Si Unyil

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi


Si Unyil nyaéta tokoh karakter bonéka budak ciptaan Drs. Suyadi (tokoh Pa Radén).[1] Mimiti ngajumantara tanggal 5 April 1981, di Télévisi Républik Indonésia (TVRI) unggal poé minggu jam 8 isuk-isuk kalawan total épisode 603.[2] Si Unyil hadir di layar télévisi dina mangsa salila 12 taun (1981-1993).[2] Prédikatna minangka maskot dalapan puluhan pantes dicangking ku ieu tokoh bonéka nu maké kopéah jeung pipina gembil téh. Unyil diproduksi ku PPFN – Pusat Produksi Film Negara di jaman Orde Baru.[2]

Gambar:Suyadi.jpg
Drs. Suyadi "Pa Radén" nu nyiptakeun karakter Si Unyil

Salila 20 taun, tokoh Si Unyil jadi salah sahiji figur anu ngawakilan ikon Indonésia.[2] Tapi alatan hal-hal nu tangtu kayaning munculna stasiun-stasiun télévisi swasta nyababkeun Si Unyil teu disiarkeun deui.[2] Ikon budaya Indonésia nyaéta salah sahiji figus anu bisa ngawakilan sakumna masarakat Indonésia dina rupa-rupa aspék kahirupan. Carita Si Unyil geus nyirorot pisan, kusabab ayana kamekaran téhnologi jeung informasi mangsa kiwari.[2]

Sabada beuki réana stasiun TV di Indonésia, Si Unyil beuki nyirorot salila 20 taun katompérnakeun nepika kiwari alatan beuki réana film-film deungeun kalawan carita anu rupa-rupa.[2]

Figur Si Unyil[édit | sunting sumber]

Si Unyil geus jadi salah sahiji bagian anu teu bisa dipisahkeun tina budaya populér di Indonésia alatan midanda ciri has anu béda jeung tokoh-tokoh budak séjénna.[2]

Bapa jeung indungna Si Unyil nyaéta tipikal kolot Jawa. Karesep Pa Unyil (Pa Sirod) téh nyaéta ngingu perkutut, sawatara Bu Unyil (Bu Maimunah) teu weléh sibuk ku nyiru.[3]

Unyil ogé sok minton kalawan musikal. Unyil sabalad-balad boga band au ngaranna Band Dekil.[3] Unggal ngarayakeun pangéling-ngéling 17 Agustus atawa Sumpah Pemuda, band Dekil mindeng tampil di hareupeun Pa Lurah, Ibu Guru, jeung gegedén-gegedén désa lianna.[3] Lagu hit Aku Anak Sehat ogé dalah suksés alatan Unyil saparakanca.[3] Nalika IPTN hasil nyieun pesawat sorangan (CN235)[4] jeung dingaranan Tetuko (ngaran leutik Gatot Kaca)[5] ku Présidén Suharto, mangka band Dekil resmi diganti ngarana jadi Band Tetuko.[3]

Band Dekil[édit | sunting sumber]

Gambar:Bonekaunyil2.jpg
Unyil saparakanca mangsa mimiti medal

vocalist: Melani,
drum :Endut,
gitar: Unyil dan Usro
keyboard : Ucrit

Éksprési bonéka tokoh-tokoh dina Si Unyil umumna mah basajan.[3] Sahenteuna aya lima éksprési, nu hartina aya lima pasemon bonéka nyaéta normal (biasa), ngambek (kalawan halis nu ampir ngahiji), ceurik, seuri, jeung éksprési sangeus paséa (buuk awut-awutan kalawan aya warna biru dina sakubeng panon alatan urut buenang kateunggeul).[3]

Séting Latar[édit | sunting sumber]

Latar panggung Bonéka Si Unyil nyaéta di hiji désa manaboa nu ngaranna Désa Suka Maju.[3] Éta désa téh héjo ngémploh ku tatangkalan, malah mah boga leuweung lindung sagala.[3] Désa Suka Maju téh nyaéta hiji proyék désa idéal, désa percontohan pamaréntah minangka sponsor utama Si Unyil.[3]

