Selandia (buana)
Selandia, ogé kawanoh salaku Tasmantis atawa buana Selandia Anyar, nyaéta hiji peupeusan buana jero laut nu tikerelep sanggeus peupeus ti Australia 60–85 yuta taun baheula, misah ti Antartika antara 85 jeung 130 yuta taun baheula.[2] Selandia meureunan geus tikerelep sakabéhna saprak 23 yuta taun baheula,[3][4] jeung kalobaannana (93%) tetep aya di jero Samudra Pasifik.
Selandia legana 3.500.000 km²s (1,400,000 mil²), leuwih ti Greenland atawa India, jeung kira-kira saparo legana Australia. Ngampar ti Kaledonia Anyar di kalér nepi jauh ka Kapuloan sub-antartika Selandia Anyar di kidul (ti 19° lintang kidul nepi ka 56° lintang kidul,[2] kira-kira sarua jeung Haiti nepi ka Teluk Hudson atawa ti Sudan nepi ka Swédia). Selandia Anyar mangrupakeun bagian nu pangluasna ti Selandia nu aya di luhureun paroman laut.
Daptar eusi |
Babagian pulitis [édit]
- Kaledonia Anyar jeung pulo-pulo sakurilingeunnana - 18.576 km² (7,172 mil² atawa 7%)
- Selandia Anyar - 267.988 km² (103,471 mil² atawa 93%)
- Ngawengku daratan utamina, pulo-pulo nu dareukeutan, jeung luar saperti Kapuloan Antipodes, Kapuloan Auckland, Kapuloan Bounty, Kapuloan Campbell, jeung Kapuloan Chatham, tapi Kapuloan Kermadec heunteu.
- Rupa-rupa téritori Australia
- Kapuloan Norfolk - 35 km² (14 mil² atawa 0.01%)
- Grup Pulo Lord Howe (New South Wales) - 56 km² (22 mil² atawa 0.02%)
- Karang Elizabeth jeung Middleton (Téritori Kapuloan Laut Karang) - 025 km² (9.7 mil²) (aréa daratan)
Jumlah aréa daratan (kaasup bidang cai dina daratan): ~ 286.655 km² (110,678 mil²)
Populasi [édit]
- Kaledonia Anyar - 250,000
- Selandia Anyar- 4,4 yuta
- Kapuloan Norfolk - 2.141
- Pulo Lord Howe - 347
Jumlah populasi: 4,65 yuta
Rujukan [édit]
- ↑ "Figure 8.1: New Zealand in relation to the Indo-Australian and Pacific Plates". The State of New Zealand’s Environment 1997. 23 Méi 1997. Diakses pada 20 April 2007.
- ↑ a b Keith Lewis (2007-01-11). "Zealandia: the New Zealand continent". Te Ara – the Encyclopedia of New Zealand. Diakses pada 22 Pébruari 2007.
- ↑ "Searching for the lost continent of Zealandia", The Dominion Post, 29 September 2007. Disalin 2007-10-09.
- ↑ Campbell, Hamish, Gerard Hutching (2007). In Search of Ancient New Zealand, 166–167, North Shore, New Zealand: Penguin Books.
Tumbu kaluar [édit]
- Zealandia the New Zealand (drowned) Continent, ti Te Ara
- The coast and beyond, kaasup peta buana Selandia Anyar, ti GNS Science
|
|||||||||||||||||
| Artikel ngeunaan géografi ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |