Dataran luhur Diéng

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh
Diéng ngawengku dua atawa leuwih gunung api sarta loba kawah katut punclut leutik lianna.

Dataran Luhur Diéng nyaéta wewengkon vulkanik aktif di Jawa Tengah, nu asup ka wewengkon Kabupatén Banjarnegara jeung Kabupatén Wonosobo. Perenahna di kuloneun kompléks Gunung Sindoro jeung Gunung Sumbing.

Diéng luhurna rata-rata kira-kira 2.000 m luhureun pabeungeutan laut. Hawa aya di sabudeureun 12—20 °C wanci beurang sarta 6—10 °C nalika peuting. Dina usum katiga (Juli jeung Agustus), hawana bisa tepi ka 0 °C nalika isuk tur nimbulkeun ibun nu beku nu ku penduduk dinya mah disebut bun upas ("ibun racun") lantaan nyababkeun karuksakan kana pepelakan.

Sacara administrasi, Diéng mangrupa wewengkon Désa Diéng Kulon, Kacamatan Batur, Kabupatén Banjarnegara jeung Diéng ("Dieng Wetan"), Kacamatan Kejajar, Kabupatén Wonosobo. Ieu wewengkon mangrupa salah sahiji wewengkon pangmencilna di Jawa Tengah.

Étimologi[édit | édit sumber]

Ngaran Diéng asalna tina gabungan dua kecap basa Kawi: "di" nu hartina "tempat" atawa "gunung" sarta "Hyang" nu hartina (Déwa). Ku kituna, Diéng hartina déerah pagunungan tempat para déwa katut déwi cicing.[1] Téori séjén nerangkeun, yén Diéng asalna tina basa Sunda ("di hyang") sabab diperkirakeun dina mangsa pra-Medang (kira-kira abad ka-7 Maséhi) ieu daérah aya dina pangaruh pulitik Karajaan Galuh.

Géologi[édit | édit sumber]

Dataran luhur Diéng (DLD) nyaéta dataran kalayan aktivitas vulkanik di handapeun pabeungeutananan, saperti Yellowstone atawa Dataran Luhur Tengger. Saenyana mah ieu téh mangrupa kaldéra nu dilingkung ku gunung-gunung di sabudeureunnana. Loba kawah minangka tempat kaluarna gas, saab katut material vulkanik lainnya. Ieu kaayaan kacida ngabahyakeun penduduk nu nyicingan ieu wewengkon, kabuktian ku bituna gas Kawah Sinila 1979. Lain ukur gas racunan, tapi bisa jadi aya lini, bitu leutak, urug katut caah.

Lian ti kawah, aya ogé situ-situ vulkanik nu eusina cai pacampur jeung walirang antukna kelirna has konéng semu héjo.

Sacara biologi, aktivitas vulkanik di Diéng menarik ku sabab kapanggih sababaraha spésiés baktéri térmofilik ("resep panas") dina cai-cai panas deukeutun kawah nu bisa dipaké keur nyingkabkeun lalangsé ngeunaan kahirupan munggaran di bumi.

Kawah-kawah[édit | édit sumber]

Kawah aktif di Diéng mangrupa kepundan keur aktivitas vulkanik di sahandapeun dataran luhur. Kagiatan ngawaskeun aktivitas dilakukeun ku PVMBG ngaliwatan Pos Paniténan Diéng di Kacamatan Karangtengah. Di handap ieu mangrupa kawah-kawah aktif nu diawaskeun:

  • Candradimuka
  • Sibanténg
  • Siglagah
  • Sikendang, boga poténsi gas racunan
  • Sikidang
  • Sileri
  • Sinila, boga poténsi gas racunan
  • Timbang, boga poténsi gas racunan
Kawah Sibanténg[édit | édit sumber]

Sibanténg perenahna di Désa Diéng Kulon. Ieu kawah kungsi bitu fréatik bulan Januari 2009 (15/1)[2], nu nyababkeun wewengkon pelesir Diéng kudu ditutup sababaraha poé keur ngantisipasi kajadian musibah karacunan gas. Bitu leutakna kadéngé tepikeun ka 2 km, ngaruksak leuwung bogana Perhutani di sabudeureunnana, tur nyababkeun urug nu ngabendung Kali Putih, anak Walungan Serayu.

Kawah Sibanténg kungsi ogé bitu bulan Juli 2003.

Kawah Sikidang[édit | édit sumber]

Sikidang mangrupa kawah di DLD nu pangkasohorna dianjangan ku wisatawan sabab panggampangna didatangan. Ieu kawah kasohor alatan liang kaluarna gas pundah-pindah terus dina hiji wewengkon nu lega. Ku alatan ieu pasipatan téa asal muasalna ngaran Sikidang téh sabab warga satempat ningali pundah-pindahna kawah lir ibarat kidang.

