Kanyéré

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh
Kanyéré
Daun jeung buah kanyéré
Klasifikasi ilmiah
Karajaan: Plantae
Order: Malpighiales
Kulawarga: Phyllanthaceae
Tribe: Bridelieae
Génus: Bridelia
Spésiés: B. stipularis
Ngaran binomial
Bridelia stipularis
(L.) Blume
Sinonim
  • Bridelia dasycalyx Kurz
  • Bridelia dasycalyx var. aridicola Kurz
  • Bridelia scandens (Roxb.) Willd.
  • Bridelia stipularis var. ciliata Gehrm.
  • Bridelia stipularis subsp. philippinensis Jabl.
  • Bridelia zollingeri Miq.
  • Clutia scandens Roxb.
  • Clutia stipularis L.
  • Ziziphus racemosa Wall.

Kanyéré (Bridelia stipularis) nyaéta hiji tangkal tina genus Bridelia anu mibanda jangkung bisa nepi ka 8–20 méter, hirup di daérah tropis jeung subtropis di sisi basisir, daunna bisa dimangpaatkeun pikeun ubar nyeri beuteung.[1] Tangkal kanyéré asalna tina kulawarga Phyllanthaceae.[2]

Pedaran[édit | édit sumber]

Tangkal kanyéré mibanda sababaraha rupa spésiés diantarana, Bridelia insulana (Sinonim : Bridelia minutiflora, Bridelia penagiana, Bridelia subnuda), Bridelia stipularis,Bridelia tomentosa (sinonim : Bridelia glabrifolia; Bridelia lancifolia; Bridelia monoicis).[1] Kanyéré mibanda ngaran daérah/vernakular saperti di Malaysia disebut kenidai, kenidai babi, cenderai gajah, samak jambu.[1] Di Indonésia mah kanyéré téh katelah Kandri kebo, kanyéré aroi, koto-koto, kutu kebo.[1]

Ciri mandiri[édit | édit sumber]

Tangkal kanyéré bisa hirup nepi ka jangkung 18 méter tur mibanda buleudan tangkal nepi ka 90 sénti méter, watek kai tangkal kanyéré mah sanajan teuas tapi leuleus liat.[3] [4] Kapanggih hirup di Malaysia, Vietnam, ogé Thailand.[3] Daunna lonyod kelirna héjo, tur méncos katungtungna ukuran 12 cm x 6.2 cm pucuk daun anu kakara bijil kelirna gandaria.[3] Buah laleutik kelirna héjo hérang bijil sapasang tina tangkal deukeut cupat daun, cupat kembangna parondok, panjang kembangna ngan 1 mm, benang sari kembang nyelap leutik dijerona,[3] kelirna semu héjo tur di luhurna semu gandaria.[5] Buahna leutik,lonyod tingtungna méncos.[3]

Kagunaan[édit | édit sumber]

Ditempo dina farmakologisna tina ieu genus geus ditaluntik sanajan tacan dipaluruh leuwih jero, mibanda sipat antiinflamasi, antimikroba.[3] Tapi dalah ti kitu ieu tangkal geus heubeul dimangpaatkeun pikeun ubar herbal anu mibanda rupa-rupa kagunaan.[6] Di India ieu tangkal ngahaja dipelak anu dimangpaatkeun pikeun meresihan huntu ogé ngubaran rupa-rupa panyakit séjénna anu aya disabudeureun baham.[6] Daunna ogé bisa digodog tuluy diinum caina bisa dimangpaatkeun pikeun ngubaran kasakit mah (maag) atawa nyeuri beuteung.[3] Pikeun ubar luar daunna bisa dibebek nepi ka lembut tuluy ditaplokeun kana reheut atawa bareuh,[3] akarna bisa digodog tuluy diinum caina pikeun ubar nyareri awak atawa cararangkeul.[3] Baheula mah buah kanyéré téh dipaké kaulinan barudak, pikeun pélor susumpitan anu dijieun tina awi atawa tamiang gedéna mah kurang leuwih sagedé curuk atawa patlot panjangna sabuku.[7] Dipaké ogé pikeun pélor pepeletokan anu dijieun tina solobong awi.[7]

Tutumbu kaluar[édit | édit sumber]

Daftar pustaka[édit | édit sumber]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. a b c d Ong, Hean Chooi (2006), Tumbuhan liar: khasiat ubatan & kegunaan lain, PRIN-AD SDN.BHD, ISBN 967-61-1630-0 
  2. "Bridelia stipularis". theplantlist. 26 Méi 2013. Diaksés ping 15 Méi 2017. 
  3. a b c d e f g h i Wiart, Christophe (2006). Medicinal Plants of the Asia-Pacific: Drugs for the Future?. London: World Scientific Publishing Co. Pte. Ltd. ISBN 981-256-341-5. 
  4. Jonathan Rigg (1862). "Dictionary". Sunda Language. Batavia: Lange & CO. p. 217. 
  5. R., Carl (2000). Ilocano Dictionary and Grammar: Ilocano-English, English-Ilocano. London: World Scientific Publishing Co. Pte. Ltd. ISBN 0-8248-2088-6. 
  6. a b Sachidananda Mallya, Sudeendra Prabhu, Maji Jose, Shrikara Mallya. "Anticandidal effect of extract of Bridelia stipularis". Anticandidal effect of extract of Bridelia stipularis 1 (9): 106-107.
  7. a b Muchtar Affandi (R.) (1997). "Mulangkeun Panineungan". Mulangkeun Panineungan. London: Padjajaran University]]. p. 17. 


Nulis.jpg