Halusinasi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Ilustrasi déprési anu bisa ngabalukarkeun halusinasi.

Halusinasi nyaéta gangguan psikologis kalawan gejala ayana sénsasi anu diprosés ku uteuk jeung bisa mangaruhan sistem indra manusa nepi ka ngalaman hal-hal anu teu nyata. [1] Halusinasi teu bisa dipikapaham ku batur, sabab bener-bener mangrupa pangaruh sénsorik anu dijieun ku pikiran jalmana sorangan. Tapi, keur anu ngalamanana mah karasa nyata pisan, ngadesek jeung kacida jéntréna. Keur jalma anu kakeunaan Skizofrenia 70 persen di antarana bakal ngalaman halusinasi.[2] Halusinasi béda jeung gangguan waham sindiran (jalma anu kakeunaan ngarasa diobrolkeun ku batur); béda ogé jeung thought echo (eusi pikirana diulang-ulang dina sirahna), thought insertion (eusi pikiran ti luar asup kana jero uteuk), thought withdrawal (eusi pikiranana dicokot ku hal anu aya di luar dirina), thought broadcasting (eusi pikiranana diémbarkeun nepi ka batur téh pada mikanyaho) anu mangrupa gangguan eusi pikir. Ari halusinasi mah mangrupa gangguan persépsi.[3]

Kecap halusinasi asalna tina basa Latin anu hartina ngumbara sacara méntal. Halusinasi dihartikeun salaku persépsi objék atawa kajadian anu teu nyata jeung pangalaman sénsorik anu henteu disababkan ku rangsangan organ sénsorik anu saluyu. Dina istilah awam, halusinasi ngalibetkeun dadanguan, panempo, rarasaan, pangambeu, atawa pangecap hal-hal anu teu nyata. Anu pangumumna, halusinasi dadanguan anu ngalibetkeun dadanguan sora anu teu miboga sumber fisik.[4]

Faktor[édit | édit sumber]

  • Gangguan méntal, rupa-rupa gangguan méntal anu nyababkeun hiji jalma teu bisa ngabédakeun mana imajinasi jeung kanyataan jiga délusi. Gejalana bisa kaalaman ku anu kakeunaan panyakit skrizofernia, dementia, jeung delirium.
  • Obat anu disalahgunakeun, pangaruh obat anu disalahgunakeun kacida gedéna keur jalma anu ngalaman halusinasi. Biasa halusinasi muncul sanggeus nginum alkohol, kokain jeung obat-obatan anu kagolong kana wanda halusinogén.
  • Kurang saré, biasana keuna ka jalma anu ngalaman insomnia atawa kurang saré alatan loba pikiran jeung nyanghareupan pasualan kahirupan anu beurat.
  • Kondisi kaséhatan, sababaraha kondisi kaséhatan anu kakeunaan gangguan halusinasi nyaéta:

Wanda[édit | édit sumber]

  • Visual, biasana ngalibetkeun mata keur nempo objék, jalma, cahaya, atawa pola anu sabenerna teu nyata. Nempo waé jalma anu geus tilar dunya, babaturan, atawa jalma anu geus dipikawanoh lila jeung tilar dunyana matak pikasediheun. Jalma anu kakeunaan halusinasi visual bisa ngarobah persépsi anu ditempo nepi ka hésé nangtukeun jarak anu jauh atawa deukeut.
  • Olfactory, biasana ieu gangguan tumerap kana pangambeu jalma boh ngarasa ngangseu anu seungit atawa bau anu teu pikagenaheun dina diri sorangan, batur jeung hiji objék.
  • Gustatory, halusinasi anu tumerap kana indra pangrasa. Ieu gangguan nyababkeun jalma ngarasa anu tangtu dina létahna. Contona anu kakeunaan panyakit épilépsi ngarasa aya rasa beusi dina létahna.
  • Auditory, ieu gangguan keuna ka pangdangu jalma. Dadanguan téh sok aya sora léngkah, sora-sora gaib jeung ketukan anu diulang-ulang.
  • Tactile, ieu gangguan tumerap kana kulit jalma. Biasana sok ngarasa aya sato leutik anu leumpang dina kulit, gerakan organ dina jero awak jeung ngarasa aya batur nu nyekel leungeun atawa awakna.[1]

Tingkat[édit | édit sumber]

  1. Jalma anu ngalaman halusinasi di mangsa anu geus kalarung, tapi éta jalma paham anu dialaman téh lain hal anu nyata nepi ka halusinasi téh jadi gejala kurang séhat anu dialamanana.
  2. Jalma anu ngalaman halusinasi di mangsa anu geus kalarung jeung percaya kénéh yén éta téh bener-bener nyata kajadianana.
  3. Jalma anu ngalaman halusinasi tapi embung ngaémbarkeun ka batur.
  4. Jalma anu ngalaman halusinasi tapi teu pernah percaya jeung tara dituturkeun ku pikiranana.
  5. Jalma anu ngalaman halusinasi jeung percaya kana halusinasina.[3]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c Al Fajar, Kemal. "Delusi dan Halusinasi, Apa Perbedaannya?". Hello Sehat (dalam id-ID). 01 Juni 2020. Diakses tanggal 2021-04-22. 
  2. Perwitasari, Nur Hidayah. "Apa Itu Delusi dan Halusinasi, Penyebab hingga Cara Mengatasinya?". tirto.id (dalam Indonesian). 04-09-2020. Diakses tanggal 2021-04-22. 
  3. a b Manangsang, Alvina Stella. "MENGENAL HALUSINASI". grhasia.jogjaprov.go.id. 03-07-2014. Diakses tanggal 2021-04-23. 
  4. Mardatila, Ani. "Penyebab Halusinasi, Gejala, Jenis dan Cara Mengatasinya". merdeka.com. 28-08-2020. Diakses tanggal 2021-04-23.