Rékayasa genetik

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi

Rékayasa genetik jeung modifikasi genetik (genetic modification (GM) mangrupakeun istilah pikeun prosés manipulasi/ngarobah gén, nu ilaharna béda ti prosés réproduksi organisme anu galib.

Rékayasa genetik ngawengku isolasi, manipulasi, jeung réintroduksi (ngasupkeun) DNA kana sél atawa organisme modél, nu biasana pikeun ngéksprésikeun hiji protéin. Anu dituju taya lian pikeun nyiptakeun ciri anyar, boh dina bentuk fisik atawa fisiologis. Contona nyaéta nyiptakeun pepelakan nu tahan hérbisida atawa nu ngahasilkeun protéin/énzim séjén, ngahasilkeun insulin manusa tina baktéri robahan, éritropoietin dina sél endog hamster Cina, jeung sato robahan pikeun panalungtikan.

Kusabab protéin téh ditangtukeun ku potongan DNA nu disebut gén, mangka protéin nu dihasilkeun téh bisa dirobah mun urang ngarobah DNA dina génna. Daniel Nathans jeung Hamilton Smith nampa 1978 Hadiah Nobel widang fisiologi jeung kadokteran pikeun karyana nu geus hasil ngisolasi énzim réstriksi nu bisa motong DNA dina loka anu tangtu. Ieu énzim, bareng jeung ligase nu bisa nyambungkeun DNA potongan, mangrupakeun alat utama dina téhnologi DNA rékombinan.

Larapan[édit | sunting sumber]

Ubar munggaran hasil rékayasa genetik (RG), nyaéta insulin manusa, munggaran diloloskeun ku BPPOM AS (FDA) taun 1982[1]. Larapan awal RG lianna nyaéta ngahasilkeun hormon kamekaran manusa salaku gaganti ubar nu saméméhna diékastraksi tina mayit. Taun 1986, FDA ngaloloskeun vaksin RG munggaran pikeun manusa, nyaéta vaksin hépatitis B[2].

Larapan RG anu paling kawentar nyaéta pikeun ngahasilkeun organisme robahan genetik (genetically modified organism, GMO).

Baca ogé[édit | sunting sumber]

Rujukan[édit | sunting sumber]

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]


Nulis.jpg