Fenitoin

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Phenytoin structure.svg
Phenytoin 3D ball.png
Fenitoin
Ngaran sistimatik (IUPAC)
5,5-diphenylimidazolidine-2,4-dione
Identifiers
Nomer CAS 57-41-0
Sandi ATC N03AB02
PubChem 1775
DrugBank DB00252
ChemSpider 1710
Data kimia
Rumus C15H12N2O2 
Mass. mol. 252.268 g/mol
SMILES eMolecules & PubChem
Data farmakokinetik
Bioavailabilitas 70–100% oral, 24.4% for rectal administration
Ikatan protein 95%
Metabolisme liver
Waktu paruh 10–22 jam
Eksresi Utamana ngaliwatan ampedu, urin
Therapeutic considerations
Kat. kehamilan

D(AU) D(US)

Legal status

Prescription Only (S4)(AU) ?(CA) POM(UK) -only(US)

Jalur Ngaliwatan baham, intravena

Fenitoin atawa obat anti-épilépsi ogé disebut antikonsulvan nu miboga ngaran dagang Dilantin, nyaéta ubar nu dipaké pikeun ngendalikeun kejang. Ubar ieu teu bisa ngubaran sakabéh jenis kejang. [1][2][3]

Cara gawé[édit | édit sumber]

Fenitoin digolongkeun salaku turunan hydantoin, masingkeun ngabogaan indeks terapeutik nu leutik. Ubar ieu biasana langsung diinum (oral), sanajan kitu, ubar ieu ogé aya dina bentuk suntikan nu dibérékeun ku dokter.[2][4] Fenitoin salaku salah sahiji antikonvulsan nu cara gawé ubar fenitoin ieu kucara ngalaunkeun impuls di otak nu nyababkeun kejang, salian ti éta ubar ieu mantuan ngajaga gawéna sél saraf (neuron) nu aya dina uteuk nu gawé aktif salila kejang, singgetna ubar ieu mantuan ngurangan frékuénsi kejang.[2][5]

Ngaran lian[édit | édit sumber]

Ieu dihandap sababaraha ngarn lian tina Fenitoin:[2]

  • Fenitoina
  • Phentytoin
  • Phenytoin
  • Phenytoine
  • Phenytoinum

Sadengkeun ngaran dagangna nyaéta:[5]

  • Dilantin,
  • Kutoin
  • Phenytoin Sodium,
  • Decatona,
  • Curelepz,
  • Phenitin,
  • Ikaphen,
  • Zentropil,
  • Natrium Penytoin Phapros,
  • Phenytoin OGB Mersi,
  • Phenytoin Ikapharmindo

Hal nu kudu diperhatikeun[édit | édit sumber]

Ieu dihandap aya sababaraha hl nu kudu diperhatikeun saacan nginum ubar ieu:[3][5][6]

  • Ningkatkeun résiko hipotensi jeung gangguan irama jantung dina pamakéan fenitoin nu dibérékeun ngaliwatan suntikan nu kaliwat gancang,
  • Pamakén fenitoin pikeun pasén épilépsi kronis bisa ngurangan kandungan mineral dina tulang,
  • Fenitoin miboga résiko ngurangan vitamin tina jero awak, nepi ka nyababkeun leutikna kadar kalsium jeung fosfat dina getih,
  • Ati-ati pikeun pasén nu ngarandapan panyakit aritmia, albumin rendah, gangguan dina hati, hormon tiroid rendah, agranulositosis, anémia, trombositopenia, pansitopenia, diabétes, jeung porfiria.
  • Fenitoin bisa ningkatkeun dorongan pikeun bunuh diri, ati-ati komo mun munggaran nginum ieu ubar,
  • Jéntrékeun ka dokter mun anjeun keur kakandungan, nyusuan atawa boga rencana rék hamil. Pasén teu meunang hamil salila ngonsumsi ubar ieu kusabab bisa ngabahayakeun jabang bayi .
  • Mun anjeun ngalakukeun oprasi kaasup oprasi keur huntu, jéntrékeun ka dokter yén anjeun keur ngonsumsi fenitoin.
  • Anjeun kudu apal mun ubar ieu nyababkeun tunduh, lieur, jeung masalah kordinasi lianna, ulah mawa kendaraanatawa ngajalankeun mesin sangeus ngonsumsi ubar ieu..
  • Ulah ngeureunkeu ubar atawa overdosis sanggeus maké fenitoin.