Kawah Sileri[édit | édit sumber]
Kawah Sileri

Sileri nyaéta kawah pangaktifna nu kungsi bitu sababaraha kali (dumasar catetan: taun 1944, 1964, 1984, Juli 2003, katut Séptémber 2009). Dina aktivitas fréatik pangpandeurina (26 Séptémber 2009) mucunghul tilu liang kawah anyar nu dibarengan ku mancerna material nu luhurna 200 méter.[3]

Kawah Sinila[édit | édit sumber]

Sinila perenahna di Désa Batur, Désa Sumbéréjo, jeung Désa Pekasiran, Kacamatan Batur. Kawah Sinila kungsi bitu isuk-isuk taun 1979,[4] percisna 20 Pébruari 1979. Lini nu disababkeunnana ngabalukarkeun warga lalumpatan kaluar ti imah, tapi maranéhannana tuluy kapegat ku gas racun nu kaluar ti Kawah Timbang balukar tina bituna Sinila.[2] Sajumlah warga (149 jiwa) katut ingon-ingon palastra karacunan gas karbondioksida nu kaluar sarta sumebar ka wewengkon padumukan.

Kawah Timbang[édit | édit sumber]

Timbang nyaéta kawah nu perenahna di deukeuteun Sinila sarta boga aktivitas sedeng. Sanajan kurang aktif, ieu kawah mangrupa sumber gas CO2 konsentrasi luhur nu ngahakan ratusan korban taun 1979. Ieu kawah terahir kacatet ngalaman ningkatna aktivitas dina bulan Méi 2011 nu nyemprotkeun haseup bodas nu luhurna 20 méter, ngaluarkeun CO2 dina konséntrasi nu ngaleuwihan wates aman (1.000 ppm, konséntrasi normal di udara ngadeukeutan 400 ppm) tur ngabalukarkeun lini vulkanik[5]. Dina tanggal 31 Méi 2011 isuk-isuk, ieu kawah ngaleupaskeun deui gas CO2 nu nepi ka 1% v/v (100.000 ppm) dibarengan ku lini trémor. Balukarna sakabéh aktivitas dina radius 1 km dicaram sarta warga Dusun Simbar jeung Dusun Sérang diungsikeun [6].

Punclut-punclut[édit | édit sumber]

Situ vulkanik[édit | édit sumber]

Talaga Dringo taun 1937
  • Talaga Warna, objék pelesir kalayan tempat patapaan di deukeuteunnana
  • Talaga Cébong, deukeuteun désa wisata Sembungan
  • Talaga Merdada
  • Talaga Pengilon
  • Talaga Dringo
  • Talaga Nila

Iklim[édit | édit sumber]

Diéng boga iklim haneut turn sedeng. Hujan mindeng turun di wewengkon Diéng, malah sok sanajan usum katiga ogé. Dumasar kana klasifikasi iklim Köppen, Diéng kaasup kana golongan Cfb. Rata-rata hawa taunan di Diéng nyaéta 14.0 °C.[7]

Data iklim pikeun Diéng
Bulan Jan Péb Mar Apr Méi Jun Jul Ags Sép Okt Nop Dés Taun
Rarata pangluhurna °C (°F) 17.9
(64.2)
18.5
(65.3)
18.6
(65.5)
18.4
(65.1)
18.5
(65.3)
18.5
(65.3)
18.2
(64.8)
18.0
(64.4)
18.5
(65.3)
18.8
(65.8)
19.2
(66.6)
18.8
(65.8)
18,49
(65,29)
Per poé °C (°F) 13.9
(57)
14.3
(57.7)
14.4
(57.9)
14.4
(57.9)
14.3
(57.7)
13.8
(56.8)
13.2
(55.8)
12.8
(55)
13.6
(56.5)
14.2
(57.6)
14.7
(58.5)
14.4
(57.9)
14
(57,2)
Rarata panghandapna °C (°F) 10.0
(50)
10.1
(50.2)
10.3
(50.5)
10.4
(50.7)
10.1
(50.2)
9.2
(48.6)
8.3
(46.9)
7.6
(45.7)
8.7
(47.7)
9.6
(49.3)
10.3
(50.5)
10.1
(50.2)
9,56
(49,21)
Curah hujan mm (inches) 370
(14.57)
430
(16.93)
434
(17.09)
249
(9.8)
153
(6.02)
83
(3.27)
53
(2.09)
35
(1.38)
57
(2.24)
170
(6.69)
230
(9.06)
388
(15.28)
2.652
(104,41)
Sumber: [7]

Obyék wisata[édit | édit sumber]

Kompléks Candi Arjuna, Diéng
Sasajén di Candi Parikesit taun 1880-an (gambar ti kalawarta Eigen Haard)

Sasabaraha titinggal budaya katut alam geus dijadikeun objék wisata nu dikokolakeun babarengan ku dua kabupatén, nyaéta Banjarnegara jeung Wonosobo. Di handap ieu sababaraha objék pelesir di Diéng.

