Katongkat

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Katongkat
Gloriosa rothschildiana 01.jpg
Gloriosa superba
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
(unranked):
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Gloriosa

Spésiés:
G. superba
Gloriosa superba

Katongkat; Gloriosa superba; Kembang sungsang (id) nyaéta hiji tutuwuhan ngarambat anu asalna tina kulawarga Colchicaceae, genus Gloriosa.[1]

Ciri mandiri[édit | édit sumber]

Areuy katongkat panjangna bisa nepika 2.5 méter, régangna pajégar tur henteu buluan.[2] Daunna nunggal nyebar méh pasinghareup-singhareup.[2] Ieu tutuwuhan loba kapanggih hirup méh disakabéh kapuloan Indonésia, hirup ngarambat kalayan mibanda beuti anu mangpaatna pikeun kalumangsungan hirup ieu tutuwuhan mangsa usum halodo tarik. Beutina ngandung racun, sanajan kitu bisa dimangpaatkeun pikeun ubar.[2]

Katongkat kembangan di mana manjing usum hujan, kaasup tutuwuhan terna anu umur hirupna nahun. Ieu tutuwuhan mikaresep daérah anu negrak tur katojo ku cahaya panonpoé, hirup ti mimiti daérah basisir nepika tonggoh 300 méter luhureun beungeut cai laut.[2]

Ieu tutuwuhan remen dimangpaatkeun salaku tutuwuhan hias di pakarangan, alatan mibanda kembang anu méncrang sarta wujudna béda tinu lian.[2]

Ngaran daérah[édit | édit sumber]

Katongkat mibanda ngaran daérah anu béda-béda: Kembang jonggrang; kembang kuku macan (Jakarta), Kembang sungsang; dongkel sungsang; mondalika; pancing tawa (Jawa), Mandhalika (Madura), Mandalika (Bali)

Habitat/ekologi[édit | édit sumber]

Di [Australia]], katongkat remen katempo hirup di sisi basisir kiduleun Queensland jeung New South Wales" [3]. Dianggap hama alatan hirup ngababadeg nutupan basisir, ogé ngabalukarkeun weureu/karacunan pikeun rupa-rupa sato utamana manuk.[2]

Ngabinihkeun[édit | édit sumber]

Katongkat bisa direkahkeun kujalan dipelak tina sikina, sikina anu teuas bisa disimpen 6 nepika 9 bulan" [4]. Bisa ogé dipelak tina beutina anu geus kolot, beutina diruang deui kutaneuh engké baris bijil deui sirungna[5].

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. Heyne, K. (1913). DE NUTTIGE PLANTEN VAN NEDERLANDSCH-INDIË. Library New York Botanical Garden: RUYGROK & Co BATAVIA. p. 468. Diakses tanggal (disungsi) 1 Januari 2022. 
  2. a b c d e f Dalimarta, Setiawan (2007). Atlas Tumbuhan Obat Indonesia. Jakarta: PT Niaga Swadaya. p. 54. ISBN 9789793235738. Diakses tanggal (disungsi – 1 Januari 2022). 
  3. (Csurhes & Edwards, 1998; pp. 164-165)
  4. (Narain, 1977, cited in Csurhes & Edwards, 1998; pp. 164-165)
  5. (Smith, 1979; pp. 141-142)
Nulis.jpg