Dipupuhuan ku Pa Lurah (maké kaca mata, kumisna ipis, jeung boga rupa gado anu nyungcung pisan), désa Suka Maju ogé mintonkeun wawasan Bhinéka Tunggal Ika.[3] Aya Pa Radén anu Jawa féodal, Bu Bariah anu Maduro-Suroboyo, Bang Togar ti Médan, Meilani jeung kulawargana anu Tionghoa.[3] Ku lengkep-lengkepna désa Suka Maju, béncong nu sok ngamén jeung nu gélo ogé diondang asup ka ieu désa.[3]

Gambar:Bonekaunyil1.jpg
Sababaraha karakter tambahan dina carita Si Unyil

Unyil mémang dimaksudkeun minangka program pangatikan (sakaligus hiburan) pikeun barudak sangkan jaga jadi warga nagara anu alus.[3] Dina épisode-épisode awal, Si Unyil tampil matak pikaboseneun sabab karakter nu aya masih kénéh lempeng bersih.[3] Kakara dina épisode-épisode satuluyna tokoh Pa Radén (ngaran lengkepna, Radén Mas Singomenggolo Jalmowono) anu medit-féodal-témpraméntal, Pa Ogah, Pa Abléh, (duanana pangangguran sakaligus pangedulan kabina-bina) dihadirkeun.[3] Tuluy ngaruntut karakter Béhom (palaku kriminal sajati, botak jeung matak pikasieuneun kalawan halisna ngahiji melengkung ka luhur), Bibi Céréwéd, Bu Bariah, Engkong, jeung sababaraha karakter numpang liwat (misalna Joni alias Jontor, alo Bibi Céréwéd ti Jakarta, anu teu weléh maké kaca panon hideung jeung walkman dina ceulina).[3]

Dina bagian barudak anu jadi fokus ieu sérial téh, salian ti Si Unyil anu jadi tokoh utama, rupa-rupa karakter kuat ogé milu hadir.[3] Aya Ucrit, Usro anu borangan tapi lamun gelut teu pernah mundur.[3] Duanana aya dina géng anu sarua jeung Si Unyil.[3] Dina géng nu séjénna, nyaéta géng anu teu weléh paséa jeung géng Si Unyil, aya Endut, Cuplis, jeung Pésék (alias Kendar).[3] Di bagian barudak awéwé, aya trio Tinah-Siti-Meylani nu jadi panglengkep.[3] Dina sababaraha épisode sempet ogé muncul karakter Tini, alona Pa Radén, nu mindeng jadi korban féodalisme mamangna.[3] Mamangna alias Pa Radén maksakeun pikeun nyebut tini ku ngaran Tineke (ngaran anu semu-semu ngawalanda), sawatara jalmana mah leuwih resep disebut Tini baé.[3]

Misi, Jargon jeung Hit[édit | sunting sumber]

Minangka produk nagara Si Unyil teu leupas tina rupa-rupa misi.[3] Alatan kuatna misi pamaréntah, matak sababaraha épisodena ogé maké ngaran program pamaréntah minangka judulna.[3] ABRI Masuk Désa, Operasi Bersih, Buta Aksara, Hardiknas, Cinta Lingkungan, Buta Senja nyaéta sababaraha judul diantara program pamaréntah anu diséréd asup kana serial Si Unyil jeung jadi judul épisode.[3]

Alatan éta hal ogé, rupa-rupa jargon upamana Aku Anak Sehat, Gotong Royong, Kerja Bakti ,Toleransi jeung Tenggang Rasa jadi jargon anu mindeng dipaké dina pagunemanana.[3]

Rumpaka lagu Aku Anak Sehat:

Aku anak sehat, tubuhku kuat,
karena ibuku rajin dan cermat.
Semasa aku bayi, selalu diberi ASI,
makanan begizi dan imunisasi.
Berat badanku ditimbang slalu.
Posyandu menunggu setiap waktu.
Bila aku diare, ibu telah waspada,
pertolongan oralit telah siap sedia[6]