  • Talaga: Talaga Warna, hiji talaga nu mindeng mintonkeun nuansa warna beureum, héjo, bulao, bodas, jeung lumayung; Talaga Pengilon, nu perenahna pagigir-gigir jeung Talaga Warna, unikna kelir cai di ieu talaga mah hérang siga nu teu pacampur jeung walirang. Kaunikan lianna nyaéta nu ngawatesan Talaga Warna jeung Talaga Pengilon ukur mangrupa pajukutan nu ngawangun siga ranca leutik; Talaga Merdada, mangrupa talaga panggedéna di antara talaga nu aya di Dataran Luhur Diéng, caina nu tara kungsi orot dijadikeun sumber pengairan keur huma tatanén, malahan mah ieu talaga dipaké keur nu ngaruseup pikeun nyalurkeun karesepna atawa wisatawan nu ukur nguriling dina parahu leutik nu diséwakeun ku penduduk satempat.
  • Kawah: Sikidang, Sileri, Sinila (bitu tur ngaluarkeun gas racun taun 1979 kalayan korban 149 jiwa), Kawah Candradimuka.
  • Kompléks candi-candi Hindu nu diwangun nalika abad ka-7, di antarana: Candi Gatotgaca, Candi Bima, Candi Arjuna, Candi Semar, Candi Subadra, Candi Srikandi, Candi Setyaki, Gangsiran Aswatama, katut Candi Dwarawati.
  • Guha: Guha Semar, Guha Jaran, Guha Sumur. Perenahna di antara Talaga Warna jeung Talaga Pengilon, sering dipaké patempatan keur olah spiritual.
Sumur Jalatunda taun 1937
  • Sumur Jalatunda.
  • Dieng Volcanic Theater, téater keur ningali pilem ngeunaan kagunungapian di Diéng.
  • Musieum Diéng Kailasa, nyimpen artefak sarta méré informasi ngeunaan alam (géologi, flora-fauna), masarakat Diéng (kahirupan sapopoé, tatanén, kapercayaan, kasenian) sarta warisan arkéologi ti Diéng. Boga téater keur lalajo pilem (kiwari ngeunaan arkéologi Dieng), panggung terbuka di luhureun hateup musieum, sarta réstoran.
  • Cinyusu Walungan Serayu, nu mindeng disebut Tuk Bima Lukar (Tuk = cinyusu).

Tatanén[édit | édit sumber]

Wewengkon Diéng ngahasilkeun sayuran dataran luhur keur wewengkon Jawa Tengah. Kentang mangrupa komoditas utama. Lian ti éta, wortel, kubis, katut babawangan dihasilkeun ti ieu wewengkon. Lian ti sayuran, Diéng ogé mangrupa séntra panghasil gedang gunung (carica), supa, buah kemar, katut purwaceng.

Tapi, ku sabab aktivitas tatanén nu kasida mekarna, wewengkon leuweung di punclut-punclut pagunungan ampir béak dikonvérs jadi lahan pepelakan sayur.

Lapangan geotermal[édit | édit sumber]

Wewengkon Diéng aktif kénéh sacara géologi tur loba mibanda sumber-sumber énérgi hidrotérmal. Aya tilu lapangan hidrotérmal utama, nyaéta Pakuwaja, Sileri, katut Sikidang. Dina katiluna aya fumarola (kawah uap) aktif, balong leutak, katut lapangan uap. Cinyusu panas kapanggih, misalna, di Bitingan, Siglagah, Pulosari, katut Jojogan, kalayan hawa rata-rata mulai ti 25 °C (Jojogan) tepi ka 58 °C (Siglagah)[8]. Wewengkon Sikidang mah geus mimiti dimangpaatkeun minangka sumber énérgi hidrotérmal.

Catetan suku[édit | édit sumber]

  1. Central Java hand book (2 ed.). Indonesia: Provincial Government of Central Java. 1983. 
  2. a b G. Dieng alert level II, Waspada. PVMBG 15-01-2009
  3. Kawah Sileri Lontarkan Lumpur Panas Sejauh 200 Meter. Kompas 27 Séptémber 2009.
  4. Sudarman. Menyaksikan Bencana Sinila lewat Film. Suara Merdeka daring edisi 16-07-2005. Diakses 30-01-2009.
  5. Kawah Timbang Dieng Keluarkan Gas Beracun Pikiran Rakyat Online. Edisi Rabu, 25/05/2011.
  6. Liliek Dharmawan. Gas Beracun Kawah Timbang Meningkat 10 Kali Lipat, Dua Dusun Dikosongkan. Media Indonesia daring. Edisi 31 Mei 2011.
  7. a b http://en.climate-data.org/location/623617/
  8. Dieng Geothermal Field. Artikel di Geothermal Indonesia (blog). Rilis 7 Mei 2009

Tumbu luar[édit | édit sumber]

Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan


Citakan:Candi Hindu di Indonésia