Karéta api Mutiara Timur
Pidangan
| Mutiara Timur | |
| KA Mutiara Timur ninggalkeun Stasion Surabaya Gubeng | |
| Informasi | |
| Sistem | Karéta api jarak jauh |
| Kelas | Éksekutip-Ékonomi AC Prémium |
| Status | Beroperasi |
| Lokal | Daop 9 Jember |
| Stasion terminus | Surabaya Pasarturi Surabaya Gubeng Ketapang |
| Operasi | |
| Dibuka | 1971 |
| Dipiboga ku | Kereta Api Indonesia |
| Operator | Daérah Operasi IX Jember |
| Lokomotip | CC201, CC203, CC206, BB304 |
| Data téhnis | |
| Lébar sepur | 1.067 mm |
| Gancangna operasional | 65-90 km/jam |
Karéta api Mutiara Timur nyaéta karéta api kelas éksekutip-ékonomi AC Prémium anu ngalayanan rute Stasion Surabaya Pasarturi/Stasion Surabaya Gubeng - Stasion Ketapang (Banyuwangi).[1] Karéta ieu dioperasikeun ku Daérah Operasi XI Jember.[1]
Spésifikasi karéta
[édit | édit sumber]| Lintasan lalampahan | Ketapang – Surabaya Gubeng/Surabaya Pasarturi pp. |
|---|---|
| Lokomotip | CC201/CC203 |
| Susunan rangkéan | 1 karéta bahasi (B) + 4 karéta kelas éksekutip (K1 2018 BW) + 1 karéta makan (M BW) + 3 kareta kelas ékonomi prémium (K3 2018 BW) + 1 karéta pembangkit (P BW)
|
Stasion nu dilayanan
[édit | édit sumber]- Stasion Ketapang (Banyuwangi)
- Stasion Banyuwangi Kota
- Stasion Rogojampi
- Stasion Temuguruh
- Stasion Kalisetail
- Stasion Kalibaru
- Stasion Kalisat
- Stasion Jember
- Stasion Rambipuji
- Stasion Tanggul
- Stasion Klakah
- Stasion Probolinggo
- Stasion Bangil
- Stasion Sidoarjo
- Stasion Surabaya Gubeng
- Stasion Surabaya Pasarturi (Sabagian akhir lalapahan KA ieu)
Nuluykeun perjalanan ka Bali
[édit | édit sumber]Biasana aya sababaraha urang anu nuluykeun perjalanan ka Bali sabada naék KA Mutiara Timur, sabada nepi di Banyuwangi, tuluy naék bus DAMRI jurusan Dénpasar, kitu ogé sabalikna.[1]
Jadwal
[édit | édit sumber]Dina sapoé, KA Mutiara Timur dijalankeun 4 kali, beurang jeung peuting.[1] Jadwal anu leuwih lengkepna tingali di wikipédia basa indonésia
Insidén
[édit | édit sumber]- Dina tanggal 11 Juni 2014 karéta api Mutiara Timur nabrak treuk Mitsubishi Fuso nopol L 8981 UX di palintasan Jalan Jemursari, Surabaya.[2] Akibatna, lokomotip jeung gerbong logistik (bahasi) anjlok.[2] Perjalanan ka Banyuwangi kapaksa dialihkeun ngaliwatan rute séjén, nyaéta liwat Stasion Tarik.[2]
Tingali ogé
[édit | édit sumber]Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ a b c d Informasi dan jadwal KA Mutiara Timur (id) diakses tanggal 27 Januari 2016
- ↑ a b c Kompas: Truk Tertabrak di Pelintasan, KA Mutiara Timur Lanjutkan Perjalanan Pakai Rute Lain (id) diakses tanggal 28 Januari 2016
Tumbu kaluar
[édit | édit sumber](id) Situs resmi PT Kereta Api Indonesia Archived 2016-12-07 di Wayback Machine
| Artikel ngeunaan karéta api ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |