung paripolah anu leuwih épisién pikeun ngahontal hasil nu leuwih alus ti saméméhna tur salawasna bisa ngahontal préstasi kalayan optimal.[21] Panalungtikan séjén nu ngébréhkeun yén dongéng bisa méré kani'matan, kasugemaan batin jeung ngaronjatkeun kacerdasan pikeun nu macana.[21] Éta hal dibuktikeun ku panalungtikan di Amérika, anu nétélakeun yén barudak turunan Asia di Amérika leuwih cerdas tibatan barudak turunan urang Amérika, sabab warga Asia nu cicing di Amérika teu ninggalkeun tradisi karuhunna, utamana macakeun dongéng-dongéng ngeunaan karuhun ka budakna.[21]

catetan[édit | sunting sumber]

  1. a b c d Suryani,Elis.(2010).Badingkut.Bandung: Danan Jaya.
  2. Definisi Dongeng (Dicutat tanggal 17 Oktober 2011)
  3. Definisi Dongeng (Dicutat tanggal 17 Oktober 2011)
  4. Danadibrata , R.A.2006.Kamus Basa Sunda. Bandung:PT Kiblat Buku Utama.
  5. Tamsyah, Budi Rahayu.(1997). Pangajaran Basa Sunda. Bandung: Pustaka Setia.(kaca 121)
  6. a b c Ruhaliah (2002) Sajarah Sastra Sunda.Bandung.Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah
  7. a b Iskandarwassid.(1992).Kamus Istilah Sastra.Bandung: Geger Sunten. (kaca 40)
  8. Desny Maulida.2007.'Kamampuh Ngadongéng Siswa Kelas X SMK Kencana Bandung'.Skipsi.Universitas Pendidikan indonesia.
  9. a b c d Atin Solihat Rohmatus.2005.'Dongéng Rakyat Kacamatan Sukahaji pikeun Bahasa Pangajaran Sastra Di SMP Kacamatan Sukahaji'.Skripsi.Universitas Pendidikan Indonesia.
  10. Ruyana,Yus.1978.Panyungsi Sastra .Bandung: Gunung Larang. (Kaca 19)
  11. a b c d e f Shinta Iskandar.2005.Skripsi.Carita Rakyat di Kacamatan Ciparay pikeun bahan pangajaran sastra di SMP.UPI
  12. Faturohman, Taufik.1983.Ulikan Sastra .Bandung: Djatnika.
  13. a b Yopi Gunawan.(2009).Skripsi.Carita Rayat anu aya di Kacamatan Talaga pikeun Bahan Pangajaran di SMP.UPI.
  14. a b c d e f g h i j Danandjaja,James.(1994).Foklor Indonesia.Jakarta: Pustaka Baru.
  15. a b c Tamsyah,Budi Rahayu,Spk.1996.Pangajaran Sastra Sunda.Bandung: Pustaka Setia.
  16. a b c Aef Saeful Islam.(2011).Skripsi.Unsur Intrinsik Carita Rayat Kacamatan Cigasong Kabupatén Majaléngka pikeun Bahan Pangajaran Sastra di SMA.UPI.
  17. a b c d e f Danandjaja,James.1984.Foklor Indonesia.Ilmu gosip, dongeng, dan lain-lain.Jakarta: Gratifipers.(Kaca 66)
  18. a b c d e f g h i j k l Faturohman, Taufik, Drs.(1983).Ulikan Sastra(Pangajaran sastra Sunda pikeun Murid SMTP.Bandung:Djtnika.
  19. a b Shinta Iskandar.(2005).Skripsi.Carita Rakyat anu aya di Kacamatan Ciparay pikeun Bahan Pangajaran Sastra di SMP.UPI.
  20. Suherman,E.(1995).Basa jeung Sastra Sunda di Sakola Dasar.Bandung
  21. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s Devi Rosita.(2010).Skripsis.Struktur Carita Rayat dina Kumpulan Buku Carita Rayat Cirebon pikeun Bahan Pangajaran Sastra di SMP kaca 16.UPI
  22. a b c d e f g h i j k l Andrian.2005.'Gaya Basa dina Kumpulan Dongéng Sakadang Peucang jeung Oray Héjo Karya Tasdik'.Skripsi.Universitas Pendidikan Indonesia.