Interaksi[édit | édit sumber]

Interaksi ubar[édit | édit sumber]

Interaksi panyakit[édit | édit sumber]

Éfék samping[édit | édit sumber]

Éfék samping mangrupakeun hiji éfék nu teu dipiharep tina ubar. Éfék samping ieu bisa mangrupa-rupa di sababaraha jalma gumantung kana kaayaan panyakit, umur, beurat awak, jinis kelamin, étnis, jeung sababaraha kaayaan kaséhatan lianna. Ieu dihandap sababaraha éfék samping nu bisa karasa sanggeus nginum fenitoin[29]

Éfék samping fenitoin nu ilahar karasa[édit | édit sumber]

  • Hésé leumpang
  • Kaayaan méntal nu turun
  • Ngomong kurang jelas
  • Kabingungan
  • Hésé saré
  • Nyeri sirah
  • Ngarasa geumpeur
  • Trémor, ngadarégdég atawa masalah iana ngeunaan kontrol jeung kordinasi otot dina leungeun atawa suku,
  • Hésé rénghap hésé ngomong, hésé nelen
  • Sebel jeung utah
  • Nyeri beuteung
  • Ruam dina kulit

Éfék samping fenitoin nu langka[édit | édit sumber]

  • Hésé ngagerakeun panon
  • Ningkatna gerakan dina kongkolak panon
  • Leumpang gagaléongan
  • Éksprési beungeut teu biasa
  • Gerakan nu ngulang dina biwir, létah, beungeut, leungeun, sarta suku

Éfék samping fenitoin nu parna[édit | édit sumber]

  • Ruam nu parna dina kulit nu nyababkeun karasa ateul, kabeureuman, molotok, nepi ka raraheut.
  • Déprési jeung rasa kahariwang nu kaleuleuwihi
  • Aya kahayang pikeun nyilakakeun awak sorangan
  • Parobahan kaayan haté atawa paripolah nu teu ciga biasana
  • Hipersensitivitas multiorgan nu nyababkeun panas awak, pembengkakan kelenjar getah bening, perdarahan, kacapéan nu parah, inféksi, kulit atawa bagéan bobodas panon jadi konéng
  • Aya réaksi alérgi kayaning ruam, ateul sarta barareuhdina sababaraha bagéan awak
  • Linglung nu parna.

Tutumbu kaluar[édit | édit sumber]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. "Phenytoin (Dilantin) Uses, Dosage, Side Effects". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-05. 
  2. a b c d "Phenytoin". www.drugbank.ca. Diakses tanggal 2020-06-05. 
  3. a b "Phenytoin: MedlinePlus Drug Information". medlineplus.gov. Diakses tanggal 2020-06-05. 
  4. "Adakah Efek Samping Fenitoin (Phenytoin) yang Mungkin Terjadi?". Hello Sehat (dalam id-ID). Diakses tanggal 2020-06-05. 
  5. a b c "Phenytoin". Alodokter. Diakses tanggal 2020-06-05. 
  6. "Phenytoin Dosage Guide with Precautions". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-05. 
  7. "Aspirin Low Strength and phenytoin Drug Interactions". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-06. 
  8. "Carbamazepine and phenytoin Drug Interactions". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-06. 
  9. "Coumadin and phenytoin Drug Interactions". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-06. 
  10. "Fluoxetine and phenytoin Drug Interactions". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-06. 
  11. "Ibuprofen and phenytoin Drug Interactions". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-06. 
  12. "Lipitor and phenytoin Drug Interactions". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-06. 
  13. "Lyrica and phenytoin Drug Interactions". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-06. 
  14. "Phenytoin and Seroquel Drug Interactions". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-06. 
  15. "Phenytoin and sildenafil Drug Interactions". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-06. 
  16. "Phenytoin and Tylenol Drug Interactions". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-06. 
  17. "Phenytoin and zonisamide Drug Interactions". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-06. 
  18. "Phenytoin Disease Interactions". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-06. 
  19. "Phenytoin Disease Interactions". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-06. 
  20. "Phenytoin Disease Interactions". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-06. 
  21. "Phenytoin Disease Interactions". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-06. 
  22. "Phenytoin Disease Interactions". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-06. 
  23. "Phenytoin Disease Interactions". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-06. 
  24. "Phenytoin Disease Interactions". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-06. 
  25. "Phenytoin Disease Interactions". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-06. 
  26. "Phenytoin Disease Interactions". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-06. 
  27. "Phenytoin Disease Interactions". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-06. 
  28. "Phenytoin Disease Interactions". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-06. 
  29. "Phenytoin Side Effects: Common, Severe, Long Term". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-06.