Lompat ke isi

Jotang

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Jotang
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
(unranked):
(unranked):
Ordo:
Kulawarga:
Subfamili:
Tribus:
Génus:
Spilanthes

Type species
Spilanthes urens[2][3]
Sinonim[1]
  • Spilanthus L., alternate spelling
  • Ceruchis Gaertn. ex Schreb.
  • Spilanthes sect. Salivaria DC.
  • Ceratocephalus Kuntze

Jotang (Spilanthes acinella; Spilanthes oleracea) nyaéta hiji tangkal anu asalna tina spesies Acmella oleracea kulawarga Asteraceae hirupna ngan sausum.[4] Jotang mibanda ngaran daérah/vernakular : Gatong (Minang); gletang/legetan (Jawa)[5]; kirat cerat (Madura); baga (Ternate).[6]

Pedaran

[édit | édit sumber]

Jotang kaasup kana herba, tangkalna ajeg tapi kalan-kalan aya ogé anu ngampar luhureun taneuh.[6] Daun salambar bijil sapasang pahareup-hareup, wujudna lonyod méncos ka tungtung aya ogé anu semu buleud.[6] Kembangna mejemuk/ngéntép dina pendul kelirna konéng, buahna laleutik tur hideung mibanda panjang 1–2 mm.[6] Jotang dina basa Inggris disebutna spilanthes, bagéan kembang jeung akarna geus ti baheula dipikawanoh mibanda rupa-rupa mangpaat utamana pikeun ubar nyeuri huntu.[7] Numutkeun laporan hasil panalungtikan anu dikaluarkeun ku CCHA : Chicago College of Healing Arts, bédana kandungan zat anu dipibanda ku tangkal jotang baseuh jeung garing[7] :

  • % Baseuh kénéh : 1:2, 75% W/25% ACV (Chech)
  • % Geus Garing  : 1:5, 75% w/25% ACV (Chech)[7]

Ciri Mandiri

[édit | édit sumber]

Tangkal

[édit | édit sumber]

Tangkal jotang ajeg ka luhur (decumbent) jangkung kurang leuwih 10–30 cm, kelirna héjo, sakapeung katempo semu beureum gandaria, glabrous; lemes henteu mibanda bulu (pilose) nepi ka cukup déwasa.[6][8]

Daun mibanda cupat daun (Petioles) Panjang 5–37 mm bijil sapasang kénca katuhu, kelir daunna héjo, wujudna rada lonyod 1,8-10 × 0,8-6Cm méncos ka tungtung, daun anu kakara melentis/pucuk (apeks) kelirna héjo ngora.[9] Tungtung daun rérégéan kawas ragaji.[8][9]

Kembang

[édit | édit sumber]

Kembangna konéng soliter, kerucut, panjang 6,3–13 mm kaluar tina sela-sela tangkal jeung cupat daun, upama digégél pendulna baris ngaluarkeun bau seungit tur rasana lada semu kesed (pahang),[9] di mana digayem daun atawa kembangna nimbulkeun rasa baal kana baham jeung gugusi .[6]

Siki/buah

[édit | édit sumber]

Sikina leutik pisan tur mibanda bulu panjangna 0.5-1.1 mm aya ogé anu pondok 0,3–1 mm.[9] Kelirna hideung.[6]

Kagunaan

[édit | édit sumber]

Daun Jotang mibanda zat anu disebut saponin, Flavonoid, jeung polifenol, kembangna mibanda zat spilanthol.[6] Bisa dimangpaatkeun pikeun bahan nyieun ubar, salah sahijina ekstrak Arialaceae dina jumlah 0,15 sampai 0,75% [10] bisa nimbulkeun rasa baal/kebas dina baham jeung gugusi.[9] Ku lantaran sipat ieu, tangkal jotang dimangpaatkeun pikeun ubar tradisional utamana nyeri huntu, gararing biwir, jeung infeksi dina gugusi.[9] Malahan urang Inggris mah ngalandih kana tangkal jotang téh ku sebutan Tanaman sakit gigi/toothache plant.[9] Pucuk daun jotang geus heubeul dimangpaatkeun pikeun lalab sarua baé jeung antanan, surawung,jeung anu lianna.[11]

Daftar pustaka

[édit | édit sumber]

Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. a b Flann, C (ed) 2009+ Global Compositae Checklist
  2. lectotype designated by Moore, Proc. Amer. Acad. Arts 42: 552. 1907
  3. Tropicos, Spilanthes Jacq.
  4. Jonathan Rigg (2005). "A DICTIONARY SUNDANESE". Di Fulconis, R. A Dictionary of the Sunda Language of Java. Batavia: Lange & Co. p. 178. 
  5. Penyusun Kamus PS, Tim; Yudi Haryanto , J Sugito, M.M. (2013), KAMUS PERTANIAN UMUM, Penebar Swadaya, Anggota Ikapi Perum Bukit Permai, ISBN 979-002-593-9 
  6. a b c d e f g h Hidayat, M.Si., Ir. R. Syamsul; Rodame M. , Napitupulu, S.P., M.M. (TAUN DITERBITKEUN), Kitab Tumbuhan Obat, AgriFlo (Penebar Swadaya Group), ISBN 979-002-660-9 
  7. a b c Seanna Tully; Gina Marcin (2008). "MENSTRUUM CHART". Molecular Biology and Evolution 2: 1-6. http://cagba-ahg.org/wp-content/uploads/2015/02/menstruum-chart.pdf. Diakses pada 2017-05-20.  Archived 2016-07-30 di Wayback Machine
  8. a b Hari Priyadi, Gen Takao, Irma Rahmawati, Bambang Supriyanto, Wim Ikbal Nursal, Ismail Rahman, Priyadi (2010). Five Hundred Plant Species in Gunung Halimun Salak National Park, West Java: A Checklist Including Sundanese Names, Distribution, and Use. Bogor: CIFOR. p. 1. ISBN 9786028693226. 
  9. a b c d e f g Rookmaaker, Kees (2008). "Notes on Acmella (Asteraceae: Heliantheae) in Taiwan". Notes on Acmella 49: 73–82. 
  10. Wei Wang, Harsh M. Trivedi, Mahmoud Hassan (2012-05-14). "Oral care compositions". google. https://www.google.ch/patents/US20140065080. Diakses pada 2017-05-19 
  11. Wulanindri (2005). Mutiara Srikandi. Jakarta: GUEPEDIA.