Lompat ke isi

Ki tambleg

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Ki tambleg
Tangkal ki tambleg Afrika (Adansonia digitata) di Bagamoyo, Tanzania, deukeut ruruntuk Kaole
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
(unranked):
(unranked):
Ordo:
Kulawarga:
Subfamili:
Génus:
Adansonia

Spésiés

Baca Bab spésiés

Adansonia, baobab, atawa nu di Pasundan katelah ki tambleg nyaéta génus dalapan spésiés tangkal pituin Madagaskar (genep spésiés), Afrika jeung Semenangjung Arab (hiji spésiés), jeung Australia (hiji spésiés).

Pedaran

[édit | édit sumber]

Ukuran tangkal ki tambleg bisa ngahontal 5–30 m, anapon diaméter batangna 7–11 m. Ki tambleg Glencoe - spésimén ki tambleg Afrika di Propinsi Limpopo, Afrika Kidul, dianggap conto bungkeuleukan nu pangbadagna, kurilingna nepi ka 47 m[2]. Diaméterna kira-kira 15,9 m. Ceuk sakaol, umur ki tambleg bisa nepi ka rébuan taun, tapi teu bisa dipastikeun.

Spésiés

[édit | édit sumber]
Ki tambleg Adansonia digitata ngora di Hyderabad, India.

Nyerep cai

[édit | édit sumber]

Ki tambleg neundeun cai dina kaina nu 'bareuh' (nepi ka 120.000 l)[4].

Mangpaat

[édit | édit sumber]
Panjang buahna 18 cm

Ti 2008, ki tambleg mimiti diulik pikeun kaperluan konsumsi[5][6]. Di Afrika (Malawi, Zambia, Zimbabwé, jeung Sahel), daunna biasa didahar salaku lalab atah atawa tipung nu digaringkeun. Di Nigéria, daunna nu katelah kuka sok diangeun[7]Citakan:Verify credibility.

Kandungan giji buahna kaitung onjoy, ku sabab vitamin C-na leuwih loba batan jeruk jeung kalsiumna leuwih loba batan susu sapi[8]. Daging buahna dibubur atawa dicampur jeung susu, atawa dijus[8]. Di Zimbabwé, buah nu dina basa Shona katelah mawuyu geus ti baheula biasa didahar. Buahna ogé bisa dijieun krim tartar[9].

Siki ki tambleg biasa dipaké keur pangentel sop, tapi ogé bisa dipeuyeum jadi bungbu, disangray, atawa digiling diala minyakna.

Rujukan

[édit | édit sumber]
  • The Baobab's official website, Baobab (en)
  1. "Genus: Adansonia L." Germplasm Resources Information Network. United State Department of Agriculture. 2008-11-12. Diaksés tanggal 2011-01-14.
  2. "Big Baobab Facts". Diaksés tanggal 2008-01-08. Archived 2008-01-06 di Wayback Machine
  3. "GRIN Species Records of Adansonia". Germplasm Resources Information Network. United State Department of Agriculture. Diaksés tanggal 2011-01-14.
  4. "The Baobab tree in Senegal". Diaksés tanggal 2008-10-01. Archived 2008-10-04 di Wayback Machine
  5. "Scientists predict African fruit trees could help solve major public health problem". Bioversity International. Diaksés tanggal 2008-10-01. Archived 2007-08-13 di Archive.today
  6. Hills S. "Baobab goes for GRAS ahead of 2010 World Cup" Archived 2010-05-27 di Wayback Machine FoodNavigator.com-USA, 30 Séptémber 2008
  7. http://blog.notcutts.co.uk/latest-articles/2010/9/13/the-oldest-trees-in-the-world.html Archived 2011-08-12 di Wayback Machine – The oldest trees in the world (access date 2010-09-13)
  8. 1 2 "New exotic fruit to hit UK shops". BBC. 2008-07-15. Diaksés tanggal 2008-07-15.
  9. "Baobab tree -- a miracle of nature". Geo-Images Project. October 2000. Diaksés tanggal 2010-02-12. Archived 2010-01-31 di Wayback Machine

Bacaan salajengna

[édit | édit sumber]