Lompat ke isi

Ki ambang

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Ki ambang atawa kayambang (Salvinia molesta) nyaéta tutuwuhan anu hirupna ngambang luhureun cai.[1] Kaasup kana kulawarga paku-pakuan anu asalna tina genus Salvinia.[1] Loba kapanggih hirup ngambang di sawah, situ, balong, sakapeung katempo ogé di susukan anu kabawa palid ti sawah.[2][3]

Ki ambang aya dua rupa, anu ngabedakeunna taya lian ti daunna.[1] Anu ka hiji daunna semu buleud, ngampar luhureun cai, kelirna héjo (Mibanda klorofil), kalawan luhurna dilimpudan ku bulu-bulu semu bodas.[4] Ieu anu ngabantu daun ki ambang salawasna garing tur bisa ngambang luhureun cai.[1] Anu ka dua daunna di jero cai wangunna ceplés kawas akarna, henteu mibanda klorofil, gunana sarua jeung akar.[1] Taya lian pikeun nyerep hara anu aya di jero cai.[1] Anu teu apal mah ieu téh disangka akarna.[3] Sarua jeung paku-pakuan anu Séjéna, ki ambang ogé henteu mibanda kembang.[1][4] Ki ambang ogé mibanda sipat ''heterospor'', mibanda dua tempat ''spora'': ''makrospora'' nu engkéna pijadieun ''protalus'' bikang tur ''mikrospora'' anu engkena pijadieun ''protalus'' jaluna.

Kagunaan

[édit | édit sumber]

Ki ambang mah henteu mibanda kagungan ekonomi anu gedé, kajaba dikumpulkeun pikeun dijieun gemuk (humus), sakapeung dijieun pepelakan hias pikeun balong anu aya di buruan atawa ogé aquarium.[1] Ki ambang mah gancang pisan ngarekahan, umpama hidup di balong atawa situ tara kungsi lila sok minuhan nepika nutupan beungeut cai.[2] Aya hiji papatah malayu cenah "biduk berlalu, ki ambang bertaut", pihartieuna sabada gangguan anu ngaliwat, tanwandé kaayaan pasti balik deui tenang kawas sasari.[1] Sawaréh lauk malahan kaganggu hirupna mangsa ki ambang minuhan beungeut cai, utamana lauk tawés.[2] ku lantaran hésé ngambekan jeung karagok ku akarna anu ngagarantung.[2]

Ki ambang loba mibanda kalium dina wangun kalium klorida jeung kalium sulfat ogé zat pait anu baris leyur kana cai, di tempat manéhna hirup.[3] Ki ambang dimangpaatkeun pikeun gemuk pepelakan ogé minangka gaganti mulsa anu ditunda disagigireun pepelakan, sangkan taneuhna henteu gancang garing.[2][3] Tapi sagigireun ti éta, ki ambang ogé bisa dimangpaatkeun pikeun ubar.[1] Cai godogan daun ki ambang dipercaya bisa ngubaran batuk anu dibarengan ku getih, diabétés, sfilish, ogé bisa ngubaran bunghak alatan asup angin.[1] Malahan panalungtikan anu kungsi diayakeun ku BPPT Jambi, ki ambang téh bisa jadi salah sahiji bahan pikeun nyieun bio gas.[5]

Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e f g h i j k Suraya, Nor (2008). 1001 Misteri Alam. Selangor: Buku Prima. ISBN 9789833669592. 
  2. a b c d e Pengetahuan, Ilmu (1982). Sari karangan Indonesia, Volume 1. University of California: Lembaga Ilmu Pengetahuan Indonesia. p. 34.  Diaksés Ping 26 Séptémber 2017
  3. a b c d Chooi Ong, Hean (2006). Tanaman hiasan: khasiat makanan & ubatan Siri terapi alami. Selangor: Utusan Publications. ISBN 9789676118929. 
  4. a b Zapino, Tomi (1982). Sari karangan Indonesia, Volume 1. Jakarta: Penerbit Andi. p. 12. ISBN 9789792913972.  Diakses Ping 26 September 2017
  5. Energi, Pertambangan (2007). Empat puluh tahun peranan pertambangan dan energi Indonesia. Universitas Michigan: Departemen Pertambangan dan Energi. p. 412.  Diaksés Ping 26 Séptémber 2017



Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan