Aprikot

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh
Aprikot
Buah aprikot
Klasifikasi ilmiah
Karajaan: Plantae
Divisi: Magnoliophyta
Kelas: Magnoliopsida
Order: Rosales
Kulawarga: Rosaceae
Génus: Prunus
Subgénus: Prunus
Section: Armeniaca
Spésiés: P. armeniaca
Ngaran binomial
Prunus armeniaca
L.

Aprikot (Prunus armeniaca, basa Latinna "plum Armenia", syn. Armeniaca vulgaris Lam., Armenia: Ծիրան, Mandarin: 杏 xing) nyaéta salah sahiji spesies tina subgenus Prem. euweuh jujutan anu jelas ngeunaan asal muasal ieu buah ku lantaran geus jadi pepelakan tijaman prasejarah kénéh. Kawasna ieu tangkal pituin ti beulah kidul jeung wétaneun daratan Cina atawa Asia Tengah, tapi bisa waé ti Koréa atawa Jepang.[1][2]

Étimologi[édit | édit sumber]

Ngaran ilmiah armeniaca mimiti digunakeun ku Gaspard Bauhin dina bukuna Pinax Theatri Botanici (kaca 442), ngajujut kana spesies Mala armeniaca atawa "apel Armenia". Sakapeung aya anu nyebutkeun asalna ti Pliny the Elder, tapi ieu henteu dipaké ku Pliny. Linnaeus nyebutkeun Bauhin dina jilid ka hiji Species Plantarum di 1753.[3] Ngaran aprikot bisawae dumasar kana tangkal anu katelah praecocia ku Pliny. Pliny nyebutkeun "Kuring nyebutna apel (mala) ... pikeun pérsik (persica) jeung buah dalima (Granata) ..." [4] tuluy dina bagéan anu sarua ogé nyebutkeun "The peach Asiatic asak dina wanci rengséna usum ngarangrangan, sanajan dipikanyaho (praecocia) asakna dina usum panas - ieu karék di kanyahokeun tilu puluh taun katukang... ". Para panulis Yunani klasik ngahubungkeun armeniaca jeung praecocia Latin:.[5] Pedanius Dioscorides '"... Ἀρμενιακὰ, Ῥωμαιστὶ δὲ βρεκόκκια" [6] and Martial's "Armeniaca, et praecocia latine dicuntur".[7] jeung ieu bahan "armeniaca, et praecocia Latine dicuntur" [6] netepkeun dua duana (armeniaca jeung Mala) pikeun bubuahan anu kasohor, tapi can aya bukti anu mertélakeun kana hal ieu saméméhna; Armeniaca sorangan hartina nyaéta aprikot. sanajan kitu , dina abad ka-12 ahli agronomi Andalusia Ibnu al-'Awwam ngajujut kana spesies dina judul bab ka 40 tina Kitab al-Filaha sebagai والتفاح الارمني, "apel dari Armenia", anu mertelakeun yén ieu sarua jeung المشمش atau البرقوق ("al-mishmish "atawa" al-Barquq "). Di Argentina, Chile, jeung Peru, "aprikot" disebutna Damasco, pikeun urang Spanyol anu aya di Argentina, ieu aya hubunganna jeung Damaskus di Suriah. [22] kecap Damasco anudipaké pikeun "aprikot" dina basa Portugis (Eropa jeung Brasil, sanajan di Portugal disebut ogé alperce).

Budidaya jeung pamangpaatan[édit | édit sumber]

Sajarah budidaya[édit | édit sumber]

Asal muasal spesies ieu tangkal masih kénéh jadi bahan paguneman nepika kiwari. Armenia dipikawanoh geus heubeul naker nyaéta dina zaman kuno kacatet dina waktu anu kacida heubeulna geus dibudidayakeun, ku lantaran éta pisan sakapeung ieu tangkal disangka asal muasalna di dinya.[8][9] ngaran ilmiahna Prunus armeniaca (Armenia plum) ku lantaran dumasar kana éta sangkaan. Umpamana, De Poerderlé, nulis dina abad ka-18, nétélakeun , "Cet arbre anak ban nom de l'Arménie, provinsi d'Asie, d'où il est originaire et d'où il fut Porte en Eropa ..." ("Ieu tangkan dibéré ngaran tina Armenia, hiji provinsi anu pernahna di Asia, didieu asal muasalna anu satuluyna dibawa ka Eropa ...").[10] hiji galian arkéologi di Garni di Armenia mangihan hiji siki aprikot dina situs jaman Enéolithic-.[11] Sanajan sabagian gede varietas aprikot anu jadi di Armenia (kurang leuwih aya 50),[9] according to Vavilov its center of origin would be the Chinese region, where the domestication of apricot would have taken place. Other sources say that the apricot was first cultivated in India in about 3000 BC.[12] numutkeun Vavilov Puseur asal muasana mah nyaéta ti Cina, ku lantaran ayana domestikasi aprikot. Aya deui anu nyebutkeun aprikot ieu mimiti dibudidayakan di India kurang leuwih 3000 SM. Ieu tangkal nepi ka Yunani nyaéta ku jasana Alexander Agung;[13] dituturkeun ku, Lucullus Roman (106-57 SM) baris ngadangkeun sababaraha tangkal - cherry, cherry , jeung aprikot - ti Armenia ka Roma .


Nulis.jpg



Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. Flora of China: Armeniaca vulgaris
  2. Germplasm Resources Information Network: Prunus armeniaca
  3. Linnaeus, C. (1753). Species Plantarum 1:474.
  4. N.H. Book XV Chapter XI, Rackham translation from the Loeb edition.
  5. Holland, Philemon (1601). "The XV. Booke of the Historie of Nature, Written by Plinius Secundus: Chap. XIII". James Eason at penelope.uchicago.edu. pp. Note 31 by Eason relates some scholarship of Jean Hardouin making the connection.  Holland's chapter enumeration varies from Pliny's.
  6. a b De Materia Medica Book I Chapter 165.
  7. Epigram XIII Line 46.
  8. CultureGrams 2002 – Page 11 by CultureGrams
  9. a b "VII Symposium on Apricot Culture and Decline". Actahort.org. Diakses tanggal 2012-06-22. 
  10. De Poerderlé, M. le Baron (MDCCLXXXVIII (1788)). Manuel de l'Arboriste et du Forestier Belgiques: Seconde Édition: Tome Premier. à Bruxelles: Emmanuel Flon. p. 682.  Downloadable Google Books.
  11. B. Arakelyan, "Excavations at Garni, 1949–50" in Contributions to the Archaeology of Armenia, (Henry Field, ed.), Cambridge, 1968, page 29.
  12. Huxley, A., ed. (1992). New RHS Dictionary of Gardening 1: 203–205. Macmillan ISBN 0-333-47494-5.
  13. Loudon, J.C. (1838). Arboretum Et Fruticetum Britannicum. Vol. II. London: Longman, Orme, Brown, Green and Longmans. pp. 681–684.  The genus is given as Armeniaca. Downloadable at Google Books.