Délusi
Délusi nyaéta wanda gangguan méntal anu kaalamaan ku hiji jalma kalawan teu bisa ngabédakeun imajinasi jeung kanyataan nepi ka ukur bisa ngalakukeun anu kapikiran harita wungkul. Jalma anu keuna ku délusi mah yakin kana hiji hal anu sabenerna teu pernah kaalaman atawa kajadian. Ngungkulan ieu gangguan téh bisa ngaliwatan terapi kajiwaan saperti psikoterapi, terapi kalakuan sacara kognitif, jeung terapi kulawarga.[1] Délusi biasa diasosiakeun jeung sababaraha gangguan séjénna saperti paranoid, halusinasi, skizofernia, jeung gangguan bipolar. Balukar utama tina gangguan délusi nyaéta ngarusak hubungan kulawarga jeung duduluran. Jalma anu kakeunaan teu bisa silaturahmi paadu hareupan jeung jalma aya disabudeureun lingkunganana.[2]
Étimologi
[édit | édit sumber]Kecap délusi asalna tina Basa Inggris delusion, anu asalna deui tina Basa Latin delusio. Ieu kecap mimiti dipaké taun 1400-an dina kahirupan peradaban wétan di Éropa. Kecap delusio asalna tina kecap deludere anu hartina nyieun tipu muslihat, nipu, jeung curang ka batur (to deceive, to play false, to swindle).[3] Sinonim kecap delusi dina Basa Indonesia nyaéta waham, asalna tina Basa Arab wahmun anu hartina kayakinan anu patukangtonggong jeung akal. Kecap wahmun kasebut dina literatur basa Arab mimiti abad ka-9 Maséhi dina tulisan sababaraha filsuf (muslim jeung non-muslim) dina Peradaban di Kordoba jeung Baghdad, utamana ngeunaan filsafat kejiwaan anu geus lumaku di budaya Yunani buhun.[4]
Faktor
[édit | édit sumber]- Génétik, ieu gangguan kamungkinana gedé tumerap ka hiji jalma lamun dina kulawargana aya anggota anu sarua kakeunaan. Malah bisa jadi délusi mah diturunkeun ti kolot ka anakna.
- Biologis, ieu gangguan bisa kajadian lamun bagian uteuk keur prosés mikir (lobus frontal) jeung persépsi (lobus parietal) ngalaman gangguan saperti tumor uteuk.
- Lingkungan atawa psikologis, délusi bisa keuna ka jalma anu keur stres kaleuleuwihi. Bisa jadi ku sabab ngonsumsi obat-obatan anu dipahing saperti narkoba atawa narkotika. Lian ti éta, jalma anu diisolasi ku lingkunganana sabab miboga kakurangan fisik ogé gedé pisan résikona kakeunaan délusi.[1]
Wanda
[édit | édit sumber]- Érotomatic, kayakinan jalma anu kakeunaan délusi yén aya anu nyaah jeung bogoh ka dirina nepi ka jadi obsési hayang dipimilik. Kalakuan anu leuwih konkritna lamun kahayangna can kahontal nyaéta hayang terus néangan informasi ngeunaan lawan jenis anu aya dina délusina.
- Grandiose, ieu gangguan nyababkeun anu kakeunaanana miboga rasa percaya diri anu kaleuleuwihi. Dina sagala aspék kahirupan pasti ngarasa panpentingna, miboga bakat khusus kalawan béda ti batur, jeung ngarasa geus meunang panimu anu bisa dipaké balaréa.
- Timburu, ieu gangguan keuna ka pasangan anu kacida timburuna teu kaop aya hal-hal anu matak curiga.
- Persecutory, délusi anu nyababkeun kayakinan yén jalma anu aya sabudeureun anu kakeunanana keur ngalaman hal anu teu adil atawa yakin yén aya jalma anu miboga niat jahat jeung matak pibahayaeun. Leuwih parna nyaéta resep nyarungsum tarékah tegakna hukum anu dialaman.
- Somatic, délusi anu nyababkeun jalma anu kakeunaanana ngarasa cacat fisik jeung miboga panyakit anu parna kalawan hésé dicageurkeunana.
- Mixed, délusi campuran anu kaalaman dina waktu anu sarua. Sakali kasorang loba gejala anu tumerapna dumasar wanda ieu panyakit.[1]
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ a b c Al Fajar, Kemal. "Delusi dan Halusinasi, Apa Perbedaannya?". Hello Sehat (dalam id-ID). 01-06-2020. Diakses tanggal 2021-04-21.
- ↑ Djie, Anita. "Kenali 6 Jenis Delusi dan Gejalanya". SehatQ (dalam Indonesian). 24-04-2019. Diakses tanggal 2021-04-21. Archived 2021-04-21 di Wayback Machine
- ↑ "Online Etymology Dictionary | Origin, history and meaning of English words". www.etymonline.com. Diakses tanggal 2019-07-01.
- ↑ Najātī, Muḥammad ʻUthmān; Saloom, Gazi (2002). Jiwa dalam pandangan para filosof muslim (dalam Indonesian). Bandung: Pustaka Hidayah. OCLC 973237267.