Sanajan kerep pisan diwuwuhan ku misi, dina réa épisode Si Unyil tetep tampil méncrang, matak pikaseurieun, ngabumi, beunghar ku karakter nu ahirna jadi hit nasional. Rupa-rupa istilah anu jadi jargon tayangan carita bonéka Si Unyil diantarana:[3]

Musik : Cis Kacang Buncis Nyéngclé. . . . Pembukaan film Si Unyil

Gambar:Ratapan Anak TIri - Unyil.jpg
album dongeng si Unyil nu judulna Ratapan Anak Tiri
  • Si Unyil :[3]
mari kita kémon!
en de nehen ... en de teken ... bota cae ... cale cale .... rang tang ting ting ... wek wek wek wek ... kokkok kokok ... petok petok ... (lamun keur ngaheureuykeun basa Walanda Pa Raden)
Sampai disini dulu teman temaan, MERDEKA!!
hayaaa...!!
"Hayyaaa Wung-wung, lagi-lagi luwi, lagi-lagi luwi, hayyaaa".
  • Balad-balad Si Unyil:[3]
hompimpah... unyil kuciiiiinngg!!!
cepé duluu dong,.. hajar Bléh!
  • Bu Bariah: [3]
jak..e..rujakkkk...
jak..e..petisss...
yang sepincuk harganya cuma seratus
  • Pa Abléh:[3]
mémblé
  • Pa Abléh jeung Pa Ogah:[3]
ngantor di poskamling, proyék.
es dung dung ... es dung dung ... es dung dung .... es dung dung .... (laguna Pa Ogah lamun rek papanggih jeung Pa Ableh atawa keur jalan-jalan)
  • Pa Radén:[3]
Cai kendi (susuguhu pikeun barudak anu namu ka imahna Pa Radén, alatan Pa Radén anu pohara meditna),
éncok kumat (jurus nyingkah lamun rék kerja bakti),
sol do iwak kebo
re mi fa sol iwak tongkol
mi re mire gule kare enak rasane
dhi mmannaa annakkuuuh!!??...dhi mamaannaa estrikuuhh!!?(sabari nyenyepeng daun gedang)
Gambar:Shooting Unyil 1982.jpg
Shooting di TVRI taun 1982, Jakarta

Husus pikeun Pa Ogah, Pa Radén jeung Bu Bariah, sok komo maranéhna tuluy hirup dina wujud manusa asli, ngarambah dina acara panggung hiburan barudak, jeung ahirna jadi tokoh panghibur sakaligus palawak.[3] Sawatara Si Unyil sorangan teu bisa meunang kasuksésan anu sarua jeung kompatriot-kompatriotna.[3]

Unyil raket pisan kana kahirupan sapopoé, malah sok aya nnu nepika ditelah maké sesebutan karakter dina carita Si Unyil. Misalna baé:[3]

  • nu botak kudu pasrah disebut minangka Si Cuplis, atawa Pa Ogah [3]
  • anu épés méér ditelah Si Kinoi (dulur Si Unyil), [3]
  • jalma sawawa anu kumisna kandel ditelah Pa Radén, [3]
  • awéwé anu ékstra bawél sok ditelah Bibi Céréwéd. [3]
  • awéwé anu gendut sok disebut Bu Bariah[3]
  • anu biwirna rada jeding pasti ditelah Abléh [3]
  • budak ogoan pasti ditelah Si Kinoy [3]
  • budak dugul pikarunyaeun tapi pikasebeleun ditelah Si Cuplis.[3]

Dongéng jeung Agama[édit | sunting sumber]

Tapi Si Unyil teu ngan saukur nyaritakeun ngeunaan kahirupan nyata di désa Suka Maju anu sakapeung pohara pinuhna ku jargon jeung pesen pamaréntah.[3] Dina sababaraha épisode panggung bonéka Si Unyil ngadadak rubah jadi latar carita-carita dongéng anu akrab jeung barudak.[3] Kacatet diatarana dongéng Atu Belah, Ayu Berubah Rupa, Timun Mas, Uti jeung Raksasa, jeung sajabana.[3] Dina épisode-épisode ieu pisan karakter-karakter anyar (bonéka anyar) dimunculkeun, jeung carita Si Unyil teu ngan saukur lumangsung ti sakola, imah jeung pos kamling.[3]

