Lompat ke isi

Kacapiring

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Kacapiring
Gardenia augusta
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
G. augusta
Ngaran binomial
Gardenia augusta
(L.) Merr.

Kacapiring; Gardenia jasminoides nyaéta hiji pepelakan nu asalna tina kulawargga Rubiaceae.[1][2] Kacapiring loba dipiara pikeun pepelakan hias/papaés buruan imah atawa kantor, alatan mibanda kembang nu éndah tur seungit.[2] Kasebut pepelakan nahun, kacapiring mibanda dahan, régang sarta daun nu kerep.[2] Kacapiring pepelakan nu gampil dipelak henteu mikabutuh perhatian leuwih, utamana dina taneuh nu perenahna dina 400 mdpl.[2][1]

Kacapiring téh pepelakan nu asalna ti nagara China disebutna San tze che; zhi zi, di Vietnam disebutna danh danh; chi tur. di nagara urang mibanda ngaran daérah: meulu bruek'; raja putih (Acéh), ceplokpiring (Jawa), sang klapa (Maluku), Jempiring (Bali).[1]

Ciri mandiri

[édit | édit sumber]

Daunna rada kandel lonyod mencos katung-tung, krlirna héjo, lemes bagéan luhurna.[2] Kembangna sarimbag jeung kembang ros, kelirna bodas tur ngaluarkeun sengit nu mandiri.[2] Jangkung tangkalna kurang lewih 1 – 2 méter.[2]

Kandungan kimia

[édit | édit sumber]

Panaluntikan nu dilakukeun ku para ahli, kacapiring ngahasilkeun minyak nu disebut linalol jeung styrolyl.[2]

Hasiat pikeun ubar

[édit | édit sumber]
  1. Diabétes mellitus: 12 lambar daun kacapiring digodong maké cai duagelas, nepika sésa sagelas, mun geus tiis tuluy diinum caina
  2. Sariawan: 7 lambar daun kacapiring, tuluy dirieus nepika bubuk, tinyuh ku cai sa gelas, tuluy disaring caina. Diinum caina bisa ditambah madu jeung gula kawung saperluna
  3. Galingging panas tiris : 7 lambar daun kacapiring, tuluy dirieus nepika bubuk, tinyuh ku cai sa gelas, tuluy di saring caina. Diinum caina bisa ditambah jeung gula batu saperluna
  4. Hésé miceun: 3 siki buah kacapiring digodog ku dua gelas cai nepi ka nyésa sagelas, tuluy diinumkeun
  5. Jeung réa-réa deui[2][1]

Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. a b c d Dalimartha, Setiawan (2008). Atlas tumbuhan obat Indonesia, Volume 3. Jakarta: Niaga Swadaya. p. 30. ISBN 9789793235738. Diakses tanggal 14 Februari 2020. 
  2. a b c d e f g h i A.N.S, Thomas (1989). Tanaman obat tradisional, Volume 2. Jakarta: Kanisius. p. 21. ISBN 9789794138090. Diakses tanggal 14 Februari 2020.