Nalika poé agung, Unyil ogé ngusung carita-carita kaagamaan dina wangun dongéng.[3] Carita hijrahna Nabi Muhammad kungsi direkam dina épisode nu judulna ''Hijrah''.[3] Ogé nalika natal, dina hiji carita alkitab, kota Betlehem diusahakeun pikeun dihadirkeun dina wangun panggung bonéka lengkep jeung lalaki Semit nu maké kafiyéh jeung tumpak onta.[3]

Ngeunaan warna-warni umat pangagem agama ogé pohara ditonjolkeunna dina ieu sérial bonéka Si Unyil téh.[3] Unyil anu muslim teu asa-asa ngucapkeun pangwilujeng natal ka Ucrit anu katolik jeung Méylani anu protéstan.[3] Kitu ogé sabalikna, kumaha Méylani jeung Ucrit ilubiung ngingetkeun kawajiban puasa pikeun karakter anu kabeneran muslim saupama kabeneran bulan ramadhan datang.[3] Unggal momen kaagamaan (ramadhan, idul fitri jeung idul adha, natal), Si Unyil baris ngusung téma anu sarupa, kalawan harmoni toléransi jeung ténggang rasa anu leket.[3]

Wawakil Figur Budaya Indonesia[édit | sunting sumber]

Si Unyil mibanda sifat anu pohara hadéna jeung pohara sopan ka saha baé.[2]Iwal ti éta, Unyil teu weléh soméah ka balaréa.[2] Éta sifat Si Unyil téh ngawakilan budaya masarakat Indonésia pisan anu mibanda sifat saperti kitu nu memang kawentar soméah jeung sopan ka jalma lian.[2]

Si Unyil dina kamekaran jaman Indonésia bisa disebut minangka sajarah dina dinya hiburan Indonésia kalawan boga jasa anu penting dina kamajuan hiburan jeung pangatikan di Indonésia.[2]

Si Unyil minangka tokoh hiburan jeung atikan di Indonésia pohara dipicinta ku masarakat Indonésia dina mangsana.[2] Sanajan geus vakum salila 20 taun lilana dina dunya hiburan, tapi ngaranna tetep jadi tokoh hiburan anu bisa malikkeun citra budaya bangsa Indonésia dina dunya hiburan anu kiwari réa dipinuhan ku tokoh-tokoh idola barudak deungeun.[2]

Dina tayangan film, Si Unyil katingal pikaresepeun.[2] Dina caritana mibanda unsur-unsur pangatikan anu ngajak panongton pikeun milampah kahadéan jeung silih asih ka sakumna mahluk ciptaan Nu Maha Kawasa.[2] Pohara pentingna pangatikan pikeun masarakat Indonésia, sangkan ngajadikeun ieu nagara beuki maju nu teu teu éléh ku nagri deugeun.[2]

Masarakat Indonésia ogé réa pisan meunang pangatikan tina carita Si Unyil kucara nyonto atawa mireng kekecapan Si Unyil saparakanca dina carita si Unyil kalawan daria.[2]

Sumber[édit | sunting sumber]

  1. (id)Sekilah Suyadi (diakses 26 Oktober 2011)
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p q r (id) Pentingnya Keteladanan (diakses tanggal 26 Oktober 2011)
  3. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac ad ae af ag ah ai aj ak al am an ao ap aq ar as at au av aw ax ay az ba bb bc bd be bf bg bh (id)Hompimpah, Unyil Kucing!! (diakses tanggal 25 Oktober 2011)
  4. (en)CN-235 Tetuko (diakses tanggal 27 Iktober 2011)
  5. (id) Jabang Tetuko Pergelaran Wayang Modern (diakses tanggal 27 Oktober 2011)
  6. (id)Aku Anak Sehat (diakses tanggal 27 Oktober